CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka
Tampilkan postingan dengan label Babad sajarah. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Babad sajarah. Tampilkan semua postingan

ASAL USUL SUNDA

 Teu saeutik urang Sunda anu can manggih hartina Sunda, kumaha mimitina, naon sababna disebut Sunda, jeung teu sadar yen ngaran wewengkon Sunda teh sabenerna mah ayeuna geus leungit deui. Can aya kacaritakeun inohong Sunda anu kabeuratan ku leungitna ngaran wewengkon Sunda atawa Pasundan. Malah nepikeun ka ahli sajarah Sunda oge lolobana lamun nulis buku anu eusina sajarah di wewengkon Sunda make judul Sajarah Jawa Barat. Aya naon jeung kunaon nepikeun ka kitu, padahal eusina jelas-jelas samemeh ngadegna Propinsi Jawa Barat, sedengkeun anu disebut Jawa Barat mah henteu ngawakilan Tatar Sunda segemblengna.

Pamakéan istilah Sunda ayeuna hésé dibédakeun kalayan istilah Jawa Kulon, mindeng dicampur adukan, padahal sacara histori ngabogaan sajarah anu béda. Kadua istilah kasebut ngalaman parobahan pengertian sarta penafsiran, ku kituna mindeng lumangsung kekeliruan sarta keragu-raguan dina pamakéanana, utamana sabot istilah Sunda ngan dikonotasikan politis, dianggap sukuisme, ku kituna kapaksa istilah Sunda dina perkumbuhan sosial sarta budaya kudu digantian jeung sebutan Jawa Kulon.

TAPAK LACAK NAGARA SUMEDANG LARANG BAKAL AYA DI DASAR SAGARA JATIGEDE

Baheula mah Sumedang teh katelahna nagara Sumedang Larang, anu jadi poko ngadegna nagara Sumedang Larang teh nyatana Prabu Resi Cakrabuana atawa nu katelah Prabu Tajimalela anu jeneng raja di taun 950-an (abad ka 10 ).
Nu munggaran ngadeg katelahna nagara Tembong Agung anu puseur dayeuhna di Leuwihideung pernahna di Kac Darmaraja. Numutkeun Layang Darmaraja Prabu Tajimalela teh kagungan putra tilu nu kahiji katelahna Prabu Lembu Agung nu kadua Prabu Gajah Agung nu katilu Sunan Geusan Ulun. Harita jaman karajaan mah anu jadi raja teh turun tumurun ka anak incu, ujaring carita harita ge Prabu Tajimalela nimbalan ka putrana anu dua Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung supaya daek jadi raja.

Kyai Haji Abdul Halim

(KH Abdul Halim, inohong nu milu ngadegkeun Nahdlatul Ulama meunang pangajen Pahlawan Nasional, dina Jumaah tanggal 7 nopember 2008)
Salahsaurang Inohong Sunda Nu Milu Ngadegkeun NU Taun 1926 Di Surabaya
Kh Abdul Halim (1887-1962) pituin urang leuwimunding-majalengka, dipercaya jadi agamawan(pangbantu) dina untuyan pangurus nu munggaran.kacatet dina dokumen organisasi.
Satemenna ngaran aslina mah otong syatori, sabada munggah haji, ganti ngaran jadi hj.abdul halim dumasar kana eusi ensiklopedia islam, abdul halim dina umur 10 taun geus lancar maca al qurân, ngaguru ka sababaraha kyai di jawa barat jeung jawa tengah nepi ka umur 22 taun. Dina selang-selang nyuprih elmu di pasantren, inyana diajar ngabuniaga, dagang batik, minyak seungit, jeung kitab-kitab pangajaran agama.
Nincak umur 22 taun, inyana munggah hajiu ka mekkah sakalian neuleuman elmuning kaislaman. Inyana ngamukin di mekkah salila 3 taun. Nya didinya tepung jeung kh. Abdul wahab abdulllah, salkahsaurang inohong nu (nahdatul ulama)dina taun 1328 h sarua jeung 1911 m.inyana mulang ka lemah cai.
Pikeun ngawujudkeun cita-citana,munggaran abdul halim ngadegkeun majelis elmu (1911) pikeun atikan agama dina wangun nu basajan di hiji tajud nu dijieun tina awi didinya inyana ngajar santri-santrina.
Keur ngantebkeun lengkah garapanana, dina taun 1912 inyana ngadegkeun organisasi nu dingaranan “ hayatul qulub” ngaliwatan ieu organisasi abdul halim mekarkeun inovasi atikan sakalian aktif dina widang ekonomi jeung kamasrakatan.

