Ku DHIPA GALUH PURBA
Panganteur:
DI
wewengkon Kampung Bojong, Désa Sukasari, Kacamatan Sukasari, Kabupatén
Sumedang, aya hiji makam anu leuwih dipikawanoh “Makam Teukteuk
Beuheung”. Nepi ka kiwari, éta makam téh masih kénéh aya. Malah
nurutkeun béja, éta makam téh minangka pangjugjugan sawatara jalma anu
boga niat jeung kahayang. Loba di antarana anu ngahajakeun meuting di
éta makam, kalayan mibanda tujuan rupa-rupa. Saha sareng urang mana
sabenerna anu dikurebkeun di éta makam? Kumaha sasakalana nepi ka
disebut Makam Teukteuk Beuheung? Dina “Lagénda Pasundan” édisi ieu,
dipedar sasakala “Makam Teukteuk Beuheung” anu sumebar di masarakat
sabudeureun Sukasari. Hapunten bilih aya nami anu kasabit atanapi tempat
anu kasebat, éstuning sakadar kaleresan, da tujuan anu utamana ogé mung
ngaabadikeun carita rahayat kalayan neuleuman pesen moral dina éta
carita. Tangtos baé sajabana ti carita anu sumebar téh, dipapaés deui,
dipapantes, dipasieup, tug dugi ka (kahoyong mah) matak ngirut sadaya
anu kaleresan anu maca. Ku ayana kitu, ieu carita kalebet kana sasakala,
sanés sajarah. Wilujeng ngalenyepan.
KACATURKEUN
dua lalaki anu keur apruk-aprukan nyorang leuweung luwang-liwung,
maluruh laratan kadal meteng. Ari anu dimaksud kadal meteng téh taya
lian liang cai anu rohaka. Dumasar kana katerangan anu jadi guruna, dina
kadal meteng téh aya hiji pusaka mangrupa keris sakti tutungkusan
Ponggang Rumangiang, anu katelah sakti mandraguna, anu ngageugeuh
tutugan gunung Ciremai. Puguh baé, upama kadal meteng geus kapaluruh,
éta liang cai téh kudu diteuleuman nepi ka katimu.
Demi
dua lalaki anu keur meujeuhna hanaang ku pangaweruh téh taya lian
Santoso jeung Barjo. Adi lanceuk. Santoso lanceukna, Barjo adina. Jauh
dijugjug anggang ditéang, babarengan nyukcruk mustika Ponggang
Rumangiang, anu mibanda kakuatan linuhung.
“Kakang, urang téh geus lunta sakieu jauhna, tapi kadal meteng téh tacan kungsi kapanggih laratanana. Naha kumaha lalampahan urang satuluyna?’ kitu ceuk Barjo bari gék diuk handapeun tangkal ki hujan.
“Geus
kapalang, Ki Adi! Ayeuna mah ulah pugag lalampahan, da lara balangsak
geus kasorang. Tadi peuting, akang ngimpi anu pikabungaheun…” témbal
Santoso.
“Kumaha, kakang? Cik, caritakeun éta impian téh?” Barjo curinghak.
“Sabenerna
impian akang téh aya anu pikabungaheun jeung pikaketireun, éstuning
impian anu kacida ahéngna…” Santoso ngarénghap panjang lir anu hayang
miceun sakur bangbaluh anu ngabeungbeuratan pikiranana.
“Saé didadarkeun baé, kakang! Abdi tos henteu kiat, hoyong ngupingkeun éta impian…” Barjo bangun teu sabar.
“Dina
impian tadi peuting, akang téh manggih katerangan yén ieu patempatan
téh ngaranana Sampih. Ari kadal meteng téa, teu jauh ti ieu patempatanb.
Nya akang téh leumpang mapay jalan satapak nepi ka anjog ka hiji situ.
Di dinya, akang nyaksian kadal meteng di sirah éta situ. Barang akang
rék muru ka lebah kadal meteng, ngadadak aya hiji mahluk anu
pikainggiseun…”
“Lajeng, kumaha, akang?”
“Éta
mahluk téh gedé kabina-bina kadia buta héjo. Panonna merong, neuteup
seukeut ka akang, siga nu rék ngerekeb. Puguh baé akang téh soak. Komo
deui basa…” Santoso ngarandeg, semu nu asa-asa.
