Waktos kapungkur kacarioskeun aya hiji wanoja anu ngarandapan raheut
manah. Namina Nyai Gabug. Anjeunna téh raheut manah ku hiji pameget.
Nyai Gabug apruk-aprukan, terus milarian babakan nyingkahan nu ngarajét
haténa. Nyai Gabug téh disarengan ku tilu raina: Setayu, Naibah, sareng
Naidah. Taya nu terang saha lalaki nu tos ngaraheutan Nyi Gabug téh.
Saliwatan mah cangcaya mun Nyi Gabug kudu ngalaman raheut haté téh.
Pangna kitu, Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina.
Sakur nu pareng amprok sareng Nyi Gabug, boh istri boh pameget, jorojoy
resep jeung bogoh.
Kocapkeun, Nyai Gabug jeung tilu raina anjog ka hiji pasir di tungtung
lembur babakan. Saterasna Nyai Gabug bubuara ngadegkeun tempat
pamatuhan.
Ngababakanana Nyai Gabug téh enggal pisan nyebarna, ibur salelembur, éar
sadésa, yén di babakan pasir aya opat wanoja geulis. Nya sakur nu
panasaran mah pada ngajarugjug ka babakan téa. Barang prok ogé, henteu
mencog tina sangkaan, opat wanoja téh geulis taya tandingna. Malah loba
lalaki nu ngaheureuyan rai-raina Nyai Gabug.
Nyai Gabug ngatik ka raina sangkan ulah gampil kagoda ku wujukan kaum
pameget. Utamina kedah ngeunteung kana lalakon anu tos karandapan ku
anjeunna. Demi tilu raina henteu baha kana rupaning papagah nu jadi raka
éstuning pengkuh kana pamadegan, moal waka kagoda ku pameget mun rakana
Nyai Gabug can nyaatujuan.
Ku sohorna kageulisan Nyai Gabug, dugi ka Raja Gubangkala. Anjeunna
ngaroas panasaran. Malah tara ti sasarina, Gubangkala indit ti karaton
henteu ngawakilkeun. Teu kacatur di jalanna, Raja Gubangkala anjog ka
wewengkon pasir babakan. Barang gok paamprok paadu teuteup sareng Nyai
Gabug, Raja Gubangkala langsung katarik kapentang asmara. Harita kénéh
Raja Gubangkala ngajukeun lamaran ka Nyai Gabug, geusan dijadikeun
praméswari di karajaanana.
Nyai Gabug méré tanjakan ka Gubangkala, heg cenah dipigarwa, asal
Gubangkala kudu bisa malikkeun deui kukuk anu dipalidkeun ku Nyai Gabug
ka girangkeun. Gubangkala kacida ngaranjugna. Tanjakan téh sakitu
abotna. Namung da anjeunna ogé sanés jami atah-atah. Tanjakan téh
disanggupan. Nya Gubangkala nyoba malikkeun kukuk nu dipalidkeun ku Nyai
Gabug. Tapi dalah dikumaha, Gubangkala teu sanggup ngayonanana. Kukuk
terus palid teu bisa balik deui. Gubangkala teu tinekanan nyanding ka
Nyai Gabug da puguh kasakséni kumaha linuhungna Nyai Gabug. Nya ti
harita mah taya deui nu ngahéroan. Jigan teu sanggup kana tanjakanana.
Hiji magsa, Nyai Gabug teu damang wales dugi ka kapidara. Tilu raina
reuwas kareureuhnakeun kalayan ngaraos hariwang. Namung teu lami, Setayu
nampi ilapat kedah milarian geutah buah kilaja muning. Saterasna éta
geutah téh diulaskeun kana lambeyna Nyai Gabug.
Henteu sakara-kara, sabada lambey Nyai Gabug diolesan geutah buah kilaja
muning, Nyai Gabug sadar deui. Nyah beunta. Nyai Gabug cumarios ka tilu
adina sangkan énggal-énggal ngali taneuh ngadamel lombang. Nya tilu
rainan ngadamel lombang.
Saparantos réngsé ngadamel lombang, Nyai Gabug lebet kana lombang téa
kalayan miwarang ka tilu rainan nutupan éta lombang ku rénggé (régang).
Rai-raina nutupan ku rénggé. Barang tos buni, tiluanana ngaranjug, tina
sela-sela rénggé aya cayaha gilang gumilang lir anu merong raina anu
tiluan. Nya ti harita éta tempat téh katelah jadi Maronggé, minangka
wancahan tina kecap merong sareng rénggé (régang). Dugi ka ayeuna éta
lembur téh katelahna Maronggé. Ayana di Kacamatan Tomo, Kabupaten
Sumedang. Maronggé téh langkung sohor batan lembur-lembur séjénna di
Kacamatan Tomo.**