
Baheula ditatar pasundan leuwih merenahnamah di daerah kabupaten
majalengka, kungsi aya sababaraha karajaan leutik, nya di antarana nu
katelah karajaan Sindang Kasih, nu di pingpin ku salah saurang ratu nu
kakoncara arif turta bijaksana, para ratu mikayungyun para menak mika
serab, kolot ngasor budak era, dipikadeudeuh ku deungeun-deungeun, nya
nu jadi papayung eta karajaan nu katelah Ratu Ayu Nyi Rambut Kasih,
atawa aya oge nu nyebat Nyi Ambet Kasih.
Ceunah ceuk jalur carita Anjeuna salah sahiji ratu nu kawilang geulis
kawanti-wanti, endahna kabina-bina, geulis lain pupulasan istuning
geulis bawa ngajadi, jangkung leutik camparenik, ceuk paribasna mun di
teuteup ti hareup sieup, mun di tingal titukang lenjang, geulis teu aya
babandingan kulit koneng umyang, mulusna lir bulan opat welas teu
katutup ku awan istuning matak reseup nu neuteup. kaluhungan budi
paranginamah geus pasti da anjeuna teu weleh marahmay kasasaha oge.
Kaistimewaan liana nyaeta anjeuna ngagaduhan rambut nu kacida panjangna,
eta rambutna ngalangkungan panjangna ti wanoja-wanoja nu ngagaduhan
rambut panjang, saking ku panjang-panjangna eta rambut mun anjeuna bade
sidengdang atawa moyan merlukeun sababaraha gantar kanggo moyan keun eta
rambut, nya kulantaran ngagaduhan rambut nu panjang sarta endah pisan
nya sok di sebat Nyi Rambut Kasih.
Salaku papayung nagara anjeuna pada mika serab sarta dipicinta ku
sakumna hamba rahayat di eta nagarana, ku lantaran anjeuna molah nagara
arif tur bijaksana, Karajaanna anjeuna kaceuluk ka awun-awun, kakoncara
kajanatria, karajaan nu subur makmur, gemah ripah loh jinawi, sepiing
pamrih rame-ing gawe, sepi paling towong rampog. ceuk paribasana.
Rahayat nu di polah ku anjeuna aya dina katemtreman, kahirupan
rahayatna, bener-bener silih asah, silih asih jeung silih asuh, rempug
jukung sauyunan, pikeun pangwangunan, kulantaran kitu nya nagara anjeuna
mangsa harita, ku nagara lianna di sebat "Sugih Mukti" Nu Artina Nagara
beurat beunghar. Kahirupan Rahayat di nagara Sindang Kasih kalolobaanna
tina tani jeung palawija, sedengkeun keur kaperluan sandangnamah sok
ninun kapas nu loba di pelak di pakarangan imahna sewang-sewangan atawa
kebonna.
Disisi basisir lamping, nu subur, maranehna oge marelakan tangkal tiwu
pikeun pigulaeun, mun di leuweung-leuweung atawa kebon-kebon, ku anjuran
Sri Ratu Rambut Kasih di khususkeun melak Tangkal "Maja".
Tangkal Maja ieu tangkalna lalempeng jeung deui jararangkung, daunna
lalaeutik rasana pait, tapi khasiatna mujarab pikeun ubar panyakit.
buahna loba bentukna kawas buah kawista, cangkana emoy, mun geus asak
rasa buahna hampir sarua jeung boled nu di seupan atawa di bubuy.
Sok sanajan kitu geus pasti anjeun Sang ratu teu molah nagara
sosoranganan. anjeuna di bantu ku tilu patih nu kawilang satia, nyaeta :
Ki Patih Gedeng Kulur, Ki Patih Gedeng Cigombang, sarta Ki patih Gedeng
Mardapa. Tilu patih ieu mangrupakeun pangawal satia dina sajeroning
ngagerakeun roda pamarentahanna sapopoe, Khusuna di widang miara
kaamanan sarta katemtreman sakumna rahayat nagara.