“Lajengkeun, akang! Abdi hoyong terang…”
“Kieu, Ki Adi, akang ogé banget ngarasa héran, sabab dina éta impian téh ujug-ujug aya ki adi…”
“Palih mana anu matak héranna, kakang?”
“Enya,
ki adi mah siga anu teu sieun ku éta mahluk téh. Malah éta mahluk téh
kalah ocon jeung ki adi. Anéh, ki adi teu bisa diélingan. Antukna akang
lumpat, hayang geura-geura anjog ka kadal meteng. Hanjakal…”
“Hanjakal kumaha, akang?”
“Saméméh
akang nepi ka kadal meteng, akang kaburu hudang.” Santoso mungkas
lalakon impianana. Sakedapan mah duanana teu lémék teu nyarék, kalah
ngumbar lamunan séwang-séwangan. Tapi teu lila, Barjo cengkat bari ngararasakeun beuteungna anu mimiti kukurubukan.
“Kang, hayu urang milarian katuangan. Apan tos tilu dinten urang teu acan karereban nanaon…” pokna Barjo.
“”Kitu hadé, Ki Adi. Tapi di lebah mana kira-kirana anu loba bungbuahan?”
“Ah,
ulah milarian bungbuahan baé, Kang. Mending kénéh ka palih ditu,
milarian walungan. Mamanawian baé aya tiasa ngala lauk…” ceuk Barjo bari nunjuk ka beulah wétan. Santoso unggeuk bari cengkat. Tuluy duanana ngaléngkah, ninggalkeun éta patempatan.
Bras
ka sisi walungan nu caina ngagulidag. Duanana ngarandeg. Katara paroman
Barjo anu némbongkeun rasa bungah. Demi Santoso mah kalah ngahuleng,
semu anu bingbang.
“Tah, geuningan aya walungan, Akang. Keun abdi nu badé marak lauk mah…” pokna Barjo.
“Ki Adi, moal ogé meunang! Éta tingali sakitu cai ngagulidagna!”
“Pasti bakal meunang, Kang!”
“Ah, moal kalah kumaha ogé. Mending kénéh néangan walungan séjén!”
“Naha ari akang mani teu percanten ka abdi téh?”
“His,
lain teu percaya, tapi geus kasawang, moal pimucekileun marak lauk di
dieu mah. Pék teukteuk beuheung akang, lamun ki adi bisa meunang lauk!”
Ukur
sakédét nétra, Barjo ngagajleng ka walungan. Puguh baé Santoso
ngaranjug, tapi teu bisa kumaha deui, da puguh adina teu bisa dicarék.
Malah Santoso beuki ngaranjug basa adina hanjat deui bari ngajingjing lauk aya kana tilu tiiran.
“Tah, akang, abdi kénging lauk! Janten, wayahna beuheung akang badé ditenget ku abdi…” kitu pokna Barjo bari ngalugas gobang.
“His, nanaonan ari ki adi?” beungeu Santoso ngadadak sepa, tuluy undur-unduran.
“Apan
tadi saur akang, upami abdi kénging lauk, beuheung akang tenget…!”
Barjo teu bisa diajakan badami deui. Barjo teu sadar, basa manéhna
teuleum ka walungan, aya dedemit anu ngancik kana dadadana, anu
saterusna ngahasud Barjo pikeun neukteuk beuheung lanceukna.
Nyaksian
kaayaan adina anu hamo diélingan deui, antukna Santoso luncat,
ninggalgeun éta patempatan. Beretek lumpat satakerna. Puguh baé amarah
Barjo beuki ngahéab. Lauk anu tilu tiiran mah dibalangkeun, laju ngudag lanceukna bari ngabar-ngabar gobang.
Santoso anjog ka hiji kebon
awi. Sadar kaayaan dirina anu diudag ku adina, Santoso buru-buru
nyalingker ka dapuran awi tamiang (isuk jaganing géto. Éta patempatan
téh bakal dingaranan Citamiang). Barjo ogé anjog ka kebon awi, kalayan
awong-awongan nangtang lanceukna.
“Kang
Santoso! Ulah sambat kaniaya! Bongan Kang Santoso ménta diteukteuk
beuheung, nya ayeuna mangsana beuheung Kang Santoso kudu ditigas ku ieu
gobang! Sok, geura ka luar! Ulah nyumput di dinya!” kitu cenah bari ngaléngkah ka lebah panyumputan Santoso.
