Ku DHIPA GALUH PURBA
UDUD
minangka hiji gogoda anu pangbeuratna dina ngalakonan puasa. Kitu sotéh
husus keur lalaki, Awéwé, atawa banci anu geus kacanduan udud. Da ari
anu teu beuki udud mah piraku nepi ka batal puasa, asa kabina-bina
teuing. Leupas tina mahal atawa murahna rega udud, nu écés mah loba
jalma anu puasana baratal alatan teu kuat nahan hayang udud… ngopi jeung
dahar. Teu anéh upama loba suhunan imah atawa warung, anu kenténgna
ngadadak ngelun ku haseup.
Teuing
kumaha atuh nyanghareupan jurig udud téh. Sanajan dina cangkangna aya
“peringatan teuas (keras)”, tapi angger wé kalah beuki loba anu
kacanduan. Teu di mana, teu di mendi, sok aya wé nu udud téh. Kaasup
bebenyit pantar Si Buruy ogé, da kana udud téh mani beuki pisan tah.
Basa diélingan ku Néng Susi ogé, ngajawabna téh basajan. Kieu cenah
jawabanna téh: “Saur Ustad Otong ogé, urang kudu rajin solat, saméméh
disolatan ku batur. Atuh dina udud ogé teu pati bénten, urang kudu rajin
udud, saméméh diudud ku…” teu kebat nyaritana téh, da kaburu dibalédog
ku tarumpah. Mun teu ngelok bari ngabecir mah, kawasna bakal dicehcer ku Néng Susi téh.
Dina
bulan puasa kamari, tukang udud di Cigorowék geus aya sababaraha urang
anu digarotong ka rumah sakit. Mang winta, anu munggaran dibawa ka rumah
sakit téh. Apan éta téh mimitina mah alatan udud. Ari puasa hayang
tamat, tapi jurig udud ngagoda. Tungtungna mah mang Winta adug lajer
dina kasur, bari
ngagesekan biwirna ku ramo-ramo leungeunna. Beuki lila, beuki tarik,
nepi ka biwir Mang Winta jeding. Puguh baé reuwas, sabab basa dur magrib
téh teu bisa dahar-dahar acan. Boro-boro nepi ka bisa udud.
Si
Buruy mah komo deui. Basa keur saur téh teu sirikna nyerebung kawas
karéta api. Nepi ka waktuna imsak ogé, hayuh baé udud. Ari dahar mah
kawas anu poho baé. Malah geus imsak ogé, ududna téh kawas anu can
seubeuh. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna.
Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Winta,
dibawa ka rumah sakit.
Saterusna
anu kapapaténan téh nya Mang Sarip, pimitohaeun Jang Isud. Sarua ieu
ogé, anu jadi cukang lantaranna téh taya lian perkara udud. Mang Sarip
sirahna geus ngajarendol sagedé endog hayam. Mémang asa kurang nyambung
puguh gé, tina udud kana bancunur sirah. Tapi da keukeuh, ceuk
pamajikanana ogé, Mang Sarip téh cilaka alatan udud. Jang Isud ogé
katingalina téh tacan pati loba tatanya. Pangpangna mah sieun nyigeung
hate pimitohaeun. Kuriak teu meunang apél deui ka Néng Susi.
Bubuhan
ka rumah sakit téh rada anggang. Atuh kapaksa, Jang Isud nyarter mobil
angkot. Bélaan keur mayarna mah ngéclok heula ka warung, da sieun teu
kapaké téa ku pimitohaeun.
“Badé ka rumah sakit umum, A?” supir angkot tumanya bari nincak pedal gas.
“Muhun,” témbalna Jang Isud bari ngarérét. Horeng supir téh keur nyeungeut udud.
“Teu saum, mang?” tanya Jang Isud.
“Henteu, Kang. Sanés kunanaon, abdi mah upami nyupiran bari teu nyesep téh, sok janten tunduh. Matak, batan nyilakakeun muatan mah, abdi maksakeun henteu saum,” témbalna kalem pisan.
“Kumaha, mang? Maksakeun?”
