CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

Indung

balik tandur téh mawa belut opat siki, paméré adi beuteung. Ditalian ku jukut, keur si Nyai. Heug kabeukina téh beuleum belut diawur­an uyah. Puguh geus sababaraha poé mondok di imah, datangna gé  so­rangan bari panon carindul. Kuring surti. Meureun paséa jeung salakina. Tapi teu ieuh tunyu-tanya. Nepi ka kiwari gé  teu ditanya. Baé! Engké gé  geus leler mah tangtu nyarita so­rangan.

Ngan salaki nu gereget téh.

“Geura talék si Nyai téh, Iyeung!” omongna basa si Nyai keur meuli sambeleun ka warung.

“Teu kudu ditalék, engké gé ngomong sorangan!” témbal téh.

“Hih, ari nyanéh sok didadago nepi ka nyaritana! Anggursi tanya méh pararuguh. Jeung teu hadé wé awéwé ngejat ti imah, pajar ku urang teu diwarah!” ceuk salaki daria.

“Ké meureun da salakina gé  nyusul ka dieu!” tempas téh.

“Iraha? Ning geus aya opat poéna taya nyusul!” nyureng salaki téh ngomongna. Jep wé teu nembalan. Sangheuk paréréa omong. Da nu leuwih ngageremet na haté mah kuring nu jadi indungna. Ngan nyabar-nyabar manéh.

“Dana! Dana!” kadéngé sora Kang Muhtar di tepas.

“Buka wéh, Akang! Da tara disosi,” kuring némbalan, bari ngisedkeun bujur, ngajauhan salaki.

Reket… panto tepas dibuka. Sup Kang Muhtar ngajing­jing kérésék leutik.

“Ngirim naon, Kang?” ceuk salaki bari nyéréngéh seuri.

Cangkudu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas


Cangkudu atawa Morinda Citrifolia
Cangkudu atawa Morinda Citrifolia nya éta ngaran tangkal perdu, buahna hampir sakeupeuleun leungeun, loba benjolan saperti kudis  Cangkudu kaasup jenis kopi-kopian Cangkudu bisa tumbuh di dataran rendah nepi ka dina ketinggian 1500 méter diatas permukaan laut Tutuwuhan ieu miboga batang henteu badag teuing kira-kira luhur tangkal 3-8 m. Daunna nyusun pahareup-hareup, panjang daun 20-40 cm sarta lébarna 7-15 cm. Biasana tumbuh di sisi pager atawa di juru tepas di padesaan. Tumbuh sorangan, lain dipelak ku jelema[1 Numutkeun para ahli, si Noni téh salian ti bisa mantuan nganormalkeun darah tinggi, bisa ogé keur nyageurkeun kencing manis (''Diabetes Mellitus''), nyegah jadina sél kanker, ngalancarkeun pencernaan, jrrd.

Mangpaat Cangkang Cau



Nurutkeun inpo anu kapanggih di loka Manfaat Buah anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Manfaat Kulit Buah Pisang, dijéntrékeun ngeunaan sababaraha mangpaat cangkang cau. Mangpaat anu kapanggih tina cangkang cau diantarana wGeningan lain ngan ukur cauna wungkul anu miboga mangpaat pikeun jalma téh. Da cangkang cauna ogé aya mangpaatna hususna pikeun kaséhatan jalma. Lamun cauna mah didahar langsung, sedengkeun cangkangna mah bisa dipaké pikeun ngubaran panyakit ku jalan anu husus. Jadi lain ngan ukur bisa dipaké pikeun parab domba wungkul cangkang cau téh.
aé:
  • Bisa dipaké ngubaran ateul kulit kusabab dicoco reungit.
  • Ngubaran éwateun.
  • Ngubaran panyakit kulit anu disebut psoriasis.
  • Pikeun ngarerepkeun nyeri sirah ku jalan diantelkeun kana tarang.
  • Ngurangan kulit anu péot, ku jalan ngabebek cangkang cau terus ditamplokeun kana kulit anu péot.
  • Ngubaran peurih dina kulit kusabab kaduruk atawa raheut. Carana kulit anu raheut atawa peurihna diantelan cangkang cau.
  • Pikeun ngaleungitkeun kutil anu leutik. Kutil leutik bisa leungit sanggeus saminggu nepikeun ka dua minggu.


