
Kh Abdul Halim (1887-1962) pituin urang leuwimunding-majalengka, dipercaya jadi agamawan(pangbantu) dina untuyan pangurus nu munggaran.kacatet dina dokumen organisasi.
Satemenna ngaran aslina mah otong syatori, sabada munggah haji, ganti ngaran jadi hj.abdul halim dumasar kana eusi ensiklopedia islam, abdul halim dina umur 10 taun geus lancar maca al qurân, ngaguru ka sababaraha kyai di jawa barat jeung jawa tengah nepi ka umur 22 taun. Dina selang-selang nyuprih elmu di pasantren, inyana diajar ngabuniaga, dagang batik, minyak seungit, jeung kitab-kitab pangajaran agama.
Nincak umur 22 taun, inyana munggah hajiu ka mekkah
sakalian neuleuman elmuning kaislaman. Inyana ngamukin di mekkah salila 3
taun. Nya didinya tepung jeung kh. Abdul wahab abdulllah, salkahsaurang
inohong nu (nahdatul ulama)dina taun 1328 h sarua jeung 1911 m.inyana
mulang ka lemah cai.
Pikeun ngawujudkeun
cita-citana,munggaran abdul halim ngadegkeun majelis elmu (1911) pikeun
atikan agama dina wangun nu basajan di hiji tajud nu dijieun tina awi
didinya inyana ngajar santri-santrina.
Keur
ngantebkeun lengkah garapanana, dina taun 1912 inyana ngadegkeun
organisasi nu dingaranan “ hayatul qulub†ngaliwatan ieu organisasi
abdul halim mekarkeun inovasi atikan sakalian aktif dina widang ekonomi
jeung kamasrakatan.
Rerencepan pamarentah
kolonial walanda neundeun mata-mata pid(polisirasiah)ngawaskeun
sepakterjang jeung gerakan abdul halim jeung nu sejenna nu dicuruga.
Taun 1915 organisasi nu dipingpin ku abdul alim teh dibubarkeun, sabab
dianggap jadi bibitbuitpacengkadan, utamana antara cina jeung pribumi.
Teu eleh geleng, tanggal 16 mei 1916 abdul halim ngadegkeun jamiah
ianah al-mutaalimin, mangrupa usaha mekarkeun widang atikan.
Inyana nyambungkeun hubungan jeung jam'iyah khair jeung al-irsyad di
jakarta. Pamarentah walanda nganggap ieu pakumpulan teh bisa ngagorogot
wibawa pamarentah, sabab nempo pangbagea rahayat nu antusias. Nya dina
taun 1917 ieu pakumpulan teh dibubarkeun deui.
Kalawan
pangrojong ti hos cokroaminoto 9harita jadi presiden sayarekat
islam)dina taun eta keneh abdul halim ngadegkeun persyarekatan ulama.
Ieu pakumpulan teh diaku ku pamarentah kolonial dina tanggal 21 desember
1917. Antukna ieu pakumpulan teh sumebar ka sakuliah jawa madura taun
1924. Dina taun 1937 sumebar sa nusantara. Keur ngarojong hirupna
organisasi utamana dina sektor waragad, abdul halim mekarkeun usaha dina
widang tatanen, taun 1927 meuli tanah 2,5 hektar, disusul ku ngadegkeun
percetakan taun 1930.
Teu angeus nepi ka dinya,
taun 1939 ngadegkeun deui cabang usaha pabrik tinun, jeung sababaraha
usaha lianna. Sangkan usaha tetep renggenek, inyana nganjurkeun ka
guru-guru sangkan daek neundeun saham sakamampuhan sewang=sewangan.abdul
halim oge ngadegkeun yayasan yatim pahatu, nu ngurusna diserenkeun ka
organisasi kaum ibu, fatimiyah.
