Tampilkan postingan dengan label Carita bodor. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carita bodor. Tampilkan semua postingan
Carita bodor ; Sieun ucing
Takdir Illahi Ieu mah carita nu kajadianana mirip dina sinetron-sinetron
religius tapi mistik. Kacaritakeun dina hiji waktu aya bangsat nu
kawilang kahor pisan. Eta bangsat sok sagala papaok ditambah deui babari
tungal-teunggeul ka batur. “Pokona aing teu percaya ceuk dina
sinteron-sinetron! Maenya jelema paeh oge kudu hese!” si bangsat nantang
ke jelema-jelema nu ngingetan manehna yen eta kalakuan goreng teh kudu
dieureunan Bisi hese atawa keuna ku azab pas engke maotna. Dina hiji
waktu, eta bangsat teh maot. Maotna kebeneran pas manehna maling di hiji
imah. Cenah, keur manehna dina lalangit imah, eta kai lalangit geus
bobo. Atuh eta bangsat murag nepi ka maotna. Waktu manehna dikurebkeun,
aya kajadian aheng. Eta layon bangsat hese diasupkeun kana kuburna
kusabab leungeun nu katuhu ngacung wae. Kabeh upaya geus dilakukeun.
Tapi keukeuh eta leungeun katuhuna teh ngacung wae nepi kaluar tina
boeh. Kabeh nu ngurebkeun bingung, kumaha carana. Keur lieur-lieur kitu
teh, teu lila aya budak leutik datang. Eta budak terus nyampeurkeun
layon nu leungeun katuhuna ngacung, bari terus ngomong: “Cang kacang
panjang anu panjang ucing!” ceuk budak jiga nu ngajak ucing-ucingan ka
eta layon. Na atuh eta leungeun katuhu bangsat nu ngacung wae teh jug
buru-buru sidakep: sieun manehna ucing!
Carita bodor;;Iiiih Miiinyi!
Kacaritakeun aya ibu-ibu nu keur ngobrolkeun kagagahan
salakina sewang-sewangan. Tah, maranehna keur uplek ngobrol kitu teh aya
saurang ti manehna nu jadi dokter kelamin. Si eta dokter ngobrolkeun
ngeunaan masalah “bobogaan” antara lalaki jeung awewe. “Yeuh, ibu-ibu
tos parada terang teu, yen ukuran gagaduhan antara pameget sareng istri
teh tiasa dibandinkeun sareng anggota awak urang?” ceuk eta dokter. Atuh
ibu-ibu nu ngariung teh panasaran ngadenge informasi anneh ti eta
dokter. “Ah, maenya, dok? Buktosna naon kitu?” ceuk salah saurang
ibu-ibu. “Janten Bu, gagaduhan caroge ibu tiasa ditingali ageung atanapi
alitna tina ukuran jempol sareng kumaha ibu-ibu calawak!” ceuk eta
dokter mulai nerangkeun. Teu kireum-kireum, eta kabeh ibu-ibu langsung
ngajawab: “Aaaaah, maenyaaaa?” ngajawabna teh bari calawak pagede-gede,
da sieun eleh gengsi. Nya, harga diri atuh lamun baham teu rada calawak
mah. Atuh engke disangka bobogaan salakina leutik. Si dokter maphum yen
eta ibu-ibu teh boga keneh gengsi nu gede dina urusan nu kitu mah. “Tah
ibu-ibu upami hoyong terang sempit keneh atanapi henteuna ukuran nu
dipikagaduh istri tiasa dibandingkeun sareng....” can ge si dokter
ngomong, ibu-ibu langsung kompak motong omongan si dokter. “Sareng naon,
dok?” “Tiasa dibandingkeun sareng sempit atawa calawak henteuna ibu-ibu
muka baham! Eta mah ibu-ibu nu aya di dinya kabeh saur manuk ngajawab
bangun nu heran: “Iiiiiih...miiiiiinyi?” (Euh, meureun eta kabeh ibu-ibu
teh kasieunan dianggap tos ‘dol’!),,,,,,,,,,,hehehehe cag,,
di cutat ti,,.wikipedia.org
di cutat ti,,.wikipedia.org
Banyol..............Salaki satia
ku, Agha ,ti urangsundaasli.com
Aya
hiji kulawarga nu kacida pisan harmonisna, si lalaki satia pisan ka
pamajikanana, sagala kahayang nu di penta ku pamajikanana pasti
dicumponan.