Santoso
beuki soak. Antukna lunta deui, lumpat sataker kebek, nyingkahan balai
anu datang ti adina sorangan. Katara beungeut Barjo mani beureum lir
beusi atah beuleum awahing ku ambek alatan lancukna ngejat deui.
Jajauheun kana capé, Barjo ngudag Santoso bari ngamang-ngamang gobang.
Anjog
ka hiji palataran anu lénglang, Santoso ngarandeg, tuluy ngalieuk.
Bréh, Barjo anu masih kénéh dilimpudan hawa panghasut dedemit.
“Ki adi, heup, eureun heula!” Santoso ngalahir (isuk jaganing géto, ieu patempatan téh baris dingaranan Ciwalahir).
“Aya naon, Kang Santoso? Naha geus sadrah diteukteuk beuheung?” Barjo ngarandeg, bari angger ngamang-ngamang gobang.
“Nanaonan ki adi téh? Ieuh, sing éling, naon untungna neukteuk beuheung akang?”
“Ah, bongan kahoyong Kang Santoso éta mah! Hayu ka dieu, urang teukteuk beuheung téh!”
“Ki adi, apan urang téh dulur pet ku hinis, sagetih, saturunan. Naha ki adi téga maéhan akang?”
“Abdi mah sanés badé maéhan, Kang Santoso! Abdi mah sakadar neukteuk beuheung akang. Apan sasur akang ogé, ari jangji téh kudu ditedunan!” Barjo keukeuh kana pamadeganana.
Santoso
teu wasa nyarita nanaon. Antukna ngaberetek deui, ninggalkeun éta
palataran. Puguh baé Barjo henteu cicingeun, langsung ngaberik lanceukna
seja neukteuk beuheungna. Santoso ngagajleng ka hiji batu di
satengahing walungan. Dina éta Palahlar, Santoso mépélingan deui adina.
Tapi adina kalah luncat kana palahlar, nyusul lanceukna. Dina kaayaan
kitu, Santoso buru-buru ngajorélat ninggalkeun éta patempatan. Anjog ka
hiji pasir, Santoso teu weléh mépélingan adina. Santoso ngamadali ti
lebah luhur, sangkan adina buru-buru éling (isuk jaganing géto, ieu
patempatan téh bakal dingaranan Cipadali).
Barjo
keukeuh teu bisa dibadamian. Langit mimiti angkeub, siga nu milu
hanjelu ku ayana ketak Barjo. Teu pati lila, Santoso anjog ka hiji
patempatan dina kaayaan dilimpudan rasa kabingung (isuk jaganing géto,
ieu patempatan bakal dingaranan Cipadayungan). Ti dinya, Santoso nanjak
kalayan mimiti ngahégak lantaran ngarasa lungsé. Ari anu ngudagna mah
kalah beuki jagjag waringkas. Buktina dina waktu sakédét nétra ogé, geus
bisa nyusul Santoso.
“Sok, geura sadrah ayeuna mah Kang Santoso! Wayahna éta beuheung bakal ditenget ku abdi!” pokna Barjo.
Santoso
teu bisa lumpat deui, da puguh ampir béakeun napas. Antukna Santoso
ucul-ucul mukaan pakéanana. Barjo kerung, ngarasa héran kana pamolah
lanceukna.
“Nanaonan Kang Santoso kalah muka baju?” Tanya Barjo.
“Ki
Adi, pék bawa pakéang akang. Apan akang mah ukur boga pakéan sarapet
awak. Tapi… muga ki adi ulah neukteuk beuheung akang!” kitu témbal
Santoso bari ngadangkak dibarung rénghap ranjug (Isuk jaganing géto, ieu
patempatan téh baris dingaranan Cidangkak).
“Teu
tiasa, Kang Santoso! Abdi mah teu peryogi baju! Abdi mah tetep bakal
nenget beuheung Kang Santoso, da Kang Santoso nyalira anu nuhunkeun…”
Barjo enyaan watekna gurat batu, pamadeganana teu bisa dirobah deui.
Ngan sakilat, Barjo ngaheumbatkeun gobangna, nojo kana beuheung Santoso.