Cadas Pangeran Baheula

PARA korban pangwangunan Jalan Raya Daéndéls di wewengkon Cadaspangéran ngangluh duméh maranéhna asa teu diajénan jeung asa teu diurus. TEPIKEUN  ka taun 1950-an mah, sakur kandaraan anu ngaliwat ka Cadaspangéran sok ngalungkeun rampé atawa seuseungitan, atawa duit jeung roko, teuing naon maksudna. Ngan ceuk Aki Sasmita urang Ciséda mah, lamun tas ngalungan, panumpang anu lalar-liwat di Cadaspangéran téh haténa sok ngarasa reugreug.
“Sabab harita, samangsa jalan Cadaspangéran  jembet kénéh ku kakayon, bangsa lelembut di éta tempat remen némbongan, matak reuwas nu ngaliwat,” ceuk Aki Sasmita. Jaman harita, sababaraha kali kandaraan tigorobas murag kana jungkrang, tur supir ngaku saméméhna mireungeuh anu meuntasan jalan. Mun teu kitu, supir sok ngarasa, jalan téh lempeng ngabulungbung, padahal sabenerna nikung.
Ari urang Ciséda séjénna, nyaéta hiji lembur leutik, handapeun jungkrang, make aya anu ngimpi kadatangan  ku korban proyék jalan Cadaspangéran. Cenah para korban pangwangunan jalan Cadaspangéran jamanna Gupernur Jénderal Daéndéls téh asa teu diajénan, dipopohokeun ku jalma jaman kiwari.
“Padahal maranéhna téh sasat jaradi korban pangwangunan. Ari ayeuna nu lalar-liwat téh saeutik gé teu inget ka kami,” ceuk  salah sahiji korban dina impian uirang Ciséda téh.
Tina hasil obrolan jeung urang Ciséda, , mun jaman dipulangkeun deui kana 196 taun kaliwat ( ieu artikel medal dfina Majalah Ujung Galuh No.4 Taun 2006), bréh baé kagambar pangalaman jeung suka-duka rayat Sumedang dina babakti nyieun proyék jalan di Cadaspangéran antara taun 1808-1811.
Ari nu nyieun jalan téh,mémang tanaga kasarna mah bangsa pribumi. Jalan raya anu dijieun sapanjang 1000 km ti Anyer (Banten) tepika Panarukan (Banyuwangi) téh, geus ditebus ku késang jeung getih bangsa pribumi anu harita keur dijajah ku Belanda.
“Mung anu pangseueurna korban jiwa mah nyaéta rahayat Sumedang anu mantuan nyieun jalan di palebah Cadaspangéran kiwari,” ceuk Aki Sasmita.
Ukur ku jalma jaman ayeuna katelahna Cadaspangéran téh sabab ari baheula jaman keur ditugar mahkatelahna Leuweung Geumbeut.
“Disebut Cadaspangéran mah béh dieu, nyaéta keur  ngajénan Pangéran Kornél, Dalem Sumedang anu mingpin éta proyék,” ceuk Aki Sasmita.
Kawas anu geus dipedar dina sajarah, disebut Cadaspangéran téh sanggeus aya pangbéla ti Pangéran Kornél ka para pagawé nu mantuan proyék jalan.
Di palebah Leuweung Geumbeut mah, kaayaan téh kacida hara-haraeun. Pagawé kudu meulah cadas anu teuas jeung nangtawing, mangkaning ari alat-alat kacida basajanna. Ari urang Belanda anu nitahna jiga anu teu hayang nyaho kasusah rayat.
Pangéran Kornél ngarasa tugenah ku polah Belanda. Ceuk catetan sajarah, basa Daéndéls ngaroris Leuweung Geumbeut, tur ngajak sasalaman, ku Pangéran Kornél ditampanan ku leungeun kénca, ari leungeun katuhu nyekel keris. Sakurang-kurangna kitu ceuk catetan sajarah malah parat jadi legenda anu kasohor di Sumedang.
Sohor sotéh Bupati Sumedang, da ari rahayatna mah ukur jaradi “pahlawan tak dikenal”. Aya kurang-leuwih 200 korban tiwas, boh ku panyakit, boh ku kalaparan, boh ku disiksa Belanda. Aya anu jasadna dibawa ka lemburna, aya anu langsung dikurebkeun di sisi jungkrang jeung lolobana mah,diantep kitu baé, nyaéta anu maot tigorobas ka handapeun jungkrang.  ( Tina lalakon Simedang di sarungsumku fauzisalaka)

