Kénging Andang S. Argayuda
Ti kajauhan mah gunung estu ku endah katingalna, tingrunggunukna
tatangkalan anu dibeulit ku areuy – areuyan mawa geueuman, angin anu
ngahiliwir tiis matak tingtrim kana ati sanubari, palataranana iuh
linduh matak betah.
Tapi saha nu nyangka yen di eta gunung ngagolak kawah chandra dimuka,
saha nu nyangka ditempat nu ayem tentrem ngagulidag seuneu naraka, buta
kalamangsa nyakakak bari nulak cangkeng ngeundeurkeun leuweung jero
gunung.Awakna ngaharelung jangkung hideung, huntuna ranggeteng sagede –
gede baliung, mata bolotot kawas buleudan keong, irung ngadungkuk sagede
terong.
Ieu meureun anu disebut jin Tomang teh, anu dipunjung dipuja ku jalma –
jalma doraka, jalma anu hayang beurat beunghar loba harta banda kujalan
anu sakedet netra, munjung menta tulung kanu ngageugeuh gunung, muntang
ngajukeun kahayang ka jin Tomang, teu ieuh boga kabeungbeurat ka sanak
kulawarga, kop anak, kop teh teuing indung bapa, asal diri buru – buru
pinanggih sugih, asal tujuan jadi jalma anu beurat beunghar bisa tereh
kajadian.
Deudeuh teuing jalma anu kasarung, hirup mangprung ngudag – ngudag
kalangkang nu ngajorelat di awang – awang, padahal dunya teh cenah mah
ukur kalangkang, butuh soteh ku kalangkang lamun urang keur aya di
tempat caang, engke mah dimana urang geus ngampih ka alam anu poek
mongkleng, sagala kalangkang bakal sirna tina paningal diri urang.
Tapi dasar jalma murugul, ari ngomong ngan wadul jeung rahul, hutang
wae di kaler di kidul matak lieur matak gundul, antukna hirup pinuh ku
kabingung nu teu pinanggih jeung tungtung, pareng panggih jeung jalma
gejul, ngajak lunta neangan dunya barana ku jalan munjung ka gunung.
Keur anteng nyawang sakuriling gunung, gibeg... alam ngadadak oyag asa
aya lini anu rongkah, terus aya anu ngahahah tarikna nanding guludug
tibeurang. Breh hareupeun aya anu ngajurungkunung ngaharelung jangkung
hideung, nulak cangkeng huntu ranggeteng huluna buleneng herang, biwir
beureum jebleh kawas anu nyeupah, terus tutunjuk bari nyarita anu sorana
matak soak.
“Hey manusa...., saha anjeun bet kumawani datang ka tempat kula, naon pamaksudan anjeun ?”
“Kula manusa biasa, tapi cenah bangsa jin mah weruh sadurung winarah, piraku teu apal ka kaula...”
“Anjeun manusa tukang uclak aclok ka ditu ka dieu lin ...?”
“Enya rumasa.., tapi kaula mah teu sumujud sumembah ka bangsa anjeun,
kaula mah sumujud sumembah iwal ti ka nu nyiptakeun bangsa kula jeung
bangsa anjeun, nyaeta Gusti Alloh Robbull Allamiin.”
Ngagerung tah raja jin teh dibere jawaban kitu mah, tapi terus nanya
deui biasa bari hohoak, ngan ayeuna mah teu mureleng kawas tadi eleh
pamor jigana mah.
“Naon pamaksudan anjeun... ?”
“Kula seja nyusul hiji wanoja parawan keneh anu majar dibawa ka dieu
dipake seba, eta dulur kula mun teu dileupaskeun berarti anjeun ngajak
perang jeung kula.”
“Saha ngarana...?”
“Teu kudu disebut ngarana da kula apal kana rupa nu jadi dulur...”
“Ke .. urang mana...?”
“Urang Tasik , indungna datang ka anjeun hayang beunghar, tapi teu
apaleun yen anakna rek dicokot dipake tumbal, ayeuna ceuk mata manusa
mah anakna gering payah, tapi kula apal eta wanoja dibawa kdieu...”
“Oh ... Nu eta meureun tah anu dina gotongan keneh, sok tempo atuh.”
Barang breh ditingali bener bae éta teh wanoja anu keur dipapay sabab di dituna mah manéhna teh gering geus teu eling – eling.
“Enya bener anu ieu, sok atuh pulangkeun deui ka tempat asalna.”
“Hey gulang – gulang , anteurkeun deui ieu awewe ka tempat asalna, ayeuna pisan.”
Katingali eta anu ngagotong budak awéwé teh balik deui ka kulonkeun, ka arah tempat asal muasalna eta wanoja.
“Hai manusa ..., pamenta ajeun geus ditedunan, tapi pamenta kaula peupeujeuh anjeun ulah pipilueun kana urusan kula...”
“Kula beda alam beda kahirupan jeung anjeun, kula teu boga hak pikeun
ngalarang anjeun, tapi ... mun aya jalma anu menta tulung akibat ulah
bangsa anjeun anu nyokot tumbal, kula bakal datang deui ka dieu...”
Ngagerung deui tah si raja jin teh dijawab kitu mah, tapi teu dipake
pikir isukan mah kumah behna, aya tugas deui mah pasti dijorag deui tah
raja jin teh. Geus beres tugas gejlig indit ninggalkeun karajaan jin anu
aya dipuncak gunung, teu pamit teu nyarita deui ngaleos bae bari mawa
hate anu bungangang asa meunang perang.
Poe isukna aya deui tamu, cenah urang Tasik kajurungan ku kulawarga
budak awewe tea, allhamdulillah tos damang deui ayeuna mah, ibuna
ngahaturkeun nuhun tapi teu acan tiasa nepangan ka dieu, masih
ginggiapeun cenah.
Keun bae da teu ieuh hayang dipulang jasa, nulungan jalma unu
katideresa estu ikhlas ridho lillahi taalla, hirup di lembur teu ieu
loba kahayang nu aneh – aneh, keur mah desa Patakaharja mah kawas anu
dipiceun ku pamarentah. Di tengah jalan batu tingguruntul, logak lalegok
matak tigurawil. (Patakaharja, Rancah, Ciamis,,,,,,,,,,,,,,,
dicutat ti http://mangle-online.com