Belentrang! Sora pakarang diadu. Manahoréng gobang Barjo ditangkis ku
pedang anu dicepeng ku hiji wanoja geulis camperenik tanding widadari.
“Saha anjeun? Naha pipilueun kana urusan kuring?”
“Ki sana, anjeun teu meunang nandasa jalma anu geus teu walakaya. Kuring anu katelah Nyai Sukasari…”
“Nyai Sukasari?”
“Bener, kuring moal ngantepkeun anjeun nuluykeun lampah anu sakitu codéka!”
“Ha
ha ha…! Marukana kuring sieun, Sukasari! Najan anjeun kakoncara hiji
wanoja anu luhung, tapi kuring moal mundur sasiku, moal ngejat satunjang
béas!” réngsé nyarita, séak Barjo narajang Sukasari. Mungguhing wanoja
anu mibanda kasaktian linuhung, Sukasari ukur ngagiwar ka kénca bari
ngaheumbatkeun pedangna. Belentrang, koléang, gobang Barjo mecleng.
Dina
kaayaan kitu, Santoso ngumpulkeun sésa kakuatanana bari cengkat. Sabot
Barjo balangah, beretek deui baé lumpat, ninggalkeun Barjo. Ari Barjo
masih kénéh campuh adu bégalan pati jeung Nyai Sukasari.
DINA hiji kaempetan, peureup Nyai Sukasari nenggel pisan kana hulu angen Barjo. Getih beureum, ka luar tina biwir Barjo.
“Sok, lamun masih kénéh aya kawani, maju deui!” kitu ceuk Nyai sukasari.
Barjo teu némbalan, da rumasa katétér jajatén. Euweuh deui pilihan, iwal ti ngejat ninggalkeun pakalangan.
Kacaturkeun
Santoso anu keur apruk-aprukan, nyingkahan adina. Léngkahna ngadadak
eureun, lantaran aya nu ngolébat bari tuluy ngabedega di hareupeunana.
“Nyai… Nyai Sukasari…!” pokna Santoso semu anu cangcaya kana téténjoanana.
“Bener
pisan, kuring Nyai Sukasari. Ku ayana kitu, anjeun teu kudu ngarasa
salempang,” témbal Nyai Sukasari bari ngaléngkah, muru ka lebah Santoso.
“Nyai, nuhun pisan kana pitulung nyai. Cacak lamun teu aya nyai…”
“Teu kudu kaleuleuwihi, Kang Santoso! Sabenerna aya sawatara perkara anu kudu ditepikeum ka anjeun!” pokna.
“Ké, ké, naha ieu téh mani asa ku rareuwas pisan. Sumangga, Nyai, naon anu badé didugikeun téh?”
“Kuring rék nyaritakeun perkara Mustika Ponggang Rumangiang anu ngancik di kadal meteng!”
Ngadéngé caritaan Nyai Sukasari, puguh baé Santoso ngaranjug, tapi teu kungsi kedal ucap nanaon.
“Anjeun
teu kudu ngaranjug, sabab kuring geus apal kana pamaksudan anjeun jeung
adi anjeun. Sabenerna, mustika Ponggang Rumangiang ukur bisa kacangking
ku hiji wanoja anu geus rarabi. Lamun ku anjeun atawa adi anjeun mah,
éta mustika téh moal kapanggih nepi ka iraha ogé…”
Sakedapan
Santoso ngahuleng ngaraga meneng. Tapi teu lila, pok nyarita, “Lamun
kitu mah, tangtu Nyai pisan anu baris nyangking éta mustika téh…” pokna
Santoso.
“Mémang bener, kuring sanggup neuleuman kadal meteng kalayan manggihan mustika Ponggang Rumangiang. Tapi…” teu kebat nyaritana.
“Tapi? Tapi kumaha, nyai?”
“Hanjakal pisan kuring tacan rarabi…”
“Sarat
anu kalintang gampilna éta mah, nyai. Apan nyai téh sakitu
camperenikna. Pamohalan upama teu aya lalaki anu kataji ku nyai…”
“Mémang
anu hayangeun ka kuring mah loba. Tapi kuring kudu jatukrami jeung hiji
jajaka tulén, teu meunang jajaka akon-akon. Anjeun ogé pasti apal,
jaman kiwari mah kacida banggana néangan jajaka anu enya-enya jajaka téh…” kitu pokna bari neuteup seukeut ka Santoso.