Dina hiji poe saperti ilaharna, katilu patih eta mandep ka sang ratu,
pikeun ngalaporkeun hasil gawena sewang-sewangan, sakaligus ngantos
titah ratu salajengna, kumaha paman.
Aya kabar penting perlu di pika nyahokeun ku kuring dina danget ayena?
Tumaros Ratu Ayu Rmabut Kasih arta pertela sarta wibawa. "Ampun gusti
ratu, ku ayenamah aya dina ginajar kawilujengan" walerna Ki Gedeng
Cigombang bari cedok Nyembah.
Maksudna paman?†Nya maksudna kaayaan nagara teu kakirangan naon-naon,
Patih Cigobang ngajelaskeun deui satarabasna kaayaan di nagara sarta
rahayatna, Nya syukur ari kitumah, terus kumaha ti paman-paman nu
sejena? Tanya Sri Ratu,
Sembah sungkem Sri Ratu" Ki Gedeng Kulur Cumarita,†tina panalungtikan
kasababarahan daerah, simkuring mendadakan hiji kajadian nu kacida
pentingna. Sakuman rahayatmah aya dina kaayaan nu bihara-bihari , tapi
aya di hiji padepokan wetan neun aya hiji sawah nu kaserang hama beurit"
"Naon Beurit?"eta laporan kacida pentingna, paman,"selang Sri ratu bari
daria temen. O'Enya' punten Sri ratu" susul Ki patih Gedeng Kulur mangun
humar hemir." Tapi simkuring atos marentahkeun Pak Kliwon pikeun
nanggulangi poe ayena pisan.
Leres Pisan ari kitumah' Paman Patih.Urang emang teu bisa cicing kitu
wae naon wae hamana nu rek ngaganggu kana pepelakan rahayat urang. Nu
paling utamanamah pare, Kusabab mun pepelakan beak ku hama maranehna
bakal ngarandapan kalaparan, mun maranehna geus kalaparan, tangtu saisi
nagara pasti kana paburantak, urang kudu bener-bener pikeun ngahidar
tina kaayaan sarupa kitu, Ucapna tegas.
Leres pisan sandika ratu" kulantaran kalolobaana rahayat urang hasilna
tina pepelakan, jadi aranjeuna teh mangrupakeun, Soko tina Guru
perekonomian di nagara urang, lamun sokona kuat, tangtu kaayaan nagara
ge bakal repeh rapih, beh dituna subur makmur, tapi sabalikna mun sokona
lemah, tangtuna oge bakal kacau, atawa hancur lebur kari tulis, iyeumah
pangemutan simkuring jalmi teu aya kanyaho...," Ceuk Patih Gedeng
Mardapa" Nyi Rambut Kasih ukur ngageulenyu imut, (Mesem)
"Leres pisan paman, nya kulantaran ayena giliran paman patih Gedeng
Mardapa ku anjeun, sok boh bilih aya nu bade di laporkeun" saur Sri
Ratu.
Ki gedeng Mardapa nu tadi teu di titah geus nyeleungkeung ari ayena di
titah malahan humar hemir kapiasem, Eu...., Eh...Oh...Aduh kumahanya,
Ampun Sri Ratu Simkuring mah teu gaduh Beurit...eh...punten.simkuring
mah ngan ngantos panitah Sri ratu saterasna, Ki Patih Gedeng Cigobang
sareng Ki patih Gedeng Kulur, silih siku, bari teu kuat nahan
pikaseurieun, ningali tingkah pola baturna.
Dasar Bodor Manehmah....ngaco wae akh..bari ngawarewos Ki patih Gedeng Kulur.." Heeh... Nganguk Ki patih Cigobang.
Nyi Rambut Kasih nyalira ngan ukur mesem imut ngageluyu ningalikeun
tingkah polah bawahana. Nya ari kitu mah," Sri ratu sasauran' ti danget
ayena paman ku kaula rek di bere pacen sewang-sewangan sakumaha biasana
tur ilaharna mancen tugas tapi kade sing iyatna tong cileureun, sing
caringcing pageuh kancing sing sariket pageuh iket, bisi aya nu teu
disangka-sangka. kudu waspada.
