Ku DHIPA GALUH PURBA
Néng
Wiwin ogé sakedapan mah rada ngahuleng, basa nyaksian Si Buruy anu
riringkid mawa bantal jeung simbut, bari ngagidig semu rurusuhan.
Bubuhan Néng Wiwin mah jalma anyar, nya tangtu baé can pati apal kana
kabiasaan barudak di Cigorowék. Bisa jadi, panyangkana mah rék pundung
deui, alatan dicarékan ku akina. Maklum da Si Buruy mah, ampir unggal
bulan, pundungna téh. Lamun lain perkara embung dicukur, paling ogé
urusan jeung tatanggana, alatan nyumputkeun sendal. Matak urang
Cigorowék mah da geus teu pati aranéheun deui.
Tapi
ari peuting éta mah, Si Buruy lain rék pundung cara sasarina. Sanajan
akina ninitah ogé, Si Buruyna tara daékeun. Pangpangna mah sieun henteu
dipangmeulikeun pakéan anyar. Unggal bulan puasa ogé, mémang Si Buruy
mah sok pindah saré ka tajug. Malah lain Si Buruy baé. Kaasup batur
ngabluna ogé, da sarua tukang meuting di tajug.
Bras,
Si Buruy ka hareupeun tajug. Di dinya geus ngadagoan barudak
pantaranana aya kana sapuluh urang. Biasa baé, sabangsaning Si Aték, Si
Ook, jeung sajabana. Teu pati béda jeung Si Buruy, maranéhna ogé geus
tatahar bekel saré sapuratina.
“Jadi kumaha acara peuting ayeuna?” tanya Si Aték, bari menerkeun kopéahna anu rada déngdék.
“Béjana mah, di imah Mang Sarkowi aya dulurna ti kota,” témbal Si Buruy.
“Urang mana?”
“Béjana mah ti Cianjur.”
“Cianjurna di mana?”
“Ciranjang.”
“Wawuh ka Nénéng Rostika?”
“Nyao. Na jeung nanya ka uing atuh. Tanyakeun baé ka jinisna,”
“Aéh heueuh. Aya ku poho,”
“Geulis, teu?”
“Dalapan koma tujuhpuluh tilu.”
“Oh, saluhureun Néng Wida, sahandapeun Néng Lina,” Si Ook mairan.
“Geus gandéng atuh! Kawas urusan matematika baé. Sok di beulah mana éta téh saréna?”
“Moal salah, pasti di kamar tengah. Da kamar tukang mah, apan sok dipaké gudang paré.”
Mémang
barudak téh keur meujeuhna badeur. Sakapeung mah sok matak
ngajangarkeun kolot. Heureuyna ogé sok kamalinaan. Éta baé, boga
pangarasep kana noong ogé, apan geus adat kakurung ku iga. Leuheung
basa, lamun tara bari ngaruksak. Da ieu mah, apan bilik imah Aki Jamhuri
ogé, nepi ka barolong, balas ditarojosan ku paku. Kungsi éta ogé Si
Aték neunggar cadas. Basa hiji mangsa keur noong budakna Mang Suhadma.
Teu kanyahoan mimitina, Mang Suhadma geus aya di tukangeunana, bari mawa
haseupan. Teu antaparah deui, haseupan téh dirungkupkeun kana sirah Si
Aték, nepi ka tosblong. Puguh baé Si Aték reuwas kabina-bina. Beretek lumpat tipararétot. Mangkaning haseupan téh, hésé pisan diudarna.
Dina Bulan Puasa taun ieu mah, acara Si Buruy anu kaitung ngetrend kénéh teh, nyaéta abring-abringan
dina wanci saur, bari nakolan sabangsaning kaléng butut. Malah sakali
mangsa mah, nepi ka bedug masigit ogé apan diparanggul. Leuheung basa,
lamun diteundeun deui kana urutna. Da ieu mah sangeunahna pisan atuh.
Clé di mana karep. Puguh baé, basa Ustad Otong rék nakol bedug subuh,
kacida medenghelna barang ningali bedug geus teu nyampak di tempatna.
Mangkaning di Cigorowék mah apan can aya spéker. Geus ilahar, wanci
subuh téh tandana ku nakol bedug. Ustad Otong kutuk gendeng, bari
kukurilingan néangan bedug. Kapanggih-panggih téh, ngajugrug di sisi
balong anu Mang Lurah, pipireun pisan kamar Néng Lina.
Sapeuting
harita mah, Si Buruy saparakanca, teu bisa ‘raraméan’ cara sasari.
