CEKAZMEDIA BENGKEL ELEKTRONIK...Melayani Perbaikan Barang Elektronik Segala Jenis Dan Segala Merek..jl Veteran no1 komplek Ruko Pasar Majaselatan Majalengka

Nalungtik Bahasa Sunda - Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem

GEREMBEL: Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoanGUPITAN : Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping 

HUNYUR : Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik 
HUMA : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai
JALAN HUNI : Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
: Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
: Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
: Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
: Legok anu jero sarta gurawes

KUBANGAN
: Tempat nu ledok
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
: Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
: Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
: Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
: Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
 : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...
.asal................ http://puger-nyunda.blogspot.com/