"Muhun Kaulanun gusti, parentah ti Sri ratu kantos bade di laksanakeun
nu salers-leresna, nya atuh nuhunkeun widi mangga abdi tiluan bade
ngalaksanakeun sakumaha tugas ti Sri ratu, Sembah Tilu Patih Karajaan
Sindang Kasih, ninggalkeun karaton'Seja ngalaksanakeun tugas
sewang-sewangan" Tilu patih nu satia lumampah katempat tugasna
sewang-sewangan.
Sarangenge geus meletek pabelah wetan tanda-tanda kahirupan nu bakal
lumangsung nyaksian hade jeung gorengna mahluk nu kumalendang di alam
marcapada ieu, panonpoe nu endah sarta sawara manuk-manuk nu recet
unclak-anclok tina dahan kadahan, lir ibarat nu ngabageakeun datangna
mangsa beurang, nu ngaganti jemplingna mangsa peuting. Hayu urang
tinggalkeun heula karajaan Sindang Kasih Nu kacida aman sarta kerta
raharja nu di pimpin ku Sri Ratu Nyi Rambut Kasih, urang teundeun di
haleungleum sieum, urang tunda di hanjuang, paranti nyokot, ninggalkeun
mangsa datang urang sampeur deui.
Sakedap urang ningali ka kasultanan cirebon, nu mangsa baheula ka asup
Karajaan tohaga, sarta Gede nu aya di tataran pulau jawa. Mangsa harita
nu ngemban tugas salaku papayung atawa sultanna nyaeta salah saurang
guru Agama Islam, nu kadieunamah kasohor salaku salah sahiji di antara
Wali Sanga (Sembilan Wali). Namina Raden Fatahillah, nu ayena sok di
sarebat Syekh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati.
Dina Hiji mangsa, di tataran kasultanan Cirebon katerap hiji panyakit nu
kawilang ngabahayakeunana, panyakitna panas tiris timbul tina wabah
malaria (Reungit). Mangsa harita tataran cirebon, cuacana panas
nakeranan, masih cukul pasir, rea rawa-rawa, rawa eta di kulantaran
ngarembes cai laut atawa cai hujan, cai nu nyumplang tur jadi cileuncang
nu ngajadikeun tempat eta jadi becek sarta kotor, ngajadikeun loba
reungit malaria, nu antukna panyakit eta nyebar ka manusa-manusa nu aya
di tataran eta. Cirebon teu pati geger atawa ngamarudahkeun nu lian, ku
sabab Jumlah nu beunang ku panyakit eta masih beunang kaitung ku ramo,
Lila beuki lila jumlah nu ngarandapan wabah malaria beuki loba, antukna,
tina poe ka poe aya wae nu tilar dunya, dimana-mana kaadenge nu ting
jareurit geus puguh ari nungaradap ka nyeurinah di tambah deui ku
nungguanana, ngingsak ningali kulawargana nu keur sakarat rek
ngantunkeun dunya.
Bingung teu mangih tungtung, susah teu manggih hinggana kanggo Sultan
Syarif Hadayatullah dina sejeroning nyanghareupan kana iyeu kajadian nu
tumiba kanagarana sarta rahayatna, mingkeun poe-mingkeun loba nu
kaserang wabah eta panyakit, ti cara usaha ku jampe pamake, dadaunan nu
ngadung obat, Nepi kana hiji poe sultan ngerahkan sakumna bawahan sarta
rahayat pikeun ngayakeun gerak sehat.
Urang teu cukup ngubaran wabah panyakit atawa jampe-jampe, tapi teu di
barengan usaha, Nah' Ayeuna urang kudu ngancurkeun panyakit nu ayena
keur sumarambah jeung deui lain panyakit ieu wae tapi kabeh panyakit ku
urang kudu di singlar, mun ceuk kaUla mah" datangna panyakit nyaeta ti
diri urang keneh, nu lalai tina kawajiban,miara kebersihan, sarta
kasehatan, Padahal Kebersihan teh sabagian tina iman," sasauranan dina
hiji wejangan.
