CIMARA: camara, cai camara, cai mara? Horeng teh MERAK Maruya
Tatang M. Amirin
CIMARA teh ngaran desa di Kacamatan Maja. Hehe, teuing atuh da geus rada poho, bari tara weh lungak-longok deui ka dinya, ayeuna teh kawas kumaha rurupaanana. Nu jadi panasaran teh eta ngaranna teh ti mana holna atawa sajarah asal-usulna. Tegesna: Naon atauh ari harti MARA teh?
Urang Sunda ti baheula sok resep ngaranan desa atawa wewengkon teh make ci (tina cai): Cirebon, Cikijing, Cihaur, Cidomas, Cicalung, Ciomas, Cigasong, Cilembu, Cimeong, Cikedung.
Naha? Da ceuk ahli antropologi ge–sadunya– apan umumna manungsa teh mun neangan padumukan pasti nu deukeut ka cai, ka walungan. Bari, meureun, ari cai teh perlambang jeung simbul harapan kasuburan, kasegeran, jeung karaharjaan. Apan ceuk babasan ge: Pepelakan ngarandakah, beubeulian marurah—pangabutuh teh mun melak sorangan–tangtu perlu cai–hasilna mucekil, mun kudu teh barang beuli, kabedag. Hehe, moal enya make babasan Jogjaan terus: “subur sing sarwa tinandur, murah sing sarwa tinuku” (subur sakur nu dipelak, murah sakur nu dibeuli)–-ke teu ngalartieun hartina deuih nu macana teh!).
Ari ngaran leuwi mah atuh puguh umumna pasti make ci (cai = walungan): Cideres, Cilutung, Cilongkrang, Ciawi, Cirungkut (Cibuni), Cikiruh (Cikeruh).
Jadi, cimara teh geus pati lah cai-mara. Ngan, nya naon atuh ari mara teh? Tangtu lain “mara-bahaya” (mara teh sarua bahaya, tina basa Sanskrit nu hartina “dewa maut”; jadi bisa oge ngandung harti dedemit, bebenjit, karurujit, kasakit, jeung sabangsana–Hehehe, rada ngarang saeutik). Mara is the god of darkness and death: “Death of every physical thing truly; but Mara is also the unconscious quickener of the birth of the Spiritual” (SD 2:579n).
Mara teh singgetan tina camara, kitu? Jadi di Cimara pasti loba tangkal camara? Ah, pines paling ge, nya, lain camara!. Aya loba ge baheula mah tangkal jambu kulutuk di Gunung Windu, sok diparalingan jambuna ku kuring sabatur-batur mun darmawisata atawa ulin ka dinya. Hapunten nya, ka nu kagungan.
Panasaran, nya? Atuh ditalungtik tah di internet. Hese pisan manggihanana teh. Lila ku lila, kapanggih weh nu cocok. Mara teh, ceuk internet India, singgetan tina maruya. Terus, naon atuh ari maruya teh. Maruya teh (di Jakarta aya Meruya atawa Maruya) bahasa Sanskrit nu hartina merak. Tuh, pan kapanggih jujutananana. Kieu geura.
Kecap maruya disinggget mara (mara is abbreviaton of maruya) — tina mara diteruskeun jadi merak. Atuh, naha bisa kitu?
Pake basa Jawa geura: Urang Jawa teh mun nuliskeun “bapa” (Sunda)–jadi “bapaK,” nuliskeun “ema” jadi “emaK,” nuliskeun . . . mara — jadi maraK (tetep dibacana mara’) — pindah lisan jadi mEraK (dibaca mera‘). Tah ieu contona: “Bapake Totok duwe merak” (Bapa’e Toto’ duwe mera’). Ku urang Sunda dituliskeun (atawa tulisan jawa eta dibaca) lengkap MERAK (konsonan K na teh eces teges).
Robahna mara jadi mera teh kira-kira ku sabab urang Jawa mah pan resepeun pisan kana vokal “e” (dina engab). Urang Sunda nyebut sagara, Jawa segara (segoro), kalapa - kelapa (kelopo), nagara – negara (negoro), sasiki – sewiji, talaga - telaga (telogo), raspati – respati, lalakon -lelakon. Jawa ka Jawa keneh ge sok robah: hamangku (amangku) — hamengku (Amangkurat – Hamengku Buwono).
Tapi, ke lanan, eta tadi mah rada ngarang . Tah ieu ti sumber sejen. Geuning bahasa “India” merak (“peacock” ceuk Inggris) teh memang “marak” atawa “mara’k/mara,” sanajan mara teh bisa ngandung harti oge maot atawa dewa maut (“God of Death”). Tah kaeceskeun pisan dina tulisan di handap ieu. Keun wae teu ngarti sabagian bahasa Inggris jeung eusina ge, nya?!