KEUR anteng nyabutan bulu irung, torojol Si Masri bari nyarita
hariweusweus. “Gancangan, poé dolar, euy!” Kuring neuteup Si Masri,
beungeutna katara caharaan. “Tah, ténjo beubeungangan déwék!” Si Masri
ngodok sakuna nu metet, eusina kabéh dikaluarkeun. Lain waé duit
kencring, rébuan ogé loba. Kuring cengkat. “Bener éta téh, euy?” “Na
ilaing teu percaya ka déwék, sakitu beubeunangan geus ditémbongkeun
téh!” “Anéh nya euy, pan ayeuna téh Kemis?” cék kuring. “Enya, pan
beureum.” “Oh, heueuh!” Kuring sarangah-séréngéh. Dunya asa caang deui,
rénghap gé asa logor deui. Mun enya kitu tada teuing bagjana.
Geus
saminggu ieu usaha téh tiis jeung tiis wé. Malahan dua poé katukang mah
sajaba ti teu beubeunangan téh, pareng di sué deuih, kasérémpét angkot.
Awak ngajongkéng tuluy nambru dina got. Suku tepi ka baréd, puguh deui
awak mah karasa remuk. Jajauheun ka méré duit keur uubar, supir téh
kalah ka nyarékan laklak-dasar. Atuh minggu ieu mah jajahuheun ka bisa
setor ka pamajikan, dalah keur dahar sorangan gé ampir-ampiran. Dahar nu
biasana sapoé dua kali téh ayeuna kudu dikurangan deui, jadi sakali.
Jatah udud gé kapaksa kudu dikurud, kadang-kadang kudu ngoloan ka Mang
Kodir, tukang béca. Kari-kari ayeuna meunang béja ti Si Masri yén poé
ieu poé dolar. Poé dolar téh istilah tukang jajaluk nu tempat operasina
di parapatan kana poé nu ramé. Di parapatan téh aya poé ramé jeung poé
tiiseun. Poé ramé biasana mah poé Juma’ah, meureun loba jalma nu inget
yén Juma’ah téh poé nu panghadéna. Saptu gé rada leuheung, meureun jalma
keur rada barungaheun pédah gawé ngan satengah poé, bari isukna peré.
Atawