CALINGCING–Lain cilincing; ieu mah da balingbing
Desa Calingcing teh deukeut Sukasari
jeung Sagara, Kacamatan Argapura, nya?! Eta ngaran teh rada aneh. Enya
umumna ngaran kasundaan teh apan sok diawalan ku “ci-”
(Cikedung–kedung teh sedong di leuwi, nya?!; Cimara–mara teh merak;
Cikijing–kijing teh kerang leuwi atawa balong “air tawar” lalonjong,
harideung semu hejo, tapi cangkangna teu kawas kerang, teu karadak,
“halus” ieu mah; jeung lian-lianna). Calingcing mah apan dimimitian ku
“ca-”. Di jakarta mah aya ge Cilincing, nya?! Salah eta teh, boa. Latah
dimimitian ku “ci-”! Nu bener mah, calincing atawa calingcing.
Naon atuh ari calincing atawa calingcing teh? Calingcing teh balingbing, balingbing keris. Ceuk urang Jawa mah blimbing wuluh (kade, lain waluh!). Teuing naon sababna disebut blimbing wuluh, da wuluh teh pan “buluh” (“bambu” ceuk Indonesiana teh–nu matak aya lagu “Kuambil buluh sebatang/kupotong sama panjang/kuraut dan kutimbang dengan benang/kujadikan layang-layang).
Ari disebut balingbing keris teh meureun ku sabab bisa atawa biasa dipake ngajamasan alias meresihan keris jeung sabangsana nu dijieun tina waja atawa beusi supaya karahana (“karat, korosi”) leungit.
Ih, bisi aya nu teu nyaho tangkal calingcing atawa balingbing keris tea, tah ieu gambarna.
Salian jang ngangeun (gaganti asem), calingcing teh bisa dipake ngobatan darah tinggi

Harejo keneh, nya! Mun geus asak mah kawas kieu yeuh rupana teh.
Di daerah-daerah teh ngaranna ieu:
- Aceh: Limeng ungkot, selimeng,
- Gayo: selemeng
- Batak: asom, belimbing, balimbingan
- Nias: malimbi,
- Minangkabau: balimbieng,
- Melayu: belimbing asam,
- Lampung: balimbing,
- Sunda: calincing, balingbing,
- Jawa: blimbing wuluh,
- Madura: bhalingbhing bulu,
- Bali: blingbing buloh,
- Bima: limbi,
- Flores: balimbeng,
- Sawu: libi,
- Sangir: belerang.
Salian jang ngangeun (gaganti asem), calingcing teh bisa dipake ngobatan darah tinggi