Santoso
ngahuleng ngaragameneng. Ras inget ka dirina anu geus rarabi, malah
geus boga turunan. Teu lila, Santoso imut, lantaran inget ka adina anu
tacan rarabi jeung tacan kungsi heuheureuyan jeung wanoja.
“Nyai Sukasari, upama nyai moal bendu, kuring bisa nuduhkeun hiji jajaka anu enyaan masih kénéh jajaka,” kitu ceuk Santoso.
“Saha jeung urang mana?”
“Adi kuring, Nyai, Ki Barjo, anu tadi rék nandasa kuring…” témbal Santoso. Puguh baé Nyai Sukasari ngaranjug.
“Sabenerna
kuring teu kataji ku adi anjeun. Tapi lamun pusaka Ponggang Rumangiang
henteu buru-buru kacangking, kuring hariwang sieun kapanggih ku jalma
anu mibanda niat codéka ka sasama manusa…” pokna Nyai Sukasari.
“Nuhun,
nyai. Ayeuna kénéh kuring rék nyusul adi kuring…” ceuk Santoso pinuh
kayakinan. Manéhna boga harepan, susuganan adina bisa éling.
“Ari anjeun teu sieun dirogahala ku adi anjeun?”
“Rupina kuring satékah polah bakal mépélingan adi kuring…”
“Hadé lamun kitu mah. Bral, anjeun geura miang. Bawa adi anjeun ka dieu!”
Teu loba
carita deui, Santoso ninggalkeun Nyai Sukasari, seja maluruh laratan
Barjo. Méh sapoé jeput, Santoso apruk-aprukan, tapi kakara kapaluruh
mangsa wanci sariak layung. Barang srog, paamprok, katara Barjo semu anu
bungah naker. Demi Santoso tetep waspada, bisi adina ngabongohan.
“Kang Santoso, sukur lamun akang nyampeurkeun kuring. Sigana ayeuna mah akang geus sadrah pikeun diteukteuk beuheung téa nya…”
“Duh… ki adi, cik atuh geura éling! Nanaonan ieu téh?” témbal Santoso bangun ngalengis, ménta dipikarunya ku adina.
“Sakali deui, abdi mah seja nohonan kapalay Kang Santoso anu hoyong ditenget beuheung!” pokna Barjo tandes.
“Ki adi, sabenerna akang datang ka dieu téh seja nepikeun béja anu pikabungaheun…”
“Béja naon téa, Kang Santoso?”
“Ki
adi baris dikawinkeun ka Nyai Sukasari. Sabab éta téh minangka sarat
pikeun nyangking Mustika Ponggang Rumangiang…” pokna Santoso.
“Ha ha ha…! Kuring mah teu percaya, Kang Santoso! Pikeun kuring, taya deui béja anu pikabungaheun iwal ti Kang Santoso sadrah…”
”Barjo! Anjeun téh adi kuring! Naha mani henteu ngajénan pisan ka nu jadi lanceuk!”
”Barjo! Anjeun téh adi kuring! Naha mani henteu ngajénan pisan ka nu jadi lanceuk!”
“Apan
ieu ogé demi ngajénan ka Kang Santoso. Sakali deui, anu nuhunkeun
diteukteuk beuheung téh apan Kang Santoso. Nya… kuring seja tumut kana
pamundut nu jadi lanceuk…”
“Nya ari kitu mah, taya deui jalan iwal ti nyorang jalan pamungkas…”
“Kumaha maksad Kang Santoso?”
“Lamun ki adi geus teu bisa diélingan, hayu urang balitungan baé di dieu!”
“Ari
kedahna mah ulah balitungan sagala, da éta mah henteu kalebet jangji
akang. Tapi ari Kang Santoso anu ngajak balitungan, piraku abdi kedah
mundur. Ieu ogé seja nohonan kapalay Kang Santoso. Hayu urang
balitungan!”
