
Tegesna kajadian gempuran teh 6 taun sabada SRI BADUGA MAHARAJA/Prabu
Siliwangi, PUPUS .Eta teh gempuran/serangan nu ka tilu kalina dina taun
eta.PAJAJARAN ngalaman kaancuran, sabab sajaba pasukan Islam Banten
dibantuan ku pasukan Demak jeung Cirebon, harita aya saurang urut
gegeden Pajajaran nu hianat, muka lawang gintung/pintu gerbang ti jero
(dua kali gempuran samemehna musuh teu bisa asup, sabab lawang gintung
teu bisa dibuka ti luar).
Raja jeung kulawarga katut wadyabala nu satia kapaksa nyingkah ngungsi
nyalametkeun diri,ngorolos ti Pakuan(Pusat Pamarentahan) sabab karaton
ludes diduruk musuh. Dina waktu ngungsi, disatengahing jalan rombongan
paburencay jadi opat kolompok:
- Kolompok Raja jeung pangiringna, nu mangrupa kolompok panglobana, nyungsi ka wewengkon TEGAL BULEUD (SUkabumi kidul ayeuna), tadina rek meuntas ka NUSALARANG (pulo nu ayeuna diaku ku Ustrali, jadi Chrismast Island).Hanjakal teu jadi sabab parahu jeung loba alat nu ruksak dibabuk ku badai laut kidul.Sakolompok di antarana ayan nu balik deui ka wewengkon urut karaton(Bogor sabudeureunana), aya nu ka wetan (hipotetif ngadegkeun karajaan leutik di Sancang-Garut), sawareh aya nu ka kulon(ujung kulon) jeung sabagian leutik aya nu milu ka Raja, terus Hyang (tapa nepi ka maot).
- Kolompok anu dipingpin ku 3 gegedug BAREUSAN PANGANGINAN (pasukan husus panjaga Pakuan/pengawal istana) nya eta ; DEMANG HAURTANGTU, PUUN BULUH PANUNJANG, JEUNG GURU ALAS LINTANG KENDESAN. Ahirna ngadegkeun kolompok masrakat nu disebut PANGER PANGANGINAN, sumebar di wewengkon Bogor kaler, pusatna di Kampung URUS desa KIARA PANDAK kacamatan CIGUDEG Kabupaten Bogor,di wewengkon kabupaten Lebak Beulah kidul jeung kidul-kulon, kiwari pusatna di kampong CITOREK kacamatan BAYAH, jeung di Sukabumi Kidul pusatna di kampong CIPTARASA kacamatan CISOLOK. Najan aya di tilu wilayah kabupaten nu beda, tapi sitem PATRONASE boga fungsi sabage TRIUMVIRAT (pamingpin kolegial/marentah bareng) nu teu bisa dipisahkeun, kadieunakeun maranehna nyebut masyarakatna KESATUAN BANTEN KIDUL.
- Kolompok nu dipingpin ku Prabu Anom/Yuwaraja/putra mahkota RAHYANG SANTANG ARIA CAKRABUANA (lain Kean Santang),nu ngungsi ka Beulah kulon, kiwari turunana (sacara hipotetif) jadi PUUN jeung masrakat TANGTU PARAHYANG nu pusatna di kampong CIBEO desa KANEKES kacamatan LEUWIDAMAR kabupaten LEBAK.
- Kolompok nu pangsaeutikna ngan 3-an, nya eta NYI PUTRI PURNAMASARI (Putri bungsu raja Pajajaran ti istri nu ka 7) jeung salakina RAHYANG KUMBANG BAGUS SETRA, diaping ku saurang Puragabaya (Kopasus), nu ngaran RAKEAN KALANG SUNDA. Di antara 4 kolompok tadi,kolompok ka 4 ieu nu jadi bibit-buit cikal-bakal ngadegna PALABUAN RATU.Kalawan figure sentralna PUTRI PURNAMASARI.
