Kacaritakeun aya ibu-ibu nu keur ngobrolkeun kagagahan
salakina sewang-sewangan. Tah, maranehna keur uplek ngobrol kitu teh aya
saurang ti manehna nu jadi dokter kelamin. Si eta dokter ngobrolkeun
ngeunaan masalah “bobogaan” antara lalaki jeung awewe. “Yeuh, ibu-ibu
tos parada terang teu, yen ukuran gagaduhan antara pameget sareng istri
teh tiasa dibandinkeun sareng anggota awak urang?” ceuk eta dokter. Atuh
ibu-ibu nu ngariung teh panasaran ngadenge informasi anneh ti eta
dokter. “Ah, maenya, dok? Buktosna naon kitu?” ceuk salah saurang
ibu-ibu. “Janten Bu, gagaduhan caroge ibu tiasa ditingali ageung atanapi
alitna tina ukuran jempol sareng kumaha ibu-ibu calawak!” ceuk eta
dokter mulai nerangkeun. Teu kireum-kireum, eta kabeh ibu-ibu langsung
ngajawab: “Aaaaah, maenyaaaa?” ngajawabna teh bari calawak pagede-gede,
da sieun eleh gengsi. Nya, harga diri atuh lamun baham teu rada calawak
mah. Atuh engke disangka bobogaan salakina leutik. Si dokter maphum yen
eta ibu-ibu teh boga keneh gengsi nu gede dina urusan nu kitu mah. “Tah
ibu-ibu upami hoyong terang sempit keneh atanapi henteuna ukuran nu
dipikagaduh istri tiasa dibandingkeun sareng....” can ge si dokter
ngomong, ibu-ibu langsung kompak motong omongan si dokter. “Sareng naon,
dok?” “Tiasa dibandingkeun sareng sempit atawa calawak henteuna ibu-ibu
muka baham! Eta mah ibu-ibu nu aya di dinya kabeh saur manuk ngajawab
bangun nu heran: “Iiiiiih...miiiiiinyi?” (Euh, meureun eta kabeh ibu-ibu
teh kasieunan dianggap tos ‘dol’!),,,,,,,,,,,hehehehe cag,,
di cutat ti,,.wikipedia.org