Carita Sindangkasih

Ku, Didi Supriyadi
Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula, ngenaan silsilah atawa cikal bakal carita Nyi Rambut Kasih sok sanajan aya sababaraha versi carita rahayat ngenaan Nyi Ambet Kasih atawa Nyi Rambut Kasih salah sahiji nu rek kukuring dipedar, numutkeun carita para pujangga sunda, sareng sesepuh urang nu masih jumeneng, jeung nu geus teu aya dikieuna, miheulaan ninggalkeun urang nu masih kumeledang di alam marcapada nu masih ngarandapan rasa lapar, hareudang, tiris, turta panas jeung lian-liana.
Baheula ditatar pasundan leuwih merenahnamah di daerah kabupaten majalengka, kungsi aya sababaraha karajaan leutik, nya di antarana nu katelah karajaan Sindang Kasih, nu di pingpin ku salah saurang ratu nu kakoncara arif turta bijaksana, para ratu mikayungyun para menak mika serab, kolot ngasor budak era, dipikadeudeuh ku deungeun-deungeun, nya nu jadi papayung eta karajaan nu katelah Ratu Ayu Nyi Rambut Kasih, atawa aya oge nu nyebat Nyi Ambet Kasih.

Asal - Usul Palabuanratu/Nyi Roro Kidul

(Anis Jatisunda, diropea ku Asep Idjuddin)
Carita dibuka ku catetan sajarah runtagna karajaan PAJAJARAN, nurutkeun sumber bahan, pantun Bogor-Arkais, nu mangrupa peperenian AKI UYUT BAJU RAMBENG nu puseurna di Gunung Kendeng. Harita basa PAKUAN PAJAJARAN digempur ku Surasowan (Banten) dina mangsa sakakala BAHLA (9), CAI (4), SAGARA (4) NGUMPUL (1) - taun 1449 Saka=taun 1527 M. Kacatet dina sajarah dina mangsa kakawasaan Prabu SURAWISESA, atawa RATU SANGHYANG – ku Portugis disebut Ratu Samiam, (1521-1535 M).
Tegesna kajadian gempuran teh 6 taun sabada SRI BADUGA MAHARAJA/Prabu Siliwangi, PUPUS .Eta teh gempuran/serangan nu ka tilu kalina dina taun eta.PAJAJARAN ngalaman kaancuran, sabab sajaba pasukan Islam Banten dibantuan ku pasukan Demak jeung Cirebon, harita aya saurang urut gegeden Pajajaran nu hianat, muka lawang gintung/pintu gerbang ti jero (dua kali gempuran samemehna musuh teu bisa asup, sabab lawang gintung teu bisa dibuka ti luar).
Raja jeung kulawarga katut wadyabala nu satia kapaksa nyingkah ngungsi nyalametkeun diri,ngorolos ti Pakuan(Pusat Pamarentahan) sabab karaton ludes diduruk musuh. Dina waktu ngungsi, disatengahing jalan rombongan paburencay jadi opat kolompok:

