CIPADA, PADAHANTEN (padhanten), PAGARAJI (pagrhaaji), GARAWASTU (grhavastu), CIOMAS, CIDOMAS ([ci]dwi-omas)

Tatang M. Amirin; Ed. rev. 14 Februari 2011; 20 Mei 2012

Tulisan ieu teh aya nu kopi paste ka fesbuk, tuluy dibaraca ku na fesbukna, teu langsung ti dieu, aslina. Nu maraca teh lalieueun, panjang teuing, cenah. Menta disingget wae. Nya urang singget wae atuh, lah.
(1) Padahanten
Nyusud asal-usul aran (toponomi) PADAHANTEN teh teuing ku hese. Padahanten teh ngaran desa kiduleun Sukahaji, kalereun Cicalung (hehe, supaya gampang wae nyebutna, da ari arah mataangin nu sabenerna mah rada riweuh).
Padahanten
Nyusudna teh pasti lah ti dua kecap: pada jeung hanten. Rada aneh ngaranna teh, da nu aya oge lain hanten, tapi anten. Aya Gunung Anten di Banten jeung walungan Cianten di Bogor. Aya deui Sagaranten di Sukabumi. Tapi ieu mah jigana bisa tina sagara inten, eh, tapi bisa oge tina sagara anten. Aya deui Kawunganten di Cilacap.

Ihwal anten jeung hanten, balik ka tulisan aksara cacarakan, huruf (aksara) ha teh sok oge dibaca a. Contona, hamangkurat sok dibaca amangkurat; ayu sok ditulis oge hayu (mamayu hayuning bawana; pasirayu–wanahayu). Jadi, hanten jeung anten teh bisa sarua.
Naon atuh ari anten atawa hanten teh? Ceuk “Bausasra basa Jawa” ari anten teh hartina alus, endah (adhi, edhi, di). Jadi Gunung Anten teh gunung nu alus (asri), Cianten teh cai (walungan) nu alus (asri), Sagaranten teh sagara nu alus (asri), Kawunganten teh kawung nu alus [Heup, bisa oge kawung-panganten--kawung dua ngajajar jalu bikang]. Jadi, Padahanten teh pada nu alus (asri). Pan alus teh bisa oge hartina asri (sari), endah, “nice,” kitu, nya?!
Terus, ari pada, naon eta teh?
Tah eta nu rada hese mikiranana. Pada (padha) teh mun basa Jawa mah hartina sarua (cirebonan pada, Jogjaan podho). Nu matak bingung naha CIPADA (walungan nu deukeut jeung Padahanten) teh saaran jeung Cisarua, Puncak, Bogor, kitu?
Tapi, mun dicokot tina bahasa Kawi (Sansekerta), pada teh hartina suku atawa handap. Aya oge pada nu hartina “bagian tina tulisan puisi” (geuning sok aya istilah “sapada” jeung “padalisan”).
Di Srilangka aya gunung nu disebut Sri Pada (gunung tatapakan dewa Siwa; gunung tatapakan Budha). Ku “urang Barat” (ku pangaruh agama Kristen jeung Islam) disebut Adam’s Peak (Punclak Adam), sabab dianggep di dinya Nabi Adam mimiti turun ka dunya. Jadi, sarua wae jeung di dinya teh aya tatapakan (sukuna) Adam keur waktu turun ka dunya.
Jadi CIPADA, ngaran walungan deukeut Padahanten, teh bisa jadi hartina cai (walungan) suku atawa tatapakan. Mun diganti ngaran ku basa Sunda ayeuna teh meureun jadi Cisuku atawa Citapak. Ngan, terus suku atawa tatalapakan suku naon atawa saha?
Tah palebah dieu nu kudu disuksruk disaksrak pisan asal-usulna disebut “pada” teh. Naha aya kapercayaan lawas (buhun) di gunung atawa pasir nu deukeut ka dinya teh dianggap aya urut suku (dewa ta saha) napak? Tangtu ku nempo aya wangun pasir nu kawas tatapakan. Atawa ukur dianggap wae di dinya aya nu napak lemah.