Dina hijia poe di waktu pamajikanana tilar dunya, si salaki sedih pisan
jeung asa leungiteun, pas dina acara pamakaman, sarengsena
pamajikanana dikurebkeun, si lalaki ceurik tarik sabari nyanghareupan
gundukan taneuh nu baseuh keneh terus manehna teh ngipasan eta kuburan pamajikanana.
Atuh ningali kajadian kitu teh loba jalma nu bararingung, boh ti pihak kulawarga kitu deui tatangga-tatanggana
Sanggeus sababaraha lila, pihak kulawarga jeung tatanggana nu
nganteurkeun ka kuburana baralik, malah si lalaki nu cengeng tadi oge
diajak balik bareng tapi teu daekan.
Keluarga : "Kang atos atuh sing sabar, keun weh ridlo keun tong
dikipasan wae kitu atuh kuburan teh Insya Allah si teteh moal
kapanasan..."
Salaki : "Atos teu nanaon ! tinggalkeun we ! Abdi hoyong keneh di dieu heula sorangan "
Kusabab teu daek wae diajak balik, pihak keluarga teh akhirna nyalukan
Pak Haji jang dipenta bantuanana supaya si lalaki daek di ajak balik.
Pak Haji : "Kang atos teu kedah jiga kieu atuh, hayu urang uiih we !"
Salaki : "Abdi sanes teu hoyong uih pa haji, abdi teh ngipasan kuburan
ieu teh pamenta pun bojo, saurna na teh upami bade nikah deui antosan
kuburanana garing heula !"
Pulsa
Di cutat ti...http://niniemeh.blogspot.com.......
ariayna mah mah jaman teh estuning cararanggih alias gancang kapanggih, anu kasebut hape sumebar kamana mana, kapasisian oge loba nu baroga hape ti mimiti tukang ngarit anu macul, tukang beca di kota baroga hape. Nu matak jelema teh jaman kiwari mah langka silaturahmi jarang paamprok jonghok jeung beungeutna masing masing nyuratan cukup ku SMSan atawa teteleponan.
ariayna mah mah jaman teh estuning cararanggih alias gancang kapanggih, anu kasebut hape sumebar kamana mana, kapasisian oge loba nu baroga hape ti mimiti tukang ngarit anu macul, tukang beca di kota baroga hape. Nu matak jelema teh jaman kiwari mah langka silaturahmi jarang paamprok jonghok jeung beungeutna masing masing nyuratan cukup ku SMSan atawa teteleponan.
Kaasup
Si Nini Emeh, sanajan kaayaan keur werit anehna teh keur meuli fulsa nu
hargana dua letereun beas oge kabedag wae, nepikeun ka konter konter
oge sumebar ka unggal Kacamatan jeung di padesaan. Ngan si Nini mah teu
bisa SMSan kawas budak ngora bisana ukur teteleponan atuh puguh we fulsa
teh olok pisan. Anu jadi anehna kiwari ari meuli beas, beas raskin tapi hubungan ka imah make hape, aneh bin ajaib taktage.
Dimana jelema rek disebut miskinna ari kabedag keneh meuli fulsa ungal minggu mah. Ah dasar atu kiwari mah jaman edan sagala loba nu teu kaharti,…hehehe.
Dimana jelema rek disebut miskinna ari kabedag keneh meuli fulsa ungal minggu mah. Ah dasar atu kiwari mah jaman edan sagala loba nu teu kaharti,…hehehe.
Langganan:
Postingan (Atom)