Dina perjalanan ngungsina, Putri Purnamasari dibeberik ku JAYA ANTEA,
urut Mantri Majeuti (Mensesneg) Pajajaran, nu harita geus asup Islam
kalawan gelar Syeh Al Kowana. Demi
Sababna, JAYA ANTEA bogoh ti baheula ka Purnamasari, tapi teu laksana
sabab kaburu dikawinkeun ka putra mahkota Pajajaran Girang
(Pulasari)-karajaan leutik bawahan Pajajaran, RAHYANG KUMBANG BAGUS
SETRA. Alesan ieu nu jadi sabab manehna hianat ka Pajajaran nepika
ditamping (dipecat) tina kalungguhan/jabatan jeung kawarganagaraan. Dina
mangsa dibuang, JAYA ANTEA ngahiji jeung batur-baturna para padagang ti
Timur tengah, tuluy asup Islam malah indit ka Tanah Arab ngamukim
salila 5 taun. Balik deui ka Nusantara, manehna langsung ngadeuheus ka
Sultan Banten, bari ngaku-ngaku Putra Mahota Pajajaran, syaga babakti
ngabdikeun diri demi siar Islam, Sulatan Banten percaya. Jaya Antea
dibere pancen beurat tapi suci, ngislamkeun Pajajaran. Tugas ieu dipake
kasempetan keur ngalaksanakeun niat jahatna ngarebut Putri
Purnamasari,nu teu bisa poho, teu nolih kana tugas suci nu jadi
pancenna. Manehna nu mukakeun Lawanggintung ti jero –da datang ka
Pajajaran teu dicuriga rahayat, jeung masih keneh diarajenan da disangka
rek babalik pikir, nepika kabeh pasukan Islam Banten,Cirebon,Demak,
gampang naker arasup ka Pakuan, bisa ngaduruk karaton nu lobana 5
bangunan baradag-.Harita Purnamasari keur kakandungan 5 bulan. Dina
tarung patutunggalan antara Jaya Antea jeung RAHYANG KUMBANG BAGUS
SETRA, RAHYANG nu perlaya,sabab kasaktian Jaya Antea memang pinunjul.
Ahirna tarung patutungalan jeung RAKEAN KALANG SUNDA, 7 poe 7 peuting
silihsered silihbanting kasaktenna estu saimbang, Nu galungan nepi kana
hiji pasir. Dina Pasir ieu Jaya Antea ngalaman naas, awakna dibalangkeun
ka laut, disanggap rancebna karangcuri jeung ombak nu ngagalura, nepika
perlaya. Eta pasir disebut Pasir JAYANTI, urut JAYA ANTEA ngemasi PATI,
kuloneun walungan KARANG PAMULANG.
Putri Purnamasari disalametkeun tuluy ku Rakean dibawa ka basisir kidul
disumputkeun di sisi walungan Cimandiri. Sanggeus dianggap aman, kakara
Rakean nyieun imah leutik keur Nyi Putri, di sisi Cinyusu (mata air) nu
kahilirna ngamalirkeun walungan nu ngamuara ka laut. Rakean ge
ngadegkeun imah pamujaan di handapeun rungkun haur nu katelah SUMUR HAUR
PAMUNJUNGAN. Cinyusu mangrupa kulah leutik handapeun iuh-iuh tangkal
dadap,walungan nu ngamalirna disebut walungan CIDADAP, imah nyi putri
jeung saung tempat Rakean disebut BABAKAN CIDADAP.
