CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

Keris Nagasasra Nu Kungsi Meruhkeun “Mas Galak”

di cutat ti.....http://niniemeh.blogspot.com .......

Jalan Cadas Pangeran ngandung ajen Sajarah khususna pikeun urang Sumedang umumna mah bangsa Indonesia.Anu jadi sabab ieu jalan anu aya di lokasi Kab Sumedang teh baheulana tempat kerja paksa alias Rodi tea jaman pamarentahan Herman Willem Daendels .Nurutkeun Sajarah Gubernur Herman Willem Daendels teh kasohor sahaok kadua gaplokna matak dipikasieun malah disebutna oge Mas Galak atawa  aya oge nu nyebut Mas Guntur.Boro-boro urang Sumedang dalah anu sabangsana oge loba nu careuceubeun akibat ku katelengesanana. Harita ujaring carita dina taun 1808-1811 satekah polah ieu Gubernur nu katelah Mas Galak teh ngupayakeun Pulo Jawa aman tina serangan Inggris nya diantarana nyieun jalan ti Anyer ka Panarukan Banyuwangi.

Maksudna nyieun ieu jalan teh keur ngalancarkeun pergerakan pindahna pasukan ti wilayah ka wilayah di Pulo Jawa, anu kaua keur ngalancarkeun roda kapamarentahan nu katilu keur ngalancarkeun lumangsungna perekonomian. Ngawangun jalan Cadas Pangeran kacatet dina sajarah boh tingkaat local nyakitu deui di tingkat Nasional nepikeun ka nimbulkeun loba korban jiwa penduduk .Mimitina mah jalan Cadas angeran teh jalan anu luhur dibobok ti 26 Nopember 1811 nepi ka 12  Maret 1812 anu dipingpin ku Raden Demang Mangkoepradja kalayan ditaliti/dititenan ku Pangeran Koesoemahdinata malah aya monument anu dijieunna tina marmer anu unina ku basa Walanda “ONDER LEIDING VAN RADEN DEMANG MANGKOEPRADJA EN ONDER TEOZICHT VAN PANGERANG KOESOEMADINATA AANGELEGT 1811 GOORGEKAPT 26 NOPEMBER TOT 12 MAART 1812”.
Proses nyieun jalan Cadas Pangeran ujaring carita loba ngorbankeun jiwa jeung raga ku alatan digawekeun samemena ku pihak walanda pimpinan Gubernur Dandels tea, nepikeun ka Pangeran Koesoemahditata IX Bupati Sumedang taun 1791-1828 ngarasa teu ngeunah loba masyarakatna nu jadi korban ku alatan kerja paksa tea. Nepikeun ka ngarasa kagugah  hatena keur ngabela rahayat nu katalansara tina tugas RODI tea .Dina hiji waktu mah sakumaha biasa Mas Galak teh ngayakeun pamariksaan ka tempat lokasi Gunung anu teuas ngabatu di Ciherang anu tonggoheun kampong Singkup tea.. Pangeran Koesoemadinata IX nembongkeun wawanenna ngalawan Daendels ku cara sasalaman make tengen kiwa,sedengkeun nu katuhu nyabut keris Nagasasra. Atuh puguh we anu biasana kumis baplang teh  harita mah jadi komboy ngulapes kawas daun cau direrab ku seuneu. Soca Pangeran Koesoemadinata IX neuteup seukeut ka ieu Jendral anu katelah bengis dipikagigis jeung dipikasieun ku balarea nepikeun ka bisa  ngalumpuhkeun hate Mas Galak . Mun ceuk basa urang mah kieu meureun “ Kunaon biasana sasalaman ku katuhu ari ieu ku kenca?” ceuk  Jendral Marsekal Herman Willem Dandels ka Pangeran Koesoemadinata anu katelah Pangeran Kornel.
“Paduka Tuan,…!!!, lain kuring teu hayang ngalaksanakeun ieu pagawean nu kacida beuratna, cik atuh sing aya tinimbangan lantaran ieu pagawean teh leuwih beurat tinu sejen . Ku kituna kuring ayeuna keur nembongkeun wawanen ngalawan Tuan, yen Regent Sumedang anu ngaranna KOESOEMADINATA leuwih hade kuring paeh sorangan jeung tibatan loba masyarakat nu jadi korban. Kitu bumelana Pangeran Kornel ka masyarakat Sumedang jaman harita. Nu matak keris NAGASASRA boga lalakon dina ngawangun jalan Cadas Pangeran ngalawan kolonial Walanda anu ngaranna Herman Willem Daendels anu katelah MAS GALAK tea.  Cag ah .