Pasiruengit
teh nya eta nami lembur atanapi desa di wilayah kacamatan paseh
kabupaten sumedang.teu pati ageung wewengkon desa namah tur di bagi aya
pasireungit tonggoh aya pasireungit landeuh oge cantilan cantilan
mangrupi wewengkon wewengkon alit sapertos parigi sareng cinanjung
...pasireungit sanes ngandung hartos pasir panonoban reungit nanging
numut keun sepuh kapungkur cenah mah pasireungit teh asal tina kecap
paser leungit perkawis sajarah na atanapi cikal bakal na mah ke
uranggali sanes waktos....di pasireungit mah aya hiji katuangan anu
namina oncom didamel na tina kacang suuk diproses ku para ahlina anu
tangtos na nganggo bahan bahan sareng samara tur resep anu pinilih
...nya
janten weh oncom pasireungit,oncom pasiruengit teh geuningan tos ka
koncara kaceluk kaawun awun..da buktos na urang darah anu wewengkona di
luar kabupaten sumedangge arapaleun ka oncom pasireungit teh sapertos
ka bandun majalengka cirebon oge dugi ka luar jawa..raosna kumaha
atuh,,nya eta kulantaran raos na anu benten ti oncom sanes sareng ka
asliana nu ngajanten keun kasohor ka mana mana...sareng na oncom
pasireungit mah dina ngolah na teu sa ukur di damel sambel tapi rupi
rupi aya oge kiripik na sareng rupi rupi olahan katuangan tina oncom
tah iyeu rupa Oncom atah anyar nyitak
tah iyeu Kacang suuk paling hade bahan utama oncom,tapi omat jalmi nu nuju milihan suuk na mah teu kalebet bahan oncom,hehehe
tah
iraha iraha mun nyaba ka ka sumedang mampir ka pasireungit nyandak oleh
oleh Oncom pasireungit anu kawentar rasa jeng ka aslianana......cag