Nepi kana waktuna Putri Purnamasari ngalahirkeun, RAKEAN bingung, sabab
didinya taya saurang-urang acan AMBU BEURANG – paraji. Kapikir ku
Rakean kudu nepungan Putri Gandrung Arum, lanceuk Purnamasari, nu keur
tapa di LEBAK CAWENE, dibaturan ku 7 urang dayang. Rakean indit neangan
Putri Gandrung Arum, ari Nyi Putri Purnamasari dititipkeun ka 3 kokolot
nu milu caricing nyarieun imah di Babakan Cidadap, nya eta Ki SARAGOTA,
KI SANAYA, jeung KI GANDANA. Hanjakal Rakean sasab ti leuweung ka
leuweung, teu bisa manggihan putri Gandrung Arum. Teu bisa balik deui ka
Babakan Cidadap. Peutingna saditinggalkeunnana ku Rakean Kalang Sunda,
Putri Purnamasari ngimpi didatangan ku NINI PARAKATRIKA,nini-nini
geulis, ninina Rakean. Ceuk NINI PARAKTRIKA, Purnamasari bakal
ngalahirkeun isukan, orokna awewe kudu dingaranan NYAI PUTRI
MAYANGSAGARA PAMULANGAN.Bakal dibantuan ku 2 urang AMBU BEURANG nu
dikirim ku NINI PARAKTRIKA. Tong ngadadagoan RAKEAN KALANG SUNDA, Da Mo
balik deui ka dinya, cenah. Sagala nu diomongkeun ku NINI P
ARAKTRIKA kabeh jadi kanyataan, sabab keur putri Purnamasari mangrupa
wangsit. NGARAN PAMULANGAN, putrid MAYANGSAGARA boga pancen beurat, kudu
MULANGKEUN deui kajayaan PAJAJARAN, dina wangun nagri mandiri (beda
jeung Pajajaran bareto).
Beuki gede MAYANGSAGARA tumuwuh jadi putri geulis jeung pinter, kamajuan
Babakan Cidadap beuki rame, loba parahu=parhu Cina nu daratang ngadon
dagang di basisirna.Mimiti putrid Purnamasari dijenengkeun ku rahayat
Cidadap jadi PUUN-ketua kelompok masrakat,sabab geus bisa mawa kamajuan,
tina babakan leutik nepi ka jadi kampong gede malah jadi pusat
perdagangan,tur nyarahoeun yen inyana turunan raja Pajajaran, eta
sababna putri Purnamasari dijenengkeun jadi RATU, disebutna RATU PUUN
BABAKAN CIDADAP, NU FUNGSINA JADI Palabuan di Basisir kidul. Kulantaran
loba warga masrakat nu usul, jeung disatujuan ku 3 kokolotan. Ngaran
Palabuan diganti tina Babakan Cidadap, jadi PALABUAN NYAI RATU,pangna
kitu sabab warga Cidadap sadar yen nu mimiti BALABUH, dating terus
cicing, nya etaputri Purnamasari. Nu sejen mah naluturkeun.Wajar mun
ngaran Nyai Ratu dihormat diterapkeun dipake jadi ngaran Palabuan.
Salila pamarentahan NYAI RATU PUUN PURNAMASARI, kungsi 2 kali diserang
ku Bajo –Bajaklaut- ti Nusabarung- Jawa Timur. Tapi ku wawanen,
kasantikaan-elmu olah kanuragan,jeung gawe bareng jeung padagang Cina,
taya saurang ge Bajo nu nyesa, beak kabeh diancurkeun.
Nepi kana mangsa kolot, Purnamasari ngecagkeun kalungguhan, eureun tina
kapamingpinan, kulantaran Mayangsagara can dewasa, pamarentahan
dipasrahkeun ke 3 kokolot nu sarua pada geus kolot, Ki SARAGOSA< KI
GANDANA,KI SANAYA. Nyi Putri PURNAMASARI pindah, ngisat diri bari tatapa
ka Babakan leutik di desa KIHARA PAPAK hiji pasir nu dihandapna aya
walungan CIBUHUNG ayeuna asup ka kacamatan , asup ka Desa CICAREUH
kacamatan WARUNGKIARA. Saditinggalkeunana ku NYAI RATU PUUN PURNAMASARI
Cidadap Palabuan Nyai Ratu, morosot ngalaman mundur teu rame kawas
tiheula. Ku hasil babadamian jeung tinimbangan 3 kokolot nu ngawasa
pamarentahan saheulaanan, Palabuan Cidadap dipindahkeun ka kalereun
walungan CIMANDIRI, nya eta palabuan ratu ayeuna. Sanggeus Putri
MAYANGSAGARA dianggap dewasa, pamarentahan dipasrahkeun ka manehna,
kalawan gelar NYAI RATU KIDUL (Nyai RORO KIDUL). Sedengkeun ngaran
CIDADAP PALABUAN NYAI RATU,sanggeus dipindahkeun,tur dipingpin ku NYAI
RATU KIDUL, diganti ngaranna jadi PALABUAN NYAI RATU, teu make CIDADAP.
