Baheula
mah Sumedang teh katelahna nagara Sumedang Larang, anu jadi poko
ngadegna nagara Sumedang Larang teh nyatana Prabu Resi Cakrabuana atawa
nu katelah Prabu Tajimalela anu jeneng raja di taun 950-an (abad ka 10
).
Nu
munggaran ngadeg katelahna nagara Tembong Agung anu puseur dayeuhna di
Leuwihideung pernahna di Kac Darmaraja. Numutkeun Layang Darmaraja Prabu
Tajimalela teh kagungan putra tilu nu kahiji katelahna Prabu Lembu
Agung nu kadua Prabu Gajah Agung nu katilu Sunan Geusan Ulun. Harita
jaman karajaan mah anu jadi raja teh turun tumurun ka anak incu, ujaring
carita harita ge Prabu Tajimalela nimbalan ka putrana anu dua Prabu
Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung supaya daek jadi raja.
Ngan
orokaya harita mah estuning paembung-embung ngarajaan teh ceuk adina
raka wae ceuk lanceukna rai wae. Teu kawas jaman kiwari jadi pamingpin
teh pahayang-hayang, sagala tunggul dirarung catang dirumpak antukna
nepi ka bebeakan samalah kacaritakeun loba nu stres da beak modal gede,
jeneng jadi pamingpin henteu.
Jaman
harita mah Prabu Tajimalela nimbalan ka putrana teh estuning marugen
jadi pamingpin boga pamikiran sieun teu bisa mingpin rahayat jigana,
nepikeun ka pahiri-hiri alias pada embung jadi raja.
Antukna
Prabu Tajimalela mawa kadua putrana ka Gunung Nurmala anu ayeuna
katelah Gunung Sangkanjaya, di tempat eta Prabu Tajimalela Prabu Lembu
Agung jeung Prabu Gajah Agung sina narungguan duwegan kalayan disimpenan
pedang maksudna sina pakuat-kuat nahan hanaang.
Prabu
Gajah Agung sabot Prabu Lembu Agung ka cai murak eta duwegan ku pedang
tea teu kuat ku hanaang, caina diregot. Ku eta ujian Prabu Tajimalela
nimbalan sangkan nu teu kuat ku gogoda sangkan jadi raja daek teu daek
wayahna Prabu Gajah Agung jadi ratu Lembu Agung jadi resina. Prabu Lembu
Agung tetep tumetep di Leuwihideung Darmaraja anjeunna sasauran sakadar
ngarajaan wae tumut ka pidawuh rama.
Nu
mantak aya cacandran anu unggelna “ DARMARAJA DARMA NGARAJAAN ,
KADIPATEN KAPAPATENAN, INDRAMAYU KALALAYUAN “. Mimitina mah nu
dijenengkeun jadi raja teh Prabu Lembu Agung nu sok disebut oge Prabu
Lembu Peteng Aji tapi anjeunna teu kersaeun jadi ratu antukna
diserenkeun ka Prabu Gajah Agung ari Prabu Lembu Agung jadi Resi. Prabu
Lembu Agung ngagelarkeun rundayan di Darmaraja sedengkeun Prabu Gajah
Agung ngadegkeun nagara di Ciguling lokasina di wilayah Kac Sumedang
Selatan kiwari. Sedengkeun Sunan Geusan Ulun ngagelarkeun rundayanana di
daerah Limbangan, Karawang jeung Brebes. Nu ngandeg nagara Sumedang
Larang teh nyatana Prabu Gajah Agung anu sok disebut-sebut oge Prabu
Pagulingan tea. Prabu Gajah Agung kakoncara ngagaduhan keris anu gagang
jeung sarangkana tina emas nu katelah Ki Dukun, malah nepi ka kiwari ge
kerisna aya keneh di Musieum Prabu Geusan Ulun Sumedang. Kuayana
titinggal mangrupakeun keris hiji bukti yen Sumedang baheulana jaman
nagara Sumedang Larang sugih ku pangarti beunghar ku pangabisa nepi ka
gagang keris wae ku emas ngandung harti bener-bener Sumedang teh ti
baheula ngabogaan ajen sajarah nu teu eleh ku daerah sejenna. Mana payus
pisan Sumedang dicanangkeun ku Bupati Sumedang 26 April dijadikeun
Puseur Budaya Pasundan. Bukti-bukti sajarah Sumedang sagala nyampak di
Musieum Prabu Geusan Ulun ti mimiti keris, tumbak jeung alat-alat perang
ngabela karajaan jaman baheula.
Ku
ayana bukti-bukti sajarah mangrupa pakakas jaman baheula gampang
maluruhna yen Sumedang Larang dina abad ka 10 nagara nu kakoncara
kamana-mana. Prabu Lembu Agung dimakamkeun di Leuwihideung Darmaraja
sedengkeun Prabu Gajah Agung makamna di Cicanting masih Kac Darmaraja.
Ku ayana tapak lacak nagara Sumedang Larang rek dikeueum ku bendungan
Jatigede makam Prabu Lembu Agung bakal dipindahkeun ka Gunung Lingga
nurutkeun informasi mah kaasup situs-situs anu sejenna. Mun geus jadi
cai ngemplang di bendungan Jatigede nu kabayang tapak lacak nagara
Sumedang Larang bakal aya di jero sagara Jatigede. Sedengkeun situs
makam Prabu Gajah Agung mah moal kakeueum ku cai sabab ayana di luhur
ti daerah genangan teh aya kana dua kilometerna. sabagian dicutat tina buku sajarah Sumedang.
Dicutat ti...... http://niniemeh.blogspot.com