Aya
hiji kulawarga nu kacida pisan harmonisna, si lalaki satia pisan ka
pamajikanana, sagala kahayang nu di penta ku pamajikanana pasti
dicumponan.
Dina hijia poe di waktu pamajikanana tilar dunya, si salaki sedih pisan
jeung asa leungiteun, pas dina acara pamakaman, sarengsena
pamajikanana dikurebkeun, si lalaki ceurik tarik sabari nyanghareupan
gundukan taneuh nu baseuh keneh terus manehna teh ngipasan eta kuburan pamajikanana.
Atuh ningali kajadian kitu teh loba jalma nu bararingung, boh ti pihak kulawarga kitu deui tatangga-tatanggana
Sanggeus sababaraha lila, pihak kulawarga jeung tatanggana nu
nganteurkeun ka kuburana baralik, malah si lalaki nu cengeng tadi oge
diajak balik bareng tapi teu daekan.
Keluarga : "Kang atos atuh sing sabar, keun weh ridlo keun tong
dikipasan wae kitu atuh kuburan teh Insya Allah si teteh moal
kapanasan..."
Salaki : "Atos teu nanaon ! tinggalkeun we ! Abdi hoyong keneh di dieu heula sorangan "
Kusabab teu daek wae diajak balik, pihak keluarga teh akhirna nyalukan
Pak Haji jang dipenta bantuanana supaya si lalaki daek di ajak balik.
Pak Haji : "Kang atos teu kedah jiga kieu atuh, hayu urang uiih we !"
Salaki : "Abdi sanes teu hoyong uih pa haji, abdi teh ngipasan kuburan
ieu teh pamenta pun bojo, saurna na teh upami bade nikah deui antosan
kuburanana garing heula !"