“Muhun, abdi téh maksakeun wé henteu saum, batan nyilakakeun panumpang…” témbalna deui.
“Ari
kedahna mah, emang téh saum. Da ari bagja cilaka mah, teu aya patalina
sareng udud. Urang kudu percaya, yén jodo, pati, bagja sareng cilaka aya
dina tangan Gusti Nu Maha Suci.
“Keun
wé atuh, geureuhan teuing siah! Nu udud aing! Mun doraka ogé, tangtu
aing! Nu meuli da aing, teu ménta duit ka didinya! Rék naon didinya?”
supir téh rada muncereng ka Jang Isud. Atuh puguh Jang Isud kasigeung.
Pangpangna mah apan di gigireunana aya Néng Susi. Tada teuing wirangna,
lamun teu bisa ‘males pati’.
“Aéh, aéh… ieu mah dipapatahan téh kalah ngalawan! Aing mah méré nyaho wé, belegug!” Jang Isud nyentak.
Cekiiit!
Mobil angkot dierém sakaligus. Sirah Jang Isud ogé tidagor kana kaca,
nepi ka buncunur. Blak, panto dibuka ku supir. Jrut turun bari ngarawel leungeun Jang Isud. Teu antaparah deui, habek! Habek! Jang Isud dicehcer, nepi ka teu boga kasempetan pikeun ngalawan.
Antukna
anu dirawat di rumah sakit téh jadi duaan, nyaéta Mang Sarip jeung Jang
Isud. Anu jadi marga lantaran pangna dirawat téh, duanana ogé sarua
alatan tina udud. Antukna saréréa jadi ngarti, antara udud jeung
buncunur sirah téh raket pisan patula-patalina. Komo ninggang ka Jang
Isud mah, sajabana ti buncunur téh, ditambah ku baloboran getih sagala.
Hiji ‘Penemuan panganyarna’ dina dunya paélmuan, anu (béjana mah)
sakeudeung deui bakal diumumkeun ku Profésor Etom, kalayan penelitianna
ogé dijudulan “Relationships udud and bancunur sirah”. Dina
panalungtikan Prof. Etom ogé ditétélakeun yén manahoréng geus maraot téh
henteu arudud. Sabalikna, ari nu udud mah dijamin henteu maot.
**
KU
ayana tragédi udud nu kaalaman dina bulan puasa, Jang Isud geus buleud
patékadanana rék eureun udud. Sanajan manggih gogoda anu rohaka ogé,
manéhna kedal jangji moal nepi ka kagoda. Teuing aya patula-patalina
jeung Néng Susi anu sakitu ijidna kana haseup udud, atawa mémang Jang
Isud téh geus maju ka bener.
“Matak ogé, kudu dieureunan ngaroko téh. Bahaya…” ceuk Jang Ubéd.
“Gampang ari nyarita mah. Tapi palebah prak-prakanana anu hésé téh. Kawas teu karasa baé,” Jang Isud rada muncereng.
“Da uing mah Alhamdulillah, geus teu beuki ngaroko,” Jang Ubéd nyarita deui.
“Kumaha tah carana, nepi ka bisa eureun udud?” Jang Isud rada curinghak.
“Gampil
pisan. Ngarah teu hayang ngaroko, mémang perelu diakalan. Ari uing mah
carana téh kieu: Unggal hayang ngaroko, sok diselapkeun heula rokona
kana kélék. Puguh baé roko téh jadi bau. Antukna uing jadi teu hayang
ngaroko,”
“Meunang sabaraha jirangan tah silaing nyelapkeun udud kana kélék?” Jang Isud semu anu panasaran.
“Ah, kakara lima batang ogé, Alhamdulillah uing mah geus kapok. Teu hayang ngaroko deui nepi ka ayeuna,”
“Alus
ogé ana kitu mah. Cik ah, uing ogé hayang nyobaan. Tapi… ari nyelapkeun
udud kana kélék, matak ngabatalkeun puasa teu?” kituna téh bari ngarérét ka Ustad Otong.
“Nya moal atuh. Kajaba lamun rokona tuluy dihuapkeun,” témbal Ustad Otong.