Karasa perluna
mere bekel kaparigelan pieun hirup ka anakdidikna, abdul halim
ngadegkeun sakola/pasantren gawe babarengan, nu dingaranan santi asromo,
harita bulan april 1942, tempatna di desa pasir ayu, kacamatan
sukahaji, kabupaten majalengka.taun 1942 keneh abdul halim ngarobah
persyerikatan ulama jadi persatuan umat islam indonesia (puii), tuluy
jadi perstuan umat islam (pui) nu puseurna di bandung
Jaba
ti aktif ngurus organisasi pui inyana aktif dina sababaraha kagiatan
politik ngalawan pamarentah kolonial walanda. Taun 1912 kungsi jadi
pamingpin syarekat islam cabang majalengka, taun 1928 jadi pangurus
majelis ulama nu diadegkeun syarekat islam.
Inyana
ge jadi pangurus miai (majelis islam agama indonesia) nu ngadeg taun
1937 di surabaya, sanggeus miai dirobah jadi masyumi(majelis syuro
muslilim indonesia)1943, inyana jadi salahsaurang pangurusna. Taun 1945
ianyana jadi anggota bpupki (badan penyelidik usaha persiapan
kemerdekaan indonesia) taun 1955 jadi anggota knip (komite nasional
indonesia) jeung jadi anggota konstituante.
Ku
babaturanana abdul halim dipiwanoh jalma nu basajan, nyaahan,
ngutamakeun jalan damey dina ngarengsekeun pasualan, batan jalan kasar.
Taun
1940 bareng jeung kha ambari, ngadep ka adviseur voor indische zaken,
dr.gf.pijper di jakarta,ngasongkeun sababaraha tungtutan pikeun
kapentingan umat islam. Basa kajadian agresi walanda taun 1947 bareng
jeung rahayat oge tentara mundur ka padesan pikeun nyusun strategi
ngalawan walanda. Inyana nolak pisan ngadegna nagara pasundan nu
diadegkeun walanda taun 1948. Inyana mulang ka rohmatulloh taun 1962.
Saha Abdul Halim Teh?
Abdul
Halim, KH. (Pituin urang Desa Cibolerang, Kecamatan Jatiwangi,
Majalengka, 4 Syawal 1304/26 Juni 1887-Desa Pasirayu, Kecamatan
Sukahaji, Majalengka, 1381 H/1962 M). Ulama besar jeung tokoh
pembaharuan di Indonesia, khususnya dina widang atikan dan
kamasyarakatan, nu mawa corak khas dina mangsana. Ngaran aslina nya eta
Otong Syatori. Sangeus munggah haji, ganti ngaran jadi Abdul Halim.
Putra KH. Muhammad Iskandar, panghulu Kawadanan Jatiwangi, ibuna Hajjah
Siti Mutmainah binti Imam Safari. Abdul Halim teh bungsu ti dalapan
dulur. Inyana nikah ka Siti Murbiyah, putri KH. Mohammad Ilyas, pajabat
Hoofd Penghulu Landraad Majalengka (sabanding jeung kepala Kandepag
Kapubaten ayeuna). Abdul Halim di didik agama ti leuleutik, dinaumur 10
taun geuslancar maca Qur'an, tuluy nyantri ka sababaraha kyai di Jabar
jeung Jateng nepi ka umur 22 taun.Kyai nu mimiti diguruan nya eta KH
Anwar di pondok pasantren Ranji Wetan Majalengka. Wetan, Majalengka ,
tuluy pipindahan ti hiji pasantren ka pesantren lianna. Nyuprih elmu di
unggal pesantren antara 1 nei ka 3 tahun. Kacatet sababaraha kiai nu
jadi guruna,di antarana KH. Abdullah di Pesantren Lontangjaya, desa
Penjalin, Kacamatan Leuwimunding, Majalengka; KH. Sijak di Pesantren
Bobos, Kacamatan Sumber, Cirebon; KH. Ahmad Sobari di Pesantren Ciwedas,
Cilimus, Kuningan; KH. Agus di Pesantren Kedungwangi, Pekalongan, Jawa
Tengah; tuluy balik deui ka Pesantren Ciwedus. Dina sela-sela kahirupan
pesantren, Abdul Halim nyempetkeun diri ngabuniaga, seperti dagang
batik, minyak wangi, dan kitab-kitab pelajaran agama. Ieu pengalaman
dagang mangaruhan lengkah-lengkah hirupna, dina upaya ngarombak sistem
ekonomi masyarakat pribumi.