ASAL USUL DÉSA MAJA

Kira-kira abad ke-16 Masehi, dideukeut kuburan palebah kidul wewengkon dayeuh ayeuna, nangtung hiji pasantren ngaranna "PASANTRÉN DAHU PUGUR" anu ngawangun pilemburan leutik, perenahna deukeut walungan cilongkrang. sawareh pamingpin pasantrén nyaeta saurang ajengan ngaranna Syech Abdul Jalil anu asalna ti Cirebon. Anjeunna salah saurang santri ti Pangeran Cakrabuana ( Anak Ua Syech Syarif HIDAYATULLAH), anu di parenntahkeun pikeun nyebarkeun ageman agama islam dipalebah Kidul Cirebon jeung saurang sahabatna ngaranna bapa Klindur.

MAJA, MAJALENGKA LOKASI EKSPLORASI MINYAK KAHIJI DI INDONÉSIA

Tatang M. Amirin;

Sawaktu sakola, kuring “diperbanggakan” ku guru sarta Kapala Sakola kuring, Bapa Soetisna Sastradiredja (alm.), yén di Maja, tempat kuring lahir sarta dirumajakeun, kungsi aya pengeboran minyak. Kuring ngan kéom, alatan henteu kungsi déngé, sarta mangsa éta geus pohara laér ti mangsa leutik kuring sekalipun. Kuring jadi ngajenghok, sabot dina saminggu ieu teu ngahaja terbukalah tulisan di internet ngeunaan éta. Lain ulin. Poé ieu, sabot kadua kali kabuka, kuring seriusi tulisan éta. Tah, ieu, hampura LAIN DONGENG, ieu bener-bener SAJARAH. Tapi, biarlah kuring asupkeun waé ka dina “page” DONGENG SUNDA kajeun teu terlampau loba “pages” di blog kuring ieu. Salamet maca sarta, pikeun jalma-jalma nu tangtu, meureun naon anu ditulis dina BLOGNA AHLI GÉOLOGI INDONÉSIA ieu bisa jadi inspirasi, kaasup buat alo kuring sarta kulawarga kuring anu usik di perminyakan. — Ngaran page-nya dirobah deui jadi Sajarah Majalengka, alatan ieu memang sajarah.

Jan Reerink (1871) sarta Tangtangan Eksplorasi Jawa

10 Maret 2009

Awang Harun ti BPMIGAS kitu deui nyaritakeun ngeunaan eksplorasi migas di Indonésia. Tétéla sumur pangkolotna anu dibor di Indonésia nyaéta sumur ngaranna Waja-1 [Maja-1—Pngtp], anu dibor dina warsih 1871 ku Jan Reerink. Katut ulasan Pak Awang:

