ku Andang S. Argayuda.
Kasangsaraan
hirup anu panjang, kanyeri kapeurih anu lir taya ujungna, lieuk euweuh ragap
teu aya, budak remen ceurik nahan lapar, pamajikan mindeng rambisak,
nganaha–naha, bet hirup pinanggih lara sangsara. Nyeri, hate rajet asa
disasaak, jiwa mangprung kumalayang mapay–mapay panglamunan anu can puguh dimana
eunteupna, bingung, liwung,
Rek menta tulung menta tulung kasaha, da puguh cukleuk
leuweung cukleuk lamping, aya oge dulur di kota lain pentaeun jalma masakat ,
sabab dulur–dulur jareneng jadi menak,
beurat beunghar lubak–libuk loba harta. Kahirupan urang kota ieuh loba anu
araraneh, imah ublug ablag lega, kamarna pabalatak, tapi lamun kadatangan semah
urang kampung, imahna ngadadak ngariut ngaheureutan, beda jeung urang kampung, imahna heureut
leutik, tapi lamun kadatangan tamu, eta imah anu tadina heureut bet ngadak–ngadak
ngalegaan.
Ku terus ngungkung kabingung jeung loba barobeda pikir,
antukna jiwa teh bobor karahayuan, kaludeung ka teuneung dina nyanghareupan
hirup ilang musnah tina pangarasa, antukna jadi kaeunteupan gindi pikir , lat
poho katemah wadi lali ka purwa daksi.
Buleud patekadan seja neangan dunya barana pikeun ngarobah hirup,
geus gilig ati rek tapa ka gunung sugan panggih jeung anu
bisa mere harta banda anu loba, rek siluman ke, rek bangsa jinn teu paduli,
asal bisa mere harta banda anu loba rek di sorang bae, kitu patekadan harita,
kawas anu enya.
Nitih wanci nu mustari nincak kana mangsa nu utama, rebun–rebun
keneh geus nyulusup ngasruk diantara
rungkun–rungkun nu ting runggunuk baseuh ciibun, srog anjog ka pileuweungan nu
paroek caneom, areuy–areuyan rambay tina dahan kiara anu nya jangkung nya badag
ngarampidak, sora turaes nyengsreng matak keueung matak maruringkak bulu
punduk, beh handap cai walungan herang ngagenclang, lauk beunteur ting kucipak
ka hilirkeun ka girangkeun, jujukutan jarangkung bala disisi gawir nu
lungkawing.
Luak–lieuk, rarat–reret, breh beulah tonggoh palebah
mumunggang aya padataran bolenang, sisina tingjalugrug batu sagede–gede leuit,
padataran iuh linduh ka payungan dangdaunan nu keur meujeuhna hejo ngemploh.
Dina sela–sela batu diuk sila merenahkeun diri, ngarenghap panjang
ngareureuhkeun jiwa, mupus sagala barobeda pikir anu matak ngaganggu kosentrasi.
Luk tungkul panon dipeureumkeun pangrasa di hirupkeun, sagala kabisa di watek
diamalkeun, jumerit maratan langit, sukma kumalayang mumbul ka elak paul, neang
pangharepan.
Jempling, diri ngaheneng ngaraga meneng diantara hiliwirna
angin gunung nu nyecep tiis kana sungsum balung, renghap halon, jantung lir
eureun endagna, bibilasan. Teu kanyahoan
ti dituna, ujug–ujug aya angin puyuh ngagelebug muter palebah eta padataran,
leungit angin puyuh, janggelek hareupeun titingalian teh aya wanoja dangdanan putri raja, jangkung
lenjang dikabaya panjang nganggo sinjang rereng gading, nyampeurkeun ngadeukeutan.
“Kang gugah kang“.
“Beu, iyeu kula aya dimana“. Hate pinuh ku pananya.
“Wilujeng sumping kang“. Bet eta putri geulis teh ngabageakeun ku sora
anu halimpu di barung imut ngagelenyu , socana seukeut nembus jantung nu
ngadak–ngadak motah, teu puguh wirahma.
“Eu anjeun saha, jeung kuring aya dimana“. Najan ketug
jantung tutunggulan maksakeun tumanya ka putri geulis nu nyantong hareupeun.
“Abdi anu katelah Diah Pramanik, akang nuju aya di karajaan
Giri Manggala“. Nu geulis teh ngajawab daria dibarung ku imutna anu kareueut,
sakapeung panonna mencrong kawas anu nyidik–nyidik kana tantungan diri.