Dina kapamingpinan NYAI RATU KIDUL MAYANGSAGARA nu kawin ka RAHYANG
BAGUS SANGGA LARAPAN, turunan bangsawan Pakuan Gunung Tambaga, kaayaan
Palabuan Nyai Ratu rame deui, loba deui kapal-kapal Cina jeung Siem nu
daratang balabuh, daragang. Wilayah Palabuan ge ngalegaan, ka kulonna
nepi ka Tanjung Panto di Muarabinuangeun, kabuapten Lebak ayeuna, ka
wetanna nepi ka Gebang KUNING wilayah kabupaten Garut ayeuna. Cenah ti
PALABUAN NYAI RATU bakal ngelebet deui panji-panji, bandera karajaan
PAJAJARAN nu warna HIDEUNG BODAS DISULAM KUJANG NGARENDENG JEUNG TANGKAL
PAKU JAJAR. Nu dikelebetkeun deui ku turunan NYAI RATU PURNAMASARI,
nnya eta NYAI RATU KIDUL MAYANGSAGARA. Malah PALABUAN NYAI RATU bakal
NYADEUG jadi dayeuh / kota, nu bakal jadi pusat pamarentahan PAKUAN
PAJAJARAN MANDIRI. Malah ngaranna bakal diganti, cenah jadi PALABUANRATU
PAKUAN PAJAJARAN MANDIRI ( teu make kecap NYAI)-duka teuing. Nu sidik
Pemda DT II Kab.Sukabumi taun 1998/1999 mindahkeun ibukota Kabupaten
Sukabumi ka Palabuanratu.Jeung ngaran nu sohor RATU KIDUL, taya lian
iwal ti PUTRI MAYANGSAGARA.
Catetan:
- Walungan Cidadap ayeuna geus teu aya,jadi darat, pernahna di tengah2 antara jambatan Bagbagan, di kaler jeung Jambatan Cinyosok di kidul.Cinyusuna/mata air, kira2 100 meter deukeut jambatan Cinyosok.
- Tina rentetan kajadian asal-usul Palabuan Ratu, aya sababaraha toponimi (ngaran asal-usul tempat,gunung,walungan jsb), Gunung Jayanti tina Jaya Antea, walungan Cidadap, sabab baheula di hulucaina aya tangkal dadap. Cimandiri, ikrar Putri Purnamasari nu haying mulangkeun kajayaan Pajajaran sacara mandiri.Nyamplung Dosol, tangkal nyamplung nu katembak pelor mariem Bajo, napel dina tangkalna, kawas bujal dosol. Babakan Lebu, urut kampong Cidadap nu diduruk Bajo, kari lebuna.Punclak kadongdong baheulana Punglak Kadongdong,Balerante, urut rante kapal Bajo. Karang Pamulang, baheula urut arwah Bagus Setra, nitah balik ka Rakean Kalang Sunda. Si Kontrol/Si Ronda. Lauk krepu sagede parahu,nepi ka taun 1960 masih keneh sok muncul, cenah arwah Jaya Antea jadi lauk raksasa.Wara Kalong/Muara Kalong,tempat ngalong,teu sare sapeupeuting, ngajaga kohkol ngabejaan mun Bajo daratang.Arca Sembah Jaya Tipati, cenah tarang Jaya Antea ambles kana bumi jadi arca.Curug Rabul,urut rabul mararunculna Bajo nu rek nyerang Cidadap.
Di cutat ti sundamaya.org