Salila ieu urang ngan ukur mentingkeun eusi beuteung, sedengkeun miara
kebersihan sarta kesehatan dina lingkungan urang teu di palire di api
lainkeun, Ieu dosa urang, dosa nu katingalna leutik, tapi bahayana gede
keur urang, "Leres pisan kanjeng sultan. abdi-abdi sadaya sadar ayenamah
kana peuntingna kabersihan" Jawab hamba rahayatna..
Nya kulantaran ayena urang sadar yu..!!! urang tobat sarta tawakal Ka
Pangeran Nu Murbeng ALam, Di barengan ku isthiar ngabersihan lingkungan
urang, moga-moga Anjeuna kersa masihan kasalametan sarta kasehatan ka
urang sakumna... Amin...!"
Kusabab geus sadar sarta bener-bener tobat rahayat rempug jukung
sauyunan geusan ngalakukeun kagitan beberesih,runtah dadaunan sarta
rawa-rawa di garingkeun, nepi ka bolenang lesnang ceuk paribasana.
Lingkungan geus bersih, jukut, sampah, jeung liana sakira matak
ngtoronan di beakeun kabeh,tapi anehna panyakit tetep ngagalaksak ka
rahayat, sok sanajan sarangna geus atawa bibitna geus ancur, tapi wabah
tetep nyebar diantara rahayat.
Ayena teu aya jalan deui salain ngubaran babarengan, Di emutan Syekh
Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati dina hiji peuting, mikiran
rahayatna nu tunggara ngarandapan panyakit nu beuki dieu beuki rongkah.
Nya dina hiji peuting Sunan Gunung Jati ngalakukeun "munajat" kanu
kawasa Allah SWT. nuhunkeun pitunjuk pikuen nyanghareupan pakewu nu
sakieu rongkahna.
Kulantaran Sunan Gunung Jati saurang wali nu Agung teulila tiharita
ajeuna menang ilham, kanggo panyakit nu di randapan ku sakum rahayatna,
nya ubarna keudah ku buah Maja"nu aya di tataran Karajaan Sindang Kasih,
di belah kuloneun cirebon.
Saparantosna Anjeun kenging Ilham kanggo piubarreun, Kanjeng sultan
nitah pangawal pikeun ngangkir putra Pangeran Muhamad kanggo deudeuheus
ka anjeunna. Mangga,! Kanjeng" Di estokeun pisan danget ayena simkuring
angkat pikeun ngalksanakeun tugas nu di pasihkeun ka simkuring" Kata Ki
Hadam, Bari ngolong ti payunen Kanjeng Sultan seja nyumponan tiah
kanjeng pikeun ngangkir pangeran Muhamad.
Teu lami' tiharita Ki Hadam tos aya di payuneun kanjeng Sultan deui Bari
di sarengan Ku Pangeran Muhamad" Singketma ieu carita Sunang Gunung
Jati miwarang putran pikeun ngadokapan ka karajaan Sindang kasih pikeun
milangsaraya ka papayung eta nagri nu katelah Nyimas Ambet Kasih.
Yu urang balik deui ka ieu carita ngeunaan karajaan Sindang kasih, nu ka
telah nagri sok sanajan karajaan berat beunghar, teu kurang sandang
sarta pangan, Ratu Ayu Nyi Ranbut Kasih katingalna mingkin giat dina
molah nagri, seba raga ka nagara, pikeun kamakmuran jeung kasajahtraan
rahayatna. Dina mangsa harita rahayat di karajaan Sindang Kasih, teu
nepi kakurangan komo belah dituna nepi ka paeh kulantaran teu manggih
dahar.
Tapi geus jadi titis tulis ti ajali, ngeunaan urang nu kumelendang di
alam marcapada, ngan sifat saliwatan, Aya beurang aya peuting, susah
jeung senang, eta mangrupakeun hukuam alam nu moal bisa di robah ku
urang salaku mahklukna, Nya kajadian ieu oge tumiba ka Sri Ratu NYimas
Ambet Kasih.
