Nurutkeun inpo anu kapanggih di loka Manfaat Buah anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Manfaat Kulit Buah Pisang, dijéntrékeun ngeunaan sababaraha mangpaat cangkang cau. Mangpaat anu kapanggih tina cangkang cau diantarana wGeningan lain ngan ukur cauna wungkul anu miboga mangpaat pikeun jalma téh. Da cangkang cauna ogé aya mangpaatna hususna pikeun kaséhatan jalma. Lamun cauna mah didahar langsung, sedengkeun cangkangna mah bisa dipaké pikeun ngubaran panyakit ku jalan anu husus. Jadi lain ngan ukur bisa dipaké pikeun parab domba wungkul cangkang cau téh.
aé:
- Bisa dipaké ngubaran ateul kulit kusabab dicoco reungit.
- Ngubaran éwateun.
- Ngubaran panyakit kulit anu disebut psoriasis.
- Pikeun ngarerepkeun nyeri sirah ku jalan diantelkeun kana tarang.
- Ngurangan kulit anu péot, ku jalan ngabebek cangkang cau terus ditamplokeun kana kulit anu péot.
- Ngubaran peurih dina kulit kusabab kaduruk atawa raheut. Carana kulit anu raheut atawa peurihna diantelan cangkang cau.
- Pikeun ngaleungitkeun kutil anu leutik. Kutil leutik bisa leungit sanggeus saminggu nepikeun ka dua minggu.

Salian pikeun kaséhatan, cangkang cau ogé bisa dipaké pikeun ngahérangkeun cai anu kacampuran ku zat timbal atawa tambaga. Zat ieu lamun asup kana awak bakal ngaganggu kana kaséhatan awak. Tah, lamun cai anu kacampuran ku ieu zat saperti cai peureu, bisa maké cangkang cau pikeun meresihanana. Carana gampang. Cangkang cau téh dikeureutan sina jadi laleutik, terus asupkeun kana cai anu kacampuran zat anu tadi téa. Teu kudu merlukeun waktu anu lila pikeun meresihan caina. Sakeudeung ogé zat timbal atawa tambaga anu nyampur kana cai téh bakal diserep ku cangkang cau. Cangkang cau urutna masih kénéh bisa dipaké sababaraha kali, nepikeun ka sapuluh kalina
.
.