Tah ari anten atawa hanten (Padahanten), saperti geus kacatur di luhur, kapanggih dina Bausasra Jawa, online kamus Kawi, hartina teh alus. Jadi, Padahanten teh–ngan jadi teu nurutkeun tatabahasa Sansekerta nu make hukum M-D (nerangkeun-diterangkeun)– hartina pada nu hanten (suku gunung nu endah atawa asri). Atawa, mun make hukum M-D: kaendahan suku gunung.
Aya deui kecap Kawi nu deukeut ka padahanten teh, nyaeta “padhanten.” Ceuk basa Jawa, padhanten teh “bedhaya” atawa “tanah ngare” (re dina rea). Eh, ditanyakeun ka “kamus” online teh teu dijawab nyugemakeun. Bedhaya teh ngaran tarian karaton Jogja, ari tanah ngare teu aya, cenah.
Kapanggih dina tulisan (artikel) lain, ngare teh hartina “lembah” (Indonesia) atawa tanah nu datar. Tah “pada” teh pan “suku” (suku gunung, nya), jadi weh padhanten teh tanah di suku gunung (bari teu puguh “anten”-na naon–pada suku mah pada). Jadi, padahanten = padhanten = wewengkon nu aya di lengkob (lembah teh lengkob?) suku gunung Careme. Pas di lelengkob suku gunung Careme pisan, apan, nya Padahanten teh?! Kahalangan ku Cisukugunungcareme (Cipada) ka pasir suku gunung Careme teh?
Padhanten teh tanah padataran, mun ceuk urang gunung mah, kitu cenah ceuk urang Jogja teh. Jadi Padahanten teh hartina dataran nu deukeut suku gunung. Tah kitu nu jelasna mah. Kade ulah dicoba-coba dikiratabasa nu teu pararuguh. Ke jadi asalna tina kecap padangaharantem, atuh jadi padahantem, lain padahanten meureun, nya.
Kitu, sugan. Pan kirasutabasa–lain kiratabasa, kira-kira susuganan nyata (bener). Mangga, nyanggakeun ka nu kagungan sasakala atawa asal-usulna, sok sanajan lisan bari ngarang, bahan sawalakeuneun.
(2) Pagaraji
Deukeut ka Padahanten teh aya PAGARAJI, nu sok ditulis oge Pageraji, sabab “hayangna” pagar teh sarua jeung pager. Hihi, euweuh atuh urang Sunda memeh bahasa Indonesia muncul nyebut pager jadi pagar. Pager mah pager, pagar mah pagar (mun aya sebutan pagar, ge).
Pagaraji teh bisa jadi tina basa Sangsekerta pagrha jeung aji. Kecap pagrha jadi pagara. Graha (grha–terus jadi griya di Jawa) hartina teh imah atawa patempatan. Tah pas lebah dieu cocok pisan Pagaraji teh jeung ngaran GARAWASTU. Aslina basa Sangsekerta grhavastu. Grha = imah, vastu [dibaca wastu, jiga deva dibaca dewa] = tempat, lokasi). Jadi, Garawastu teh hartina kompleks perumahan, atawa pakampungan (bisa jadi pakampungan atawa “kompleks perumahan” para pagawe palabuan walungan nu disebut Palabuan sisi Cikeruh Sukahaji.
Pagraha teh hartina paimahan, pamondokan, atawa patempatan. Ari aji (sok oge ditulis haji atawa raji) eta teh hartina nu mulya (raja, ratu jeung sabangsana). Jadi, Pagaraji teh kasusun ti dua kecap: pagrha (pagraha) + aji (raji). Pagraha jadi pagara + aji (haji, raji) = pagara-aji (pagara + haji/raji–pagara-aji — disakontetkeun jadi pagaraji). Tah palebah dinya teu make hukum MD deui, jadi pagrha (pagara–letah Sunda tea) hartina paimahan, patempatan, pakampungan; raji (aji, haji) hartina nu agung (raja, ratu). Tah atuh tinggal nyuksruk teh saha nu diaji-aji (diajenan) di dinya jaman harita nu boga “patempatan paimahan” di eta tempat teh?