Sajarah Désa Gunungwangi Kacamatan Argapura Kabupatén Majalengka

Dina jaman tiheula ngaran Désa Gunungwangi nyaéta Mangrupa Désa Gunung Gading. Dina wayah perang Perebutan Islam, Désa Gunung Gading datangna saurang wali anu ngaranna Mbah Raden Jaya Kusuma anu ngabogaan tugas mengislamkan opat kabupatén anu kahiji Kabupatén Indramayu saterusna Kabupatén Cirebon, Kabupatén Kuningan sarta anu pamungkas di Kabupatén Talaga. Asal muasal ti Mbah Jaya Kusuma nyaéta ti dua riwayat nyaéta Riwayat Banten sarta riwayat Majapahit
Mbah Raden Jaya Kusuma dina perjalannya meunangkeun jodoh saurang awéwé anu bertempat cicing di Désa Gunung Gading anu ngaranna Nyi Siti Masyiah putri ti Mbah Haji Muslimin. Sanggeus sawatara lila anjeunna miboga saurang putra anu di béré ngaran Raden Sambung, Mbah Raden Jaya Kusuma Mikeun ngaran anakna Raden Sambung anjeunna ngaharepkeun sangkan perjuangan islam terus bersambung. Diceritakan dina Riwayat anu merawat Raden Sambung nyaéta Mbah Haji Muslimin (Akina) kalawan ékol sangkan henteu kanyahoan ku pamajikan kolotna di Cirebon.
Sanggeus beranjak dewasa Raden Sambung babarengan tujuh urang sahabatnya di latih élmu ngeunaan peperangan ku bapana nyaéta Mbah Jaya Kusuma kawas diajar memanah sarta ngagunakeun pakakas-pakakas perang séjénna ogé strategi perang. Setalah Raden Sambung beranjak dewasa Mbah Jaya Kusuma mindeng ngajak Raden Sambung mengenalkan sarta ngadalikeun ka unggal-unggal wewengkon kekuasaanya nyaéta Indramayu, Cirebon, Kuningan sarta Talaga.

Babad Layung Lalungse




Sajarawan Sunda sorangan kurang soson-soson ngayakeun panalungtikan ngeunaan karajaan mana anu pernah ka palabuan Seizu anu aya di Jepang téh? Anu manghérankeun, lolobana anu bener-bener konsern kana hal kieu téh malah ahli-ahli mancanagara saperti; Ricardo Pendi Sumphena (Spanyol), Adulof Herrypuddiencth (Jerman), Phepen Omant (Vietnam), Kereshek Gumaransev (Russia), jeung Van Ghuoblogh (Walanda). Para ahli mancanagara téh ngagabung dina hiji lembaga panalungtikan sajarah Sunda, SHOUN = sundanesse historical organization for united nation.

LEGOK OWEW, TEGAL CAWET



LEGOK OWEW, TEGAL CAWET: Rada araneh tah ngaran

Tatang M. Amirin;
LEGOK OWEW teh ngaran salah sahiji patempatan nu ayana di antara desa Maja jeung desa Cikedung, handapeun Pasir Dogdog. Disebut “legok” teh geus tangtu ku sabab tanahna legok, aya dina lelegokna pasir nu ngurilinganana. Naha eta legok teh disebut legok owew, teu acan puguh raratanana. Ceuk nu heureuy mah da eta di legok eta teh sok aya nu “owew-owew” bari nyerengehkeun sungutna nu rubak. Awewe, jurig. Wewe tea meureun, nya. Jadi weh disebut Legok Owew. “Legok Wewe,” meureun, nya!
Tapi ke heula. Eta patempatan teh deukeut pisan ka kampung nu baheulana disebut Babakan Jawa. Ayeuna kasebut Blok Jumaah, kaasup desa Maja Kaler (“Jackcall”), sanggeus desa Maja dibagi dua, Maja Kidul (“Jackkid”) jeung Maja Kaler. Disebut Babakan Jawa teh ku sabab lembur eta baheulana dibabak (dibuka) ku urang Jawa ti Palimanan, Cirebon. Di lembur eta teh loba pisan urang Jawa nu sapopoe oge make basa Jawa (Cirebonan) ngaromongna teh. Pan sok aya babalagonjakan Jawa-Sunda “Wis mangan darurung?”

CURUG APUY:



CURUG APUY: Naha make diaranan Muara Jaya? APUY teh apan “api”: seneu anak Ciremay?