Umur 22 tahun Abdul
Halim indit ka Mekah ngalaksanakeun ibadah haji sakalian neuleuman elmu
agama. Inyana ngamukim salila 3 tahun. Eta kasempetan dipake miwanoh
jeung diajar ia i tulisan-tulisan Sayid Jamaluddin al-Afgani jeung
Syeikh Muhammad Abduh. Pikeun neuleuman pangaweruh agama, inyana diajar
ka Syeikh Ahmad Khatib, imam jeung khatib Masjidil haram, jeung ka
Syeikh Ahmad Khayyat, harita inyana panggioh jeung KH. Mas Mansyur ti
Surabaya (tokoh Muhammadiyah) tur sKH. Abdul Wahab Hasbullah (tokoh
Nahdatul Ulama). Kakara dina taun 1328 H/1911 M Abdul Halim mulang ka
Indonesia.
Di sagigireun ngawasa basa Arab,
inyana diajar bassa Walanda ti Van Houven (salahsaurang Zending Kristen
di Cideres) jeung basa Cina ti urang Cina nu mukim di Mekah. Ku
pangalaman pendidikan jeung tukeur pikiran jeung para tokoh, boh di
luar atawa di jero nagri, Abdul Halim beuki anteb tur teguh dina
prinsip. Inyana embung nyaluuh ka pamarentah Walanda. Basa ku mertuana
ditawaran jadi pagawe pamarentah, inyana nolak..
Binarung
bekel sumanget juang tur tekad nu kuat, samulangna ti Mekah, inyana
mimiti mitembeyan ngayakeun tur ngbina ekonomi jeung ahlak rahayat, Luyu
jeung hasil panalungtikan tur konsultasinya jeung sababara urang tokoh
di Jawa. Usaha nu diplampahna ngaliwatan jalur pendidikan (at-tarbiyah)
jeung panataan ekonomi (al-iqtisadiyah).
Pikeun
ngantebkeun lengkah gerakanana Abdul Halim ngadegkeun pakumpulan Hayyatul Qulub.taun 1912, nu anggotana diiluan ku unggal unsure
masrakat, kayaning patani, padagang, santrij uengtokoh masrakat.
Lengkah-lengkahna
ngawengku dalapan widang nu disebut Islah as-Samaniyah, islah
al-aqidah (atikan widang aqidah), islah al-ibadah (atikan widang
ibadah), islah at-tarbiyah (widang pendidikan), islah al-ailah (widang
keluarga), islah al-adah (widang kebiasaan), islah al-mujtama
(masyarakat), islah al-iqtisad (widang perekonomian), jeung islah
al-ummah (widang hubungan umat dan tulung-tinulungan).
Laun
tapi pasti, organisasi yang dipingpina bias ngomean kaayaan masrakat
leutik masyarakat kecil. Nempo eta kamajuan turhasil nu dihontalna,
pemerintah kolonial Walanda mimiti curiga.Ti harita eta pakumpulan resmi
dibubarkeun, tapi gerakana mahangger lumangsung
Disagigireun
ngamekarkeun widang atikan, Abdul Halim oge ngelegaan usaha widang
dakwah. Salawasna ngayakeun hubungan jeung sababaraha organisasi sejenna
di Indonesia, saperti jeung Muhammadiyah di Yogyakarta, Sarekat Islam,
dan Ittihad al-Islamiyah (AII) di Sukabumi. Inti dakwahnya ngukuhkeun
ukhuwah Islamiah (kerukunan Islam) kalawan penuh cinta kasih, usaha
nembongkeun syiar Islam, keur ngusir penjajahan. Dina s widang aqidah
jeung ibadah amaliah Abdul Halim menganut paham ahlussunnah
waljama’ah, nu dina fikihnya nuturkeun paham Syafi,iyah.
***Ensiklopedi Islam Jilid I, Jakarta: Ichtiar Baru van Hoeve, cet-11,
2003, hal. 12-14)