Di cutat ti....binadakwah
DINA basa Sunda aya papagah anu unggelna “Ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara. Munjung mah kudu ka indung muja mah kudu ka bapa”.
Éta papagah téh biasana diucapkeun ku hiji nini atawa ku hiji aki ka
incuna. Lain ku kolot ka anakna. Da mémang kitu étikana. Lamun hiji nini
atawa hiji aki boga incu geus gedé hég rada carékeun, biasana si nini
atawa si aki sok papagah anu kawas kitu. Munjung téh asalna tina kecap
punjung. Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda Lembaga Basa jeung Sastra Sunda
hartina “muja lantaran hayang beunghar jeung sajabana ku jalan kotor”. Ari munjungan nyaéta sasalaman kalawan hormat ka kolot atawa ka saluhureun (404, 1-11).
Numutkeun Kamus Basa Sunda
R.A.Danadibrata pedalan Kiblat Utama, punjung téh hartina aya dua. Nu
kahiji hartina tuturus (tina basa Malayu), ari anu kadua hartina
ngadatangan saluhureun anu dianggap loba karamatna atawa berekahna.
Munjung hartina ngadatangan anu rék dipunjung, saperti munjung ka para
sepuh, ka Gunung Jati di Cirebon. Munjungan hartina sasalaman bari
nyanggakeun salam pangbaktos. Dipunjung-punjung hartina dipuja-puja.
Pupunjung hartina pupuja. Pamunjungan hartina tempat munjung ti mana
mendi (550, 1-1). Ari panjang-punjung hartina panjang umur jeung mindeng
munjung ka sepuh (497, 1-5). Kitu saur R.A.Danadibrata dina kamusna.
Di urang geus ilahar, lamun aya jalma
beunghar ngadadak (sok aya anu su’udzon) pajahkeun téh hasil munjung,
saperti anu disebutkeun ku Kamus Umum Basa Sunda LBSS. “Meureun wé da si Éta mah munjung ka Cirebon”.
Cék sakaol mah anu sok diparunjungna téh nyaéta sabangsaning sétan
moyét, sétan oray, sétan bagong jeung sabangsaning sétan-sétan lianna.
Mohammad Ambri sastrawan taun tilupuluhan nyerat hiji buku anu judulna
Munjung anu ku Ayip Rosidi di-Indonésia-keun jadi Memuja Siluman. Ari
eusi éta buku taya lian nyaritakeun perkara-perkara jeung jalma-jalma
anu marunjung alias muhit ka sétan téa, kayaning ngipri, nyupang,
nyegik, ngopét jeung sajabana. …… (ki Udin)