CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

JANGJAWOKAN

Jangjawokan pelet

Samping aing kebat lereng
Ditilik tigigir lenggikDiteuteup tihareup sieup
Mikaeunteup mikasieup
Mangka eunteup mangka sieup
Ka awaking
Awaking ratu asihan
ti lihur kuwung kuwungan
tihandap teja mentrangan
Ditilik titukang lenggik
Ditilik tigigir sieup
mangka enteup mangka sieup
Asih...Asih...Asih...Asih...
Asih kabadan awaking.

Rarakan nyai pohaci
hihid kekeper iman
nyiru tamprak ning iman
dulang ketuk ning iman
parangko bengker ning iman
hawu dungkuk ning iman
suluh solosod ning iman
seeng kukus ning iman


Jangjawokan Asihan

 Asihan aing asihan semar mésem
Ingkang semar reyeh-reyah
Dina keusik caurik
Di imah tinggokah
Jantungna ratug inget ka badan awaking
Peuting kumalingking
Siang matak kapiraray
Asih asih asih
Ka badan awaking__________________________

Jangjawokan Sangkan Sora Halimpu


Ngarah Sora Halimpu
Kulu-kulu suara Nabi Daud
Ini wong kara ini wong kari
Narajang marang ka randa
Mengpelengan kecéwéné
Seuweu ratu koma rusuh
Seuweu ménak koma hayang
Nya aing suara Nabi Daud téh
Mangka welas mangka asih
Sing asih ka awaking wong sajagat kabéh____________________________


Jangjawokan Nyeupah


Seureuh seuri
Pinang
nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay
Cucunduking aing taruk harendong
Cucunduking aing taruk paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup


Jampe Nyimpen Beas

Mangga Nyi Pohaci
Nyimas Alame Nyimas Mulane
Geura ngalih ka gedong manik ratna inten
Abdi ngiringan

Ashadu sahadat panata, panetep gama
Iku kang jumeneng lohelapi
Kang ana teleking ati
Kang ana lojering Alloh
Kang ana madep maring Alloh
Iku wuju salamaet ing dunya
Salamet ing akherat

Asahadu anla ila haileloh
Wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah
Abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa
Nyanggakeun sangu bodas sapulukan
Kukus konéng purba herang
Tuduh kang seseda tuhu
Datang ka sang seda herang
Tepi ka kang seda sakti
Nu sakti neda kasakten
Neda deugdeugan tanjeuran

Jampe Ngisikan (kukumbah béas):

Mangga Nyimas Alene Nyimas Maulene
Geura siram dibanyu mu’min
Di Talaga Kalkaosar
Abdi ngiringan
Nyi Pohaci Budugul Wulung
Deui jail babawaan kaula
Heug

Nyi Pohaci Barengan Jati
Kalakuan jail kaniaya
Ka Nyi Pohaci Sukma Jati
heug

budak hareeng


bismilahirohmanirohim

tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng

ceup tiis 3x
Nyarang Hujan
bismilahirohmanirohim

nini raspati jaya ning angin

embah buyut dalem jaya kusumah,,,,
:: bari nahan nafas baca 7 x
jampe Nguseup
nini beutekuk hulu

aki betekuk hulu

nu mondok di gowok cadas

sor blenong 3x

kirim aing cacing kuning

tali na rantay emas

jol aing jol sia

ah lauk 3x
arateul alatan tangkal anu merang
bismilahirohmanirohim

Hantu daun baruang tangkal

di ala ku sang kuda putih

hurip

waras


Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara, nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palias
istan palias
SINGLAR ANU JAIL KANIAYA
Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg


Jampe NYERI BEUTEUNG
sanjati tli ari2
Peujit pabeulit puseur pacangreud
Dibeungkeut ku tali kincir
Dikeureut ku hinis putih
Tiis dingin tali purna
Hurip waras
Hurip waras
Hurip waras
Waras hurip!

Jampe nu Gering
Kaula deuk ngabuktikeun nu nulis diri, mukakeun wekasan badan Si…..(sebat ngaran nu gering nyambung ka INDUNG BAPANA)
Asl cai anu putih
Lain cai anu putih
Ngaguruntul geus jadi balung
Ngagerentel geus jadi hate
Ka luhur embun-embunan
Ka handap jadi sari jadi rasa
ADI SARI MANGUN RASA


RAJAH SAWAN
NINI KUNJUNG AKI KUDUYUNG
CELEMBENG CELENG PALEMBANG
CELENG TIMBUL TI MALAYU
UNDUR MUNGUNDUR HUNYUR
DITUTUG KU TAMIANG PUGUR
DITUJAH KU TAMBE-TAWA
DITALIAN KU AREUY BULU
DITEUKTEUK KU KUJANG POTONG
DIKAITKEUN KANA WARU CONDONG
TEBEH TIMUR CAH BURANCAH
PAKEMPEL-KEMPEL
RAJAH NGABABAKAN / NEANG PIHUMAEUN
NAY USUK-USUK BUMI
AKI USUK-USUK BUMI
MANYUSUP BUMI PAKUAN SRI ANGKO WULU
TUMPUK TIMUR TATAR WETAN
NYA DI DIDIEU LMAH PUTIH PIPAREEUN
SRI BANGBENG SRI BUJANG
KA KIDUL ISTAN
ISTAN