“Diah Pramanik ?, Giri Manggala ?, Asa teu ngarti ieu teh, naha
nyata atawa ngimpi kuring teh ?”. Hemeng, ararneh, tadi teh aya dileuweung
ganggong anu caraneom barala, naha ayeuna bet aya di tempat anu kacida endahna.
“Henteu ngimpen kang, salira leres–leres aya di ieu tempat
janten tamu agung kanggo sim abdi kang, yu ka lebet kang “. Ngajak ka jero
gedong sigrong bari leungeuna nuyun leungeun asup ka jero wangunan anu agreng.
Blus kajero gedong, beuki kaget deui bae, jero gedong teh
kawas istana, ubinna ditutup ku permadani warna hejo anu gambarna banget ku
endah, mayakpak sakuliah roangan anu ublug–ablag lega, dina lalangit lampu hias
tina kristal raranggeuyan ting kolenyay harerang.
Ngarengkog rada asa–asa rek neruskeun lengkahteh, kakaraeun
asup kanu kararieu asa kasima, ret ka hiji kamar anu pantona muka, ebreh dijero
kamar, tempat sare make kulambu anu ditaretes hiasan kembang tina emas, kembang
eros jeung malati ngampar dina kasur, seungitna mani melengsing neumbag irung.
“Aya saha Nyai ?, jiga aya tamu lalaki ?”. Ujug–ujug aya anu
nyampeurkeun awewe sakoloteun nyi putri, geulis deui bae awakna jangkung
lenjang, pakulitan hejo carulang, dikabaya panjang sinjangna batik rereng
koneng.
“Ieu tamu agung Bu, anu sumping ti alam manusa”.
“Sok atuh sina calik urang ngobrol, sakalian sadiakeun
tuangeun sareng leueuteun”. Eta ibu nyiputri bet bageur–bageur teuing, padahal
karek oge tepung.
“Ujang, ibu didieu hirup duaan, ibu rarandaan, ari anak ibu
masih parawan keneh, kabeneran hidep datang kadieu”. Si ibu teh daria naker
ngabageakeun ngajak ngobrol nyaritakeun dirina.
“Punten Bu, tadi teh kukupingan kadongkapan sim abdi teh
nyebat kaleresan, kaleresan kumaha Bu ?”. Mairan kana caritaan si Ibu bari
hayang apal kana maksud caritaannana.
“Muhun kaleresan pisan, Ibu teh nuju milari pisalakieun jang
anak ibu, katingalina hidep cocok jang pisalakieun anak ibu“.
“Pisalakieun nyi Putri ?”.
“Muhun ujang, kumaha kitu teu bogoh ?, kurang geulis ta anak
ibu teh ? “.
“Aduh sanes kitu ibu, tuang putra geulis camparenik, geulis
taya bandingna,nanging pan abdi mah tos gaduh bojo”.
“Atuh teu sawios ujang, asal hidep daek ngawin anak ibu,
sagala kahayang hidep bakal dicumponan”.
“Anu leres Ibu ? “.
“Ih nyaan, hayang mobil sabaraha ?, hayang sawah sabaraha
lega ?, hayang gedong sigrong jiga kumaha ?, ku ibu kabeh bakal ditedunan, asal”.
Ibu Ratu teh panjang lebar ku carita pangbibita, padahal teu dibibita oge
ningali rupa jeung tangtungan anakna anu sakitu geulisna bet asa pinanggih
bagja anu taya hinggana.
“Asal kumaha ibu ?.
“Asal itu bae tuh, asal dipangnuarkeun tangkal waru anu aya
di sisi gawir beulah ditu tuh”. Ibu Ratu teh nunjuk ka palebah lamping anu
lungkawing, di luhurna aya tangkal anu ngan hiji–hijina, tangkal waru.
Ret, ngareret kana panuduhna ibu Ratu, ngahuleng ngaraga
meneng, pikir mamprung mapay–mapay kahirupan lawas anu pinuh ku kawaas, ebreh
ka asih indung nu iuh linduh ngageberan lelembutan nu hanaang. Clak cimata murag
maseuhan pipi , reup peureum hate kumambang kumalayang, ras inget kana kanyeri
kapeurih, ras deui kana hirup nu lieuk euweuh ragap teu aya, sora budak anu
melas melis nahan lapar atra dina pangreungeu, deudeuh teuing.
“Kang, kunaon bet ngahuhuleng, teu bogoh ka abdi teh nya ?”.
Keur ngahuleng aya sora halimpu pipireun ceuli, awak anu geulis karasa haneut
ngagilisir kana tonggong, hate degdegan bulu punduk harudang asa muriang teu
manasan.
