FALSAFAH LIMA RAMO.
1. Aya jempol “si gendut” nu sok nandakeun kahadéan.
2. Aya curuk nu sok nunjuk, nuduhkeun jeung maréntah.
3. Aya ramo tengah “si jangkung” nu sombong , pangpanjangna sok hasud ka nu tutunjuk.
4. Aya ramo mamanis nu sok jadi toladan, hadé tur sabar, sok dibéré hadiah ali/cincin.
5. Jeung aya cinggir nu héngkér jeung sok tumut.
Ku bédana antara positif jeung negatif nu aya dina ramo, maranéhanana saluyu keur ngahontal hiji tujuan, silih ngeusi.
Kungsi mikiran lamun urang ngan boga ramo kabéhanana jempol?
Falsafah ieu bajasan pisan tapi jero hartina.
Urang dilahirkeun dina kaayaan anu béda-béda, tapi ku ayana béda-béda ieu tetep ngan boga hiju tujuan:
*Silih pikanyaah - silih asih!
*silih tulungan!
*silih bantuan - Silih asuh!
*silih eusian - Silih asah!
• Sakumna urang hijikeun – silih seungitan …. Silih Wangi!
Lain keur silih tuding jeung silih salahkeun sarta silih teumbleuhkeun!
Kuayana béda-béda di urang ngarupakeun hiji kaéndahan supaya urang handap asor keur ngajénan batur, euweuh hiji pagawéan nu bisa dianggeuskeun ku sorangan.
Bisa jadi kaleuwihan urang nyaéta kakuangan batur, sabalikna kaleuwihan batur mangrupakeun kakurangan urang. Euweuh nu leuwih bodo atawa nu leuwih pinter, bodo jeung pinter téh relatif saluyu jeung widang pangabisa urang nu kudu ditarimakeun jeung urang ulah kendat syukur kana éta pangabisa keur ngahontal cita-cita urang.
Sakumna nu dipiboga ku balaréa bakal jadi sampurna, lain sosorangan nu jadi sampurna....
Jalma pinter bisa gagal, Jalma hébat bisa tikusruk, tapi jalma nu handap asor dina sagala perkara bakal terus meunang kamulyaan.
Pamuga aya mangpaatna.
di cutat ti... kalangsunda.net