Nalika keur Senang, Tentram, Kerta raharja Gemah ripah loh jeinawi,
mingpin nagri ngolah nagara. dina hiji peuting anjeuna ngimpen. Dina
Impenanna Anjeuna sapertos Ningali 2 Panonpoe Lungsur ti langit Nyaketan
Karaton Karajaan Sindang Kasih. Lungsur ti belah wetan, Tapi anehna sok
sanajan 2 panonpoe teu ngarasakeun panasna, nu katingalna ngan endahna
sareng bentukna. Kulantaran katarik ku endahna, nya timbul dina
keretegna pikeun menangkeun salah sahiji ti 2 panonpoe eta, ngan teu
beunang, kulantaran kesal teu beunang-beunang antukna di ancurkeun eta
panonpoe, tingburasat silalatu mancawura kamana-mana, kakaraton
kabeuleum rata kabeh jeung pangeusina, tapi untung aya salah sahiji imah
nu teu kabawa kabeuleum, Anjeun lugay tina kulemna nalika rek lumapat
nyalametkeun diri.
Beu...meni ajaib jeung rongkah eta ngimpen teh..Gerendengna Nyimas Ambet
Kasih, nalika Anjeuna tos lugay tina kulemna, kahariwang, kasieun,
antukna sumarambah kana bayah, Anjeuna, sok sieun impenan eta
mangrupakeun firasat atawa mangrupakeun kila-kila. " Ahh..mudah-mudahan
we impenan bieu ngansakadar kembangsare".
Asalnamah Anjeuna Teu pati mirosea kana eta Impenan, tapi keukeuh teu
bisa pohokeun, mingikin di pohokeun mingkin Inget, Nya eta Impenan teh
Jadi kabayang wae, kusabab kitu jadi ngarasa pansaran turta hariwang"
boa-boa memang bener eta Impenan teh mangrupakeun firasat' ngagerendang
dina sajeroning hate.
Mungguhing kersaning gusti, pangeran gamapangen pisan pikeun mulak-malik
ieu kahirupan di alam marcapa, tina sangsara jadi ngeunah, kitu deui
sabalikna, nya kaayan eta oge dirandapan ku karajaan Sindang Kasih. Nu
asal muasal dongkapna Raden Muhamad sareng garwana Siti Armilah Ka
Karajaan Sindang Kasih, kulantara ngabahu denda panitah ramana nu
miwarang milangsaraya ka karajaan Sindang Kasih, ngeunaan mundut buah
maja nu aya di Karajaan Sindang Kasih pikeun ubar panyakit nu tumiba ka
sakumna rahayat kasultanan cirebon.
Nyi Siti Armilah antukna netep di karajaan Sindang Kasih pikeun
nyebarkeun dugi ka ngantunkeun tilardunya makomna di sisi walungan
Citangkurak, nu mangsa jaga makomna bakal jadi wewengkon tempat papayung
nagri pamarentah daerah majalengka, ny dugi kaayena makomna Nyi Siti
Armilah di pengkeren kantor pamarentahan Majalengka.
Satosna di kantunkeun ku Nyi Ambet KAsih "Ngahiang" karajaan Sindang
KAsih seur nu ngajugjug ti kasultanan cirebon jeung mataram pikeun
nyebarkeun Agama Islam, nu ayena geus ganti ngaran jante Majalengka.
Carita "Ngahiangna" Nyi Ambet Kasih sumembar mangrupakeun carita rahayat
kanggo masyarakat Majalengka, sarta keur kasaktianna ngarupakeun
kapercayaan nu masih gede pangaruhna pikeun masyarakat majalengka
kulantaran sok loba ngawenehean keun mendakan teu apal timana datangna
ngawujud wanoja nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, kadang-kadang
aya oge nu nepi ka gelo, atawa geuring nu numutkeun kapercayaan di
ganggu ku rohna Nyi Ambet Kasih atawa sok disebat Nyi Rambut Kasih.
Wallohu,alam bisawab.
Di cutat ti sundamaya.org