“Enya kunaon ujang, kawas anu ragu–ragu, pan cenah datang
kadieu teh pedah teu tahan ku kasangsaraan, cenah hayang beunghar, lubak libuk
ku harta banda anu ngaleuyak”. Ibu Ratu mairan carita, kawas anu kabacaeun yen
dina pangrasa diri pinuh ku kabingbang.
“Duh leres pisan, pangna jauh dijugjug anggang diteang,
lunta katempat hara–haraeun, pedah hirup di dunnya teh pinuh ku kanyeri
kapeurih, sangsara balangsak taya kaboga, tapi najan tujuan diri kalangsu, dina
jiwa tetep nyangkaruk karumasaan, teu sanggup kudu nyieun lampah doraka”.
“Ujang, geus loba jalma anu ngadon tapa di ieu patempatan,
pada hayang bisa ngawin anak ibu, pada hayang beunghar, tapi kabeh oge teu aya
anu ka pake, ngan hidep anu cocok meunangkeun anak ibu”.
“Muhun kunaon atuh akang teh bet kawas anu nampik ka sim
abdi, cenah saur akang abdi teh geulis, cenah ti saprak ningali oge akang teh
ka bungbulengan, kari-kari ayeuna ditaros tineung bet kalah ngabalieur ?”. Nu
geulis nyoroscos cumarita bari ngeundeuk–ngeundeuk peupeuteuyan, mun seug
kurang kuat iman pasti leeh serah bongkokan.
“Duh nyai Geulis, bogohmah kaliwat saking, ti saprak tepung
asa kabungbulengan ku salira, tapi kacinta jeung ka asih akang ka anak jeung ka
anu jadi indung, salangit luas, moal bisa disisilihan ku harta banda, moal bisa
ditukeuran ku istri geulis, tong boro ukur rasa bogoh, dalah nyawa sorangan siap
dipake tandon pikeun ngabela anak jeung ngabela indung bapa, hapunten akang
Nyai”. Kumpul deui pangacian, eling deui kana diri eling ka purwadaksi, hirup
di dunya ukur ngumbara, keur naon nyieun lampah hirup anu mangprung kasarung,
najan katalangsara ari kumpul jeung kulawarga bari tetep aya dina ka imananmah,
kabagjaan pasti kasorang.
“Nya teu naon–naon atuh ujang, ari hidep nyokot pilihan kitu
mah, emang ibu oge terang anjeun lain jalma samanea, ngan hiji waktu mun anjeun
aya karerepetmah geroan bae ngaran nyi putri anak ibu, pasti bakal datang
ngabantu anjeun“.
“Kang naha akang bet kitu, padahal sanaos teu aya tumbal oge
abdi kersa di kawin ku akang”. Nyi putri nyarita bari cumalimba awakna nangkeup
kana tonggong , kawas anu ngolo sangkan daekeun ka manehna.
“Inni tawakalttu allallohi robbi wa robbikum, hampura Nyai“.
Barang ngucap kitu, ujug–ujug bumi alam ngariyeg ginggeung, bakat ku reuwas
luncat ka luar, tapi teu jauh sabab aya anu nangkod dina tonggong, jigana nyi Putri
masih nangkeup keneh.
Eureun lini, bumi alam jadi poek meredong, lampu–lampu anu
tadi caraang bet teu katingali deui, gedong sigrong leungit dina poekna
peuting, sakuriling bungking balik asal jadi deui leuweung geledegan, ngan
ungtungna bulan keur bijil cahayana, nyi Putri karasa keneh nangkod dina
tonggong, di rampa ka tukang maksudna rek ngaleupaskeun rangkulan nyi Putri,
bet anu ka rampa teh asa aneh, awakna jadi beuki leutik jeung anu tadina lemes
bet jadi kasar asa sisitan, panasaran dileuk ana breh.
“Toooooobat, ampuuuuuuun, roaaaay, eh ooooraaaaaaaay, tuluuuuuuuuuuung“. Teu nolih di kapoek,
beretek lumpat sakalumpat lampet, tunggul dirarud catang di rumpak, ti guling kana lamping ngalutuk nepi ka sisi
walungan, teu dirasa najan aya anu nyeri terus bae mamprung lumpat nembus
belegbegna peuting.
Ti kajauhan dedengean teh sada aya anu ngageroan, malah asa
beuki deukeut, hiiiiiiiy baraid teuing. ...................
http://rakeanargayuda.blogspot.com/
http://rakeanargayuda.blogspot.com/