Teu
antaparah deui, Barjo nyebrut bari ngabarkeun gobangna. Santoso
ngagiwar bari malik narajang. Der, balitungan, adu bégalan pati kalayan
campuh naker (isuk jaganing géto, ieu patempatan téh baris dingaranan
Cibitung). Sanajan Santoso nyiar tarékah pikeun nalukkeun adina, tapi
bubuhan Barjo mah ditumpangan ku dedemit, antukna Santoso ampir katétér
jajatén, méh teu walakaya ngayonan amarah adina. Dina kaayaan sarupa
kitu, taya deui jalan pikeun Santoso iwal ti lunta nyingkahan
pibahlaeun. Jleng, jorélat, Santoso ninggalkeun pakalangan. Barjo teu
éléh géléng, kolébat, séak, ngudag Santoso.
Méh
babarengan, duanana anjog ka handapeun tangkal ki hujan. Santoso
ngaranjug, sabab éta patempatan téh tétéla Sampih téa. Tempat basa
Santoso jeung Barjo mimiti reureuh tur nyorang alam peuting. Tempat
Santoso nyorang impian anu sakitu ahéngna. Ras Santoso kana impianana,
ngadadak muringkak bulu punduk. Rét, ka lebah Barjo anu ngaléngkah bari ngabar-ngabar gobang, rék neukteuk beuheungna.
“Kang Santoso, ayeuna mah moal aya kasempetan ngejat deui. Wayahna, beuheung Kang Santoso baris diteukteuk ayeuna kénéh!”
“Ki
Adi, lamun mémang teu bisa dihalangan deui mah, pék geura sorang sakur
anu dipikahayang. Ayeuna akang sadrah, moal lunta deui. Tapi…”
“Naon deui, Kang Santoso? Pék, geura kedalkeun, bilih aya kapanasaran mah, meungpeung ieu gobang tacan nigas beuheung akang…”
“Ki
Adi, pangnepikeun sembah sujud akang ka indung bapa urang. Béjakeun,
hampura akang, anu tacan bisa mulangkeun kanyaah nu…” teu kebat
nyaritana, sabab gobang Barjo kaburu ngolébat, nigas beuheung Santoso.
Harita kénéh, Santoso ngemasing pati. Bareng jeung éta, dedemit nu
ngancik dina dada Barjo mani ocrak. Geus kitu mah, dedemit téh hiber
bari nyikikik matak muringkak bulu punduk.
“Kang Santoso…! Kang Santoso…! Duh… naha ieu téh jadi kieu? Hampura abdi, Kang Santoso…” Barjo
kakara éling kana naon rupa anu geus dipilampah ku dirina. Rasa
kaduhung ngalimpudan dina satungkebing dada. Tina kaduhung, brasna
nyalahkeun diri sorangan. Sabot kitu, teu kanyahoan Nyai Sukasari geus
ngabedega hareupeun Barjo.
“Dasar anjeun mah jalma anu taya ras-rasan! Lanceuk anjeun anu sakitu béla ka anjeun, kalah dipergasa!” pokna Nyai Sukasari.
“Duh…
hampura, nyai. Duka kumaha, kuring ogé teu ngarti…” Barjo ngagabrug
layon Santoso, tuluy diceungceurikan. Ningali kaayaan kitu mah, Nyai
Sukasari mimiti léah.
“Barjo, sukur lamun anjeun ngarasa kaduhung mah, tandana anjeun geus sadar kana ketak anu geus dipilampah. Mimiti ayeuna, anjeun kudu ngubur tapak, kalayan jangji moal ngalakukeun deui perkara anu sarupa kitu…”
“Duh… Nyai, tobaaaat…!” cimata Barjo bedah maseuhan pipina, ngeclak kana layon Santoso.
“Lamun
kitu, hayu urang kurebkeun ieu layon lanceuk anjeun. Sanggeus kitu,
kuring rék ngajak babadamian ngeunaan mustika Ponggang Rumangiang…”
pokna Nyai Sukasari.
Barjo cengkat. Kop kana gobang anu saméméhna dipaké nigas Santoso.
“Kang Santoso… hampura abdi…” kituna téh bari
nyabetkeun gobangna, nigas beuheungna sorangan. Barjo ogé paragat
nyawa. Layonna patunjang-tunjang. Puguh baé Nyai Sukasari ngaranjug,
tapi teu kungsi bisa nyieun ketak nanaon, da kajadianana ukur dina waktu
sakédét nétra.
“Barjoooo….!” Nyai Sukasari ukur bisa ngajerit bari meungpeun.**................di cutat ti,,,http://galuh-purba.com