Laki-rabi teh masalah iztimaiyah, sanes saukur
urusan salaki sareng pamajikan wungkul, tapi
seueur pisan patula-patalina sareng karabat
katut masarakat. Kukituna hirup laki-rabi the
pinuh ka rupi-rupi romantika, seuri pacampur
nyeri, aya bungah aya susah, lir ibarat lalayaran
di sagara. Suka seuri mung seug langit lunglang
parahu nyuwuruk maju, tapi sakapeungmah
leungit sok angkeub, angina gede ngagelebug,
parahu guluang galeong katebak ombak.
Tah
kumargi eta urang kedah caricing pageuh
kancing. Tatan-tatan ti anggalna, sangkan tabah
tur tawekal dimana datang cocoba. Malar
henteu lieur jeung galideur, urang kedah teguh
pengkuh anceg panceg ka Gusti Rabbul Ijati.
Cekel sing pageuh papagon Gusti, ulah unggut
kalinduan gedag kaanginan kabawa sakaba-
kaba, sing runtut laut rempung jukung
sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot
sapinaheun. Pacuan ulah rek pagirang-girang
tampian patukang tonggong aing-aingan ketuk
kendang ngaler.
Ngawayuh sanes kangge ngajalur napsu
ngumbar kahayang, dawuhan nu Maha Kawasa,
ayat tilu surat An-Nisa (serat ku hidep sareng
artina).
Urang jahiliyah jaman baheula mun ngurus
yatim piatu nu baroga kakayaan tur kabeneran
awewe rata-rata sok ngarah ngarinah. Contona
kieu : mun istri ngijing sila bengkok sembah-
atawa beungeut nyanghareup ati mungkir ka
salaki komo mun basangkal nuking nonggong
ka Gusti, diwurukan ku sepuh teu ngagugu,
etang-etang ngawarah saheulaanan, pek
ragragan talak munggaran sugan jeung sugan
kapikir kaping burih awal akhir babalik piker.
Atanapi sawangsulna upami caroge luar leor
siga oray, legel lebe miyuni santri, padahal
lungguh tutut bodo keong, teu kaop reup
peuting sawah sakotak kaider kabeh, nu donto
diendogan nu lenjang di anjungan, cul anak
jeung pamajikan, tah lebah dieu istri aya hak
gugat menta dipirak.
Jadi upami rumah tangga awet rajet teu kendat
papaseaan unggal poe tambah dosa, di dunya
taya kamarasan di aherat di ancam siksa
naraka, demi kasalametan dunya aherat
mending milih-milih rabi mindah mindah rasa.
Ngalap cekap wejangan ka pamegetna, ayeuna
dugi kana giliran bakal panganten istri, sangkan
geulis rupi geulis ati, geulis matak kaleleban
leleb anteb kana hate caroge, malar tibra ibu
rama, tiis ceuli herang panon, mangga
regepkeun ieu papagon Gusti , bapamah ngan
sakadar rokruk dinyawaan upamina.
Kedah taat ngalaksanakeun agama, ibadah ulah
campoleh da urang the bakal paeh, ka caroge
kedah sae, pacuan ulang beungeut
nyanghareup ati mungkir, salajengna ka
sasama babakuna ka ibu rama kedah handap
asor sae budi basa.
Dina ngatur rumah tangga kedah tiasa
ngeureut miceun pinter neundeun miraweuy
sampeureun paikahareupeun, saeutik sing
mahi loba sing nyesa.
Ulah mikahayang nu bakal moal laksana, kudu
ngukur ka kujur nimbang ka awak, mun caroge
aya di bumi pacuan ulah nyusut bari camberut
atawa peperedih bari biwir nyiru rombengan
boh bilih salaki nyingkir ngaleos ngadon
pelesir. Sedeng pameget mah teu kaopan,
upami ngejat ti imah ngojengkang anggang ti
kandang gampil keuna ku owah gingsir teu
paya ngambeu nu hanyir-hanyir.
Nu kasep sareng nu geulis, upami hidep di
pareng ngantunkeun lembur matuh banjar
karang pamidangan, imah-imah
dipangumbaraan, sing tiasa titip diri sangsang
badan pindah cai pindah tampian. Kudu jujur
laku hade lampah sangkan mulus bunglus
rahayu salamet jatmika taya codeka.
Dina enggoning ngudag-ngudag dunya barana
ulah sarakah tunggul diparug catang dirumpak
teu tolih bata jeung haram. Hirup di dunya the
ngan sakadar ngumbara. Umur katungkul ku
pati maot teu nyaho dimangsa, mun geus
cunduk kana waktu dipundut kunu kagungan ,
harta sareng pangkat teu dicandak ka aherat,
saukur dibaju hasiwung diharudum boeh
larang ngaringkuk dijero kubur, rup ku padung
rap ku lemah diurungan taneuh beureum,
harta meunang sarakah , pangkat lading
ngajilat, teu jadi tatalang raga, gedong sigrong
salin rupi jadi liang poek mongkleng, culang-
clieung nunggul pinangkarareueung kararetir
taya tanding.
Pamungkas ieu piwuruk :
Ulah rek munjung ka gunung, muja ka talaga,
gunung mah sok rajeun urug, talaga sok rajeun
bedah. Munjung jeung muja mah wungkul ka
gusti nu Maha Agung. Nyembah ka pangeran
omat ulah dibarengan munjung ka kayu ka
batu, atawa muja ka barhala jeung sabangsana,
kitu the laku kaliru temahna matak cilaka.
Sadaya amal ibadah bakal leungit tanpa lebih
hilang tanpa kirana, balukarna disiksa dina
naraka taya kendatna.
Habluminalloh habluminanas