Tatang M. Amirin
curug apuyEta ceuk beja, da can kungsi ngadatangan, aya curug (waterfall) di daerah Apuy, Kacamatan Argapura (baretona kaasup ka wewengkon Kacamatan Maja, saacan dibagi dua). Eta curug teh dingaranan Curug Muara Jaya. Naon nya alesanana make ngaran eta teh? Ari curug teh basa Sunda (Jawa oge), ari muara teh basa Indonesia (dipake ku Sunda), ari jaya mah Sunda Indonesia. simbul pangharepan di (atawa ti) dinya teh bakal ngamuara kajayaan? Kajayaan saha, ti mana huluwotanna?
Ih, eta rada ateul wae kitu kana ceuli Sunda teh. Euweuh kitu basa Sunda nu  sunda pisan pikeun ngaranan eta curug teh? Atawa, naha atuh lain make ngaran desana, atawa daerahna wae, ambeh populer tah si desa atawa derah teh.

SALAMANGGU




SALAMANGGU ta Salamangu? Tangkal sala jeung manggu?

Tatang M. Amirin
SALAMANGGU teh ngaran desa (cantilan) nu kaasup desa Maja (Maja Kidul ayeuna mah). Ti baheula teh can kacukcruk naon hartina. Enya ari sala teh hartina naon? Ari manggu mah pan aran tatangkalan. Ngan saenggeus nyaho aya aran Tawang Mangu, daerah wisata di jawa Tengah, jadi mikir oge: Salamanggu ta Salamangu ngaran eta leMbur teh.
Atuh dicukcruk weh tah dina internet. Alhamdulillah kapanggih bari hese beleke oge. Geuning sala teh (solo mun di Jawa mah) ngaran tutuwuhan. Tah kawas kieu yeuh wujudna teh.
Couroupita_guianensis sala pohon_p5jpg

CIPADA, PADAHANTEN.PAGARAJI.GARAWASTU.CIOMAS,



CIPADA, PADAHANTEN (padhanten), PAGARAJI (pagrhaaji), GARAWASTU (grhavastu), CIOMAS, CIDOMAS ([ci]dwi-omas)

Tatang M. Amirin; Ed. rev. 14 Februari 2011; 20 Mei 2012

Tulisan ieu teh aya nu kopi paste ka fesbuk, tuluy dibaraca ku na fesbukna, teu langsung ti dieu, aslina. Nu maraca teh lalieueun, panjang teuing, cenah. Menta disingget wae. Nya urang singget wae atuh, lah.
(1) Padahanten
Nyusud asal-usul aran (toponomi) PADAHANTEN teh teuing ku hese. Padahanten teh ngaran desa kiduleun Sukahaji, kalereun Cicalung (hehe, supaya gampang wae nyebutna, da ari arah mataangin nu sabenerna mah rada riweuh).
Padahanten
Nyusudna teh pasti lah ti dua kecap: pada jeung hanten. Rada aneh ngaranna teh, da nu aya oge lain hanten, tapi anten. Aya Gunung Anten di Banten jeung walungan Cianten di Bogor. Aya deui Sagaranten di Sukabumi. Tapi ieu mah jigana bisa tina sagara inten, eh, tapi bisa oge tina sagara anten. Aya deui Kawunganten di Cilacap.

CIMARA:



