RÉGENT atawa Bupati Tanujiwa
timbul sipat héroikna dina ngabéla bangsa, sanggeusna didatangan ku Haji
Prawatasari ka markasna di Kampung Baru. Harita inyana keur reureuh di
kamarna, ujug-ujug ngabedega Haji Prawatasari, teuing ti mana asupna.
Tanujiwa rada geumpeur sabab geus kadéngé béja yén pangagung pribumi anu
biluk ka Kumpeni mah, pasti dipaténi.
Tapi tétéla Haji Prawatasari nyulundup ka jero kamar Tanujiwa sacara demit, lain rék ngakalakeun jiwana.
“Andika
boga kakuatan pikeun buméla ka bangsa sorangan, lamun mah enya andika
cicing di dieu maksudna keur kapentingan bangsa sorangan,” saur Kangjeng
Haji. Ki Mas Tanu acan leungit geumpeurna. Manéhna masih kénéh mikir,
kumaha carana Haji Prawatasari bisa nyulusup ka jero kamar, padahal di
éta lingkungan rajeg nu jaga. Jadi, lamun mah Haji Prawatasari niatna
rék ngakalakeun, geus moal bisa kumaha.
“Kumaha,
sanggup teu bajoang jang kapentingan Sunda tapi moal nampa pamulang
tarima, kajaba pangjejeléh jeung panghina?” saur Kangjeng Haji deui.
Kalawan teu mikir dua tilu kali, Tanujiwa némbalan: “Sanggup!” pokna tatag.
“Anjeun
geus aya di jero kakuatan musuh, kudu bisa miteskeun éta kakuatan.
Carana, anjeun kudu daék jadi juru telik, katut mantuan ngancurkeun
kakuatan Kumpeni ti jero,” saur Kangjeng Haji. Ki Tanujiwa unggut deui
baé.
“Ieu téh ukur paguneman urang duaan. Montong deungeun, dalah indung suku gé montong dibéjaan.”
Ki Tanujiwa unggeuk.
“Beuki
sia dijejeléh ku urang Sunda, beuki sia dipercaya ku Kumpeni. Wayahna,
tepi ka sia kojor, boa tepika ahir jaman, ngaran sia tetep jadi geuleuh
keumeuhna urang Sunda. Ieu keur kapentingan perjoangan. Sanggup?”
“Sanggup.”
Geus
kitu duaan badami néangan réka perdaya sangkan urang Sunda beuki
geuleuheun jeung Kumpeni beuki percayaeun ka Ki Tanujiwa. Nya ti kamar
ieu nu aya di Kampung Baru lahirna lalaguan “Ayang-ayang-gung” téh. Tata
rumpakana lain anu kiwari dipiwanoh da nu ayeuna mah ladang nyieun deui
dina abad 19 téa. Tapi sakumaha ceuk paguneman harita, hasilna jang Ki
Tanujiwa mémang teu robah. Tug ka kiwari, Tanujiwa tetep dianggap jalma
anu hianat ka bangsa. Nu nyusun sajarah Bogor luareun Kumpeni, tetep teu
ngaku Tanujiwa salaku pendiri Bogor. Bupati munggaran Kabupatian Bogor,
nu dicatetkeun, lain Tanujiwa."***** ......di cutat ti....http://sahadatsunda.blogspot.com/