CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

Nu Maha Ngatur Rijki



 
SEUEUR jalmi anu tos terang, yén rijki téh aya dina panangan Alloh atanapi rijki diatur ku Alloh. Hanjakalna ukur samet terang, kalayan masih seueur anu teu disarengan ku kayakinan. Margi, upami yakin rijki diatur ku Alloh, tangtos moal kedah ngalakukeun korupsi, licik dina icalan, nipu, mak-mak mek-mek hayang ngarawu ku siku, jsté. Sipat-sipat jeung laku lampah saperti kitu téh, natrat pisan dina kahirupan jaman kiwari. Lamun kitu kaayanana, naha leres éta jalmi ngarasa yakin yén rijki diatur ku Alloh?
Dina al-Qur’an, surat Al-Baqarah, ayat 22 ditétélakeun: “Mantenna Anu ngajadikeun bumi minangka dadampar jeung langit minangka lalangit, jeung Mantenna nurunkeun cai (hujan) ti langit, lajeng Mantenna
ngahasilkeun ku jalan hujan sagala rupa bungbuahan minangka rijki keur anjeun, ku ayana kitu dipahing pisan nyakompét daunkeun ka Alloh, padahal anjeun geus pada apal.” Nyakompét daunkeun téh taya sanés nyembah ka salian ti Alloh, anu tangtos kagolongkeun kana musrik. Lantaran sieun teu kapaké ku dunungan, loba di antara jalma anu ngorbankeun solat. Jadi, manéhna leuwih sieun ku dunungan batan ku Alloh. Manéhna kasieunan henteu kapaké, anu ka dituna sieun henteu meunang duit ti dununganana, kalayan poho yén anu ngatur rijki mah apan Alloh.  Lamun aya anu siga kitu, tangtu baé henteu karasa, yén manéhna keur diajar midua Pangéran.
Sabalikna, pikeun jalma bener mah moal ngarasa kasieunan seret rijki alatan nyongcay waktu digawé pikeun solat, sabab manéhna apal yén Alloh tiasa maparin rijki ti jalan mana baé. Lajeng, jalma anu sabar mah bakal narimakeun gedé atawa leutikna rijki anu katarima, moal matak ngarasula. Loba alhamdulillah, saeutik ogé tetep sukuran. Najan saeutik, anu penting mah mah. Tangtu, kudu disukuran. Sakumaha dawuhan Alloh dina QS. Al-Baqarah, ayat 172, anu unina: “Hé jalma-jalma ariman, pék dalahar di antara rijki anu hadé jeung anu dipaparin ka aranjeun, jeung kudu sukuran ka Alloh, upama enya-enya anjeun ukur nyembah ka Alloh.
Aya anu sok tumaros, “Naha Alloh bet maparin rijki ka urang kafir? Mangkaning katingalina urang kafir mah hartana bru di juru, bro di panto. Padahal mah Alloh ngutamikeun baé jalmi anu ariman...” kereteg anu lugu, tapi rada dibarung ku sirik. Mangkaning lebah ngabagikeun rijki mah, manusa moal aya nu tiasa ikut campur. Alloh badé maparin rijki ka sasaha ogé, teu tiasa diprotés, kalebet maparin ka urang kafir. Hayu urang lenyepan dawuhan-Na dina al-Qur’an surat Saba’, ayat 36, anu unina: “Pék caritakeun: Satemenna Pangéran kuring nu ngajembaran rijki keur sing saha baé anu dipikahoyong-Na jeung ngaheureutan (pikeun sing saha baé anu dipikahoyongna), tapi kalolobaan manusa henteu apal.”
Apan harta ogé minangka ujian. Aya anu diuji ku Alloh kalayan carana kakurangan harta, tur sawangsulna, aya ogé anu diuji ku Alloh kalayan carana dilangkungan harta bandana. Malah, anu langkung beurat, tangtos anu hartana seueur, margi gogodana bakal ngantay. Malah aya di anatarana anu tuluy kagégéloan ku kanikmatan dunya, tur henteu mikiran kumaha pibekeleun di alam akhérat. “Kahirupan dunya dijadikeun éndah dina paningali jalma kafir, jeung maranéhna nganggap hina ka jalma-jalma anu ariman. Padahal jalma-jalma anu takwa leuwih mulya batan maranéhna dina poé kiamat. Jeung Alloh maparin rizki ka jalma-jalma anu dipikahoyong-Na kalayan tanpa wates” (QS. Al-Baqarah 21)
Kacindekanana, lamun urang percaya yén rijki diatur ku Alloh, mangka urang teu kudu loba kahariwang dina nyoarakeun bebeneran. Urang ulah sieun dipecat jadi pagawé naon baé, lamun hiji mangsa perelu aya perkara anu kudu dibébérkeun. Urang ulah sieun teu meunang rijki, sanajan urang lain pagawé nagri, lain pagawé bank, atawa naon baé. Nu écés, kawajiban urang digawé naon baé anu halal tur luyu jeung kamampuh urang. Dina nyiar rijki, urang teu kudu hawek bin ngarawu ku siku néangan rijki, sabab urang yakin, rijki tetep minangka rusiah Alloh. Rijki moal ujug-ujug bru di juru, bro di panto, ku ayana urang metakeun jurus ngarawu ku siku.
Kacindekan kadua, upama urang diparengkeun kénging rijki anu seueur, omat ulah hilap kana wiwitan. Ku harta anu dipimilik ladang gawé urang, dipahing digunakeun keur sukan-sukan ngumbar kasenangan bari mopohokeun kana kawajiban salaku manusa: ibadah. Urang kudu ngalenyepan ayat ieu: “Alloh ngalegaan rijki jeung ngaheureutkeun keur sing saha anu dipikahoyong-Na. Maranéhna suka bungah ku ayana kahirupan di dunya. Padahal kahirupan di dunya (dibandingkeun) jeung ahérat ukur kasenangan (anu saeutik)” (Ar-Ra’d: 26)***