Sajabana ti kaayaan hujan, katambah geus disetrap, tur meunang peringatan ti Mang Lurah. Lamun sakali-kali deui nyieun masalah
sarupa kitu, mangka moal dibéré kolek cau, sésa ‘konsumsi’ anu tarawéh.
Antukna ngan ukur ngawangkong, bari ngararasakeun panon anu geus hayang
liliaran.
“Aya
ku loba-loba teuing reungit, euy. Mani napuk kieu,” ceuk Si Aték, bari
gogoléhéan kana rékal. Kituna téh leungeunna mani pahibut, ngeprakan
reungit.
“Étah, ulah dipaéhan. Reungit téh leluhur urang kénéh,” ceuk Si Buruy.
“Na kabina-bina teuing, ari ngomong téh.” Si Aték nyéréngéh.
“Itu geura. Marukana ngawadul. Uing mah nyaan, ceuk Bah Anés. Sing Wani kabéntar gelap tah,”
“Kumaha sih caritana?”
“Kieu…”
derekdek baé Si Buruy nyaritakeun dongéng perkara reungit, anu kungsi
didongéngkeun ku Bah Anés sawatara waktu kaliwat. Kieu cenah mah:
Jaman
baheula téh, antara reungit jeung jalma, aya patula-patalina. Hanjakal
pisan, kaayaan waruga anu kalintang bédana. Ari reungit mah awakna gedé,
tapi teu bogaeun jangjang. Ari jalma mah, awakna leutik (sagedé reungit
jaman ayeuna) tapi boga jangjang.
Dina hiji poé, basa jalma keur gegeleberan luhureun kulambu, reungit pangangguran ngajakan ngawangkong.
“Jal,
sigana lamun uing bisa hiber, aya bahan rada ngeunaheun nya. Bisa
nginjeum jangjang, teu?” ceuk reungit, bari cengkat. Kop kana sendal,
tuluy leumpang, muru ka palebah jalma anu keur euntreup.
“Ah, embung. Ké uing moal bisa hiber atuh,” témbal jalma.
“Kajeun atuh, da moal lila ieuh,” Reungit satengah maksa.
“Sok atuh, asal uing nginjeum awak silaing. Uing ogé hayang
ngasaan boga awak gedé.” pokna. Meunang sakedapan mah, reungit
ngahuleng. Tapi lila-lila mah unggut-nggutan bari nyéh baé seuri.
“Sok atuh, tapi omat, ulah kabur,”
“Rék kabur kumaha? Apan awak gedé mah, babari néanganna ogé. Mun sotéh uing, tinggal hiber baé rék niat kabur mah,”
“Aéh,
enya nya.” Reungit nyatujuan. Satuluyna mah, tukeuran wéh. Awak reungit
dibikeun ka jalma. Jangjang jalma dibikeu ka reungit.
Nya
ti harita pisan, kaayaan waruga reungit jadi leutik téh. Tapi ku
lantaran jalma ngarasa ngaunah mibanda awak badag. Antukna teu daekeun
ditukeuran deui. Kungsi sakadang reungit nyusulan jalma ka Babakan
Sophia. Tapi béjana mah, jalma téh kalah nyumput dina jero lomari. Malah
nepi ka ayeuna, jalma kalah nyiar tarékah, sangkan henteu diontrog ku
reungit. Pon kitu deui, nepi ka kiwari, reungit taya kabosen néangan
jalma. Tapi jalma siga anu api-api torék. Najan reungit ngagorowok kana
liang ceuli ogé, angger baé teu didéngé. Malah sok kalah dipaéhan.
“Ké, ké, ké…asa teu pati nyambung carita téh. Euweuh ti dituna, bangsa manusa kudu urusan jeung reungit mah…” Si Ook ngahuleng.
“Geus, teu kudu dipikiran. Pilakadar ogé dongéng Bah Anés gedebul. Dipercaya teuing atuh,”
“Jadi, pangna reungit sok nyoco téh, sigana mah alatan awakna teu dibikeun deui, nya?”
“Enya bener. Tapi ari perkara reungit anu sok rajeun nyerot getih mah, aya alésan khusus atuh,”
“Naon tah?”
“Apan aya kénéh, sésa pasifatan jalma anu ngancik dina reungit,”
“Na ari jalma, baheulana sok resep nyerot getih jalma kitu? Aéh, getih reungit?
“Bandungan baé jalma jaman ayeuna…” kituna téh bari menerkeun bantalna. Ukur sakédét nétra, geus kadéngé sora kérékna.
Leng, Si Aték ngahuleng, bangun anu jangar naker tayohna téh.***
DI cutat ti.........http://galuh-purba.com