Kade deuih, lain tina haji (al-hajj) basa Arab. Ieu mah aji/haji tina basa Sangsekerta. Jadi, lain paimahan para haji (muslim), ieu mah paimahan para punggawa. Jadi, Sukahaji lain suka ka bapa haji (“sorban palid”), tapi suka ka aji/haji (raja, ratu, punggawa).
Mangga deui wae nyanggakeun kanggo ngadu bako!
(3) Ciomas
Sakalian ah, nu deukeut ka dinya: CIOMAS. Ciomas teh tangtu tina kecap CAI atawa CI (walungan) jeung OMAS (basa Sunda buhun nu hartina opat ratus). Aya nu nyebut ti CIO (ngaran Cina) jeung MAS (sumur emas). Cio jeung emas (cio-emas), atawa cai jeung emas (ci-emas), asa tina bahasa (jeung otak) rada teu paruguh mun jadi ciomas. Tampomas ge da lain tina tampa+emas (nampanan emas), tapi tina tompo omas. Duka tompo teh naon.
Pasti cai opat ratus (omas) nu bener. Ngan naon nu opat ratus teh? Mangga deui wae. Kecap “ci” mah eta mah kabiasaan urang Sunda, teu kudu dipalire. Jadi, ulah neangan cai (walungan, susukan, sumur) nu jumlahna opat ratus. Aya nu opat ratusan, “loba” maksudna mah.  Apan CICALUNG ge aslina tina KICALUNG atawa KIKACALUNG (ngaran tatangkalan), tempat nu loba tangkal kicalung atawa kikacalungna.
Komo eta CIDOMAS “kuloneun Cihaur, nya? Pan tina cai + domas (domas =  dwi-omas = dua kali omas = dalapan ratus). Naon nu dalapan ratus teh. Nyebutkeun nu loba, kitu? Jiga urang Jawa nyebutkeun nu loba teh jadi “sewu” (Curug Sewu-Tawangmangu, Candi Sewu-Prambanan, Lawang Sewu-Semarang). Da teu sarebu saenyana mah. Kaasup “nyuwun sewu” (nyuwun sewu apunten–punten ceuk Sunda mah).
Jadi, Ciomas jeung Cidomas teh aha ku sabab walunganana loba (loba walungan di dinya), nu matak diaranan kitu teh? Teu ah, da ci teh teu kudu mamawa nanaon. Cicalung ge da lain pedah aya cai jeung tangkal kicalung (kikacalung). Pedah loba tangkal kicalung atawa kikacalung tea wae.  Cieurih ge pedah ku loba tangkal eurih beulah dinya teh. Mun Cikedung, tah eta mah da aya leuwi nu aya kedungan (ceuk urang Cirebon alias Babakan Jawa Maja Kaler), mun ceuk urang Maja mah meureun sesedong. Jadi Cikedung sarue jeung Cisedong.
Eh, sugan aya sasakala putri omas jeung putri domas, jiga sasakala (dongeng) layang salaka domas (layang = basa Jawa/Kawi: surat; salaka = sangsekerta: perak, domas = dalapan ratus). Dalapan ratus (loba pisan leuwih loba tinimbang omas) lambaran kertas nu dijieun tina perak (alias bodas ngeplak) nu aya tulisanana (jiga lontar, atawa ‘taurat” Musa).
Cag. Ke sugan aya nu milu ngeusian.
Tah pan aya nu milu ulubiungm, urang Paniis. Mangga diaos. Aya nami penyebar agama Islam nu dikurebkeun di Mangkubumi, cenah namina Syekh Barzakh.
Ke, heula. Ari paniis, naon sababna diaranan Paniis, lain Paniisan? Lain Maniis, deuih. Na peta Walanda  di dinya teh aya aran desa “Liniki” deukeut Boeli Soek (Heubeulisuk), kiduleun Tjitjaloeng, lain Paniis. Paniis mah teu aya. Tapi kasebut-sebut Paniis ge kungsi dibor diteangan minyak bumina. Dina peta sejenna lain Liniki nu kasebut tapi Cileungsi (deukeut Gunung Bongkok, nya). Ku sabab sok kalongsoran gunung, parindah (ka Sukamluya?)/