Cau jeung cangkangna
Cau jeung cangkangna

Salian pikeun kaséhatan, cangkang cau ogé bisa dipaké pikeun ngahérangkeun cai anu kacampuran ku zat timbal atawa tambaga. Zat ieu lamun asup kana awak bakal ngaganggu kana kaséhatan awak. Tah, lamun cai anu kacampuran ku ieu zat saperti cai peureu, bisa maké cangkang cau pikeun meresihanana. Carana gampang. Cangkang cau téh dikeureutan sina jadi laleutik, terus asupkeun kana cai anu kacampuran zat anu tadi téa. Teu kudu merlukeun waktu anu lila pikeun meresihan caina. Sakeudeung ogé zat timbal atawa tambaga anu nyampur kana cai téh bakal diserep ku cangkang cau. Cangkang cau urutna masih kénéh bisa dipaké sababaraha kali, nepikeun ka sapuluh kalina
.

Manfaat Tuwuhan di sabudeureun Urang

Mangfaatna Daun Sareng Akar Sadagori

Tos pada kauninga ku sadayana, réhna tangkal sadagori mah sok aya di sabudeureun buruan, namung urang kirang merhatoskeun mangfaatna daun sareng akar sadagori. Saperkawis éta,  abdi badé medar sakedik  perkawis sadagori sareng mangfaatna.
Daun sadagori téh tias diangge ngalandongan:  Ngalancarkeun haid, ngalemeskeun kulit, bisul, kulit anu nanahan, éksim, ngalancarkeun miceun, muriang, borok peujit , disentri, malaria, rematik, cacingeun sareng panyawat anu sanésna. Mung kadé! Saupami  anu nuju kakandungan mah, teu kénging dipasihan, kualatan tiasa ngagugurkeun anu aya dilebet (janin).
Carana:
Kanggé landong lebet: Sik-sik sing ipis akar sadagori seueurna 50 gram, ditambih gula bodas, langkung saéna mah nganggé gula kawung sacekapna, teras digodog sareng cai 3 gelas dijantenkeun sagelas. Dileueut tina sadinten mung sakali énjing-énjing wungkul.
Kanggé saluareun kulit:  Taruk daun sadagori sabaraha lambar, gumantung ageung alitna panyawat, lajeng diréndos teras di balurkeun atanapi dipopokeun kanu aya panyawatan.***

 Daun Pungpurutan


Pungpurutan nyaéta salah sawios tutuwuhan nu alit kalebet perdu. Sok seueur di sisi jalan atanapi di sisi tegalan. Mangfaatna kanggé: Diséntri sareng sesah kahampangan anu sakaterang abdi mah.
Carana: Petik sasabaraha lambar daun pungpurutan, teras diwasuh sing dugi ka beresih. Salajengna Gecek daun éta sareng cai sagelas kana rantang atanapi Waskom. Teras disaring. Leueutna enjing-enjing sareng wengi dimana bade kulem.***
*Mugia aya mangfaatna kanggé urang sadayana* * Kenging: Pelangi/Mbi Chymepm/Eni Setiani*.... di ropea ku Abby Allhabassy...............

Sumber ,http://katumbiri7.blogspot.co.id/2013/02/herbal-sunda.html

Kembang korejat,Kitolod,Bentang Landong Soca

Asalamu alaikum..bismilahirohmanirohim....

Rabun,Katarak,Minus sareng Plus Cageur Kitolod


Terang kanu tuwuhan ieu? anu sadayana tangtos sering ningal tuwuhan ieu sisi disolokan atawa tempat baseuh lainnya. sapertosna katingalnateh tuwuhan anu teu guna taya manfaatna. Tapi teranghenteu tuwuhan ieu saleresna ageung pisan manfaat na nami tuwuhan ieu nya eta Kitolod aya oge nu nyebat kembang korejat aya oge nu nyebat kembang bentang sakumaha bahasa namasing masing pasti tiap daerah benten nami tangtosnage..Tah saleresna tuwuhan kembang ieu teh kalintang ageung pisan manfaat na.kanggo naon wae atuh manfaatna?? tuwuhan ieu teh tiasa ngalandongan panyawat Soca sapertos (rabun, katarak, minus sareng plus) oge kanker..



nami ilmiah tuwuhan ieu nyaeta Isotoma longiflora atawaLaurentia longiflora anu ngandung senyawa alkaloid nyaeta lobelin, lobelamin jeung isotomin. Daunna ngandung alkaloid, saponin, flavonoid, dan polifenol. Geutah na ngandung racun,.tapi bagian tuwuhan sejen ngabogaan efek antiradang (antiflamasi), antikanker (antineoplasmik), ngaleungitkeun nyeri jeung ngeureunkeun pendarahan.