CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

KARINDING



Nurutkeun Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, karinding téh nyaéta ngaran tatabeuhan tina awi atawa hinis palapah kawung nu ipis pisan. Karinding lamun rék diupaké gigirna dicepét ku biwir luhur jeung handap saperti argol jeung harusna ku hawa anu diseuseup jeung digeboskeun ku sungut; supaya sorana bisa luhur-handap lamun éta karinding keur ngeleter nu nganteng di tengah-tengah karinding lantaran hawa diseuseup atawa digeboskeun, tungtung beulah katuhu sok ditoélan lalaunan sangkan ngeleterna beuki gancang atawa ngendoran; soara nu kaluar tina karinding lalaunan tapi ngeunah kadéngéna matak nengtremkeun haté; aya ogé karinding nu dijieunna tina beusi leutik; karinding di urang ayeuna méh teu aya (2006: 322).

Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).

Cara Nabeuhna

Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).
Mangpaatna
Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge botik.

http://su.wikipedia.org/wiki/Karinding
http://galuh-purba.com/seni-karinding-ulah-kingkin/