CIMARA: camara, cai camara, cai mara? Horeng teh MERAK Maruya

Tatang M. Amirin

CIMARA teh ngaran desa di Kacamatan Maja. Hehe, teuing atuh da geus rada poho, bari tara weh lungak-longok deui ka dinya, ayeuna teh kawas kumaha rurupaanana. Nu jadi panasaran teh eta ngaranna teh ti mana holna atawa sajarah asal-usulna. Tegesna: Naon atauh ari harti MARA teh?
Urang Sunda ti baheula sok resep ngaranan desa atawa wewengkon teh make ci (tina cai):  Cirebon, Cikijing, Cihaur, Cidomas, Cicalung, Ciomas, Cigasong, Cilembu, Cimeong, Cikedung.
Naha? Da ceuk ahli antropologi ge–sadunya– apan umumna manungsa teh mun neangan padumukan pasti nu deukeut ka cai, ka walungan. Bari, meureun, ari cai teh perlambang jeung simbul harapan kasuburan, kasegeran, jeung karaharjaan. Apan ceuk babasan ge: Pepelakan ngarandakah, beubeulian marurah—pangabutuh teh mun melak sorangan–tangtu perlu cai–hasilna mucekil, mun kudu teh barang beuli, kabedag. Hehe, moal enya make babasan Jogjaan terus: “subur sing sarwa tinandur, murah sing sarwa tinuku” (subur sakur nu dipelak, murah sakur nu dibeuli)–-ke teu ngalartieun hartina deuih nu macana teh!).
Ari ngaran leuwi mah atuh puguh umumna pasti make ci (cai = walungan): Cideres, Cilutung, Cilongkrang, Ciawi, Cirungkut (Cibuni), Cikiruh (Cikeruh).

CICALUNG, TENJOLAYAR,



CICALUNG, TENJOLAYAR,: Horeng asal-usulna tina tangkal kicalung, kitenjo,

CICALUNG : [Cai] Tangkal Kicalung/Kikacalung

Tuh nya, ari ngaran wewengkon sok tina tatangkalan atawa  sasatoan  teh kabuktian. Enya eta CICALUNG Maja, tadina sugan teh di dinya loba nu nyarieun atawa maen calung, jadi dingaranan Cicalung. Enya pan calung teh, lamun mukaan internet, pasti nu dituduhkeunana teh alat musik khas Sunda. Eta aya urang Maja cacarita make kiratabasa, cenah ge calung teh apan awi dicacag-cacag dialung-alung. Ah teu paruguh, nya!?


Aya oge sok kapanggih calung banyumas. Tapi kudu pisan mun rek ngakses internet teh ditulis calung banyumas. Mun teu kitu, lolobana pasti we calung Sunda nu nonghol dina internet teh.

Ari calung Sunda mah apan ditakolan dicurulungkeunana teh bari dijingjing. Ari calung banyumas mah ditakolan jiga nu nabeuh gamelan, da heueuh eta teh gamelan calung (gamelan awi) jiga na gambar ieu di handap.

CALINGCING–Lain cilincing; ieu mah da balingbing



CALINGCING–Lain cilincing; ieu mah da balingbing

Desa Calingcing teh deukeut Sukasari jeung  Sagara, Kacamatan Argapura, nya?! Eta ngaran teh rada aneh. Enya umumna ngaran kasundaan teh apan sok diawalan ku  “ci-”  (Cikedung–kedung teh sedong di leuwi, nya?!; Cimara–mara teh merak; Cikijing–kijing teh kerang leuwi atawa balong “air tawar” lalonjong, harideung semu hejo, tapi cangkangna teu kawas kerang, teu karadak, “halus” ieu mah; jeung lian-lianna). Calingcing mah apan dimimitian ku “ca-”. Di jakarta mah aya ge Cilincing, nya?! Salah eta teh, boa. Latah dimimitian ku “ci-”! Nu bener mah, calincing atawa calingcing.
Naon atuh ari calincing atawa calingcing teh? Calingcing teh balingbing, balingbing keris. Ceuk urang Jawa mah blimbing wuluh (kade, lain waluh!). Teuing naon sababna disebut blimbing wuluh, da wuluh teh pan “buluh”  (“bambu” ceuk Indonesiana teh–nu matak aya lagu “Kuambil buluh sebatang/kupotong sama panjang/kuraut dan kutimbang dengan benang/kujadikan layang-layang).
Ari disebut balingbing keris teh meureun ku sabab bisa atawa biasa dipake ngajamasan alias meresihan keris jeung sabangsana nu dijieun tina waja atawa beusi supaya karahana (“karat, korosi”) leungit.
Ih, bisi aya nu teu nyaho tangkal calingcing atawa balingbing keris  tea, tah ieu gambarna.