“Iiih…gila-gila acan…” meh bareng, tingbirigidig bari nutupan biwir ku leungeun. Harita Jang Isud tuluy ngejat ka luar. Muru ka imahna.
Kakara ogé asup ka patengahan, panon Jang Isud mani geus manco kana méja. Aya roko ngagolér, lima
batang deui. Mangkaning lain roko meunang nganjuk. Geus kabayang baé
nikmatna, upama harita éta diudud. Tapi Jang Isud satékah polah nahan
kahayangna. Nepi ka antukna mah inget kana omongan Jang Ubéd. Belenyeh,
seuri sorangan, bari
ngaléngkah ka deukeut meja. Kop kana roko sabatang. Tuluy diselapkeun
kana kélékna. Sanggeus rada lila, roko téh diambeuan. Belewer,
dibalangkeun.
“Enyaan, jadi geuleuh rék diududna ogé…” gerentes Jang Isud bari kop deui kana roko. Tuluy diselapkeun kana kélék. Diambeuan. Tuluy dibalangkeun. Kitu jeung kitu wé nepi ka udud téh ledis.
Teuing élmu Jang Ubéd anu matih, atawa mémang kélék Jang Isud anu bau tujuh rupa. Nu écésna mah, Jang Isud geus tara katingali deui ngaroko. Suksés
pisan hayang euereun udud ti keur jaman SMP téh. Nepi ka antukna Jang
Isud ngahajakeun néangan Jang Ubéd, pikeun nganuhunkeun kana sagala rupa
papagahna.
“Nuhuuun
pisan euy. Ku jasana ilaing, ayeuna uing téh geus teu beuki udud…” kitu
pokna Jang Isud, basa kabeneran panggih jeung Jang Ubéd di pudunan
Ciméndong.
“Sukur pisan atuh. Sugan baé satuluyna teu hayang ngaroko-ngaroko deui…”
“Sigana mah nepi ka iraha ogé, uing moal ngambeu deui haseup udud,” kituna téh bari ngaluarkeun roko kréték tina jero pesakna. Puguh baé meunang sakedapan mah Jang Ubéd molohok mata simeuteun.
“Ké, ké, ké…naha manéh téh kawas nu lieur? Ongkoh bieu nyarita, geus tara udud? Geuning éta kalah ngaluarkeun roko?” Jang Ubéd tumanya, bari tarangna beuki kerung baé.
“Sing wani kabéntar gelap, mémang uing geus tara
udud. Tapi uing téh ayeuna kacanduan nyelapkeun udud kana kélék. Pokona
mah, lamun teu nyelapkeun udud kana kélék téh, mani sok asa gararéték.”
témbalna Jang Isud kalem naker. Tuluy roko téh diselapkeun kana kélék,
diambeuan, sarta dibelewerkeun.
Tah
kitu sasakalana pangna Néng Susi ngantep Jang Isud beuki udud. Sabab,
ceuk timbangan Néng Susi, batan boga kabogoh tukang nyelapkeun udud kana
kélék, asa mending ka tukang udud baé. Paling henteu, moal kacaturkeun
boga kabogoh jalma burung. Kilang kitu, ududna diwatesan ukur 9 batang
sapoé. Teuing kumaha da Néng Susi mah resep pisan kana angka “9” téh.
Aya kamungkinan alatan Néng Susi resep maén qiu-qiu. Saba
napél ogé, Jang Isud mah paling ogé diajakan maén qiu-qiu. Nu matak
lain udud wungkul nu kudu “9” téh, da kawin ogé ngajakna téh dina taun
2019.
“Néng, kunaon sih mani resep kana angka 9?” Tanya Jang Isud sakali mangsa.
“Apan
nami akang dikawitan ku hurup “I”. Ari hurup ‘I’ téh mangrupi hurup
ka-9. Engké ogé pami gaduh putra, namina bade dikawitan ku hurup “I”
sadayana…” témbal Néng Susi.
“Naon hubunganana hurup ‘I’ sareng roko, Néng?”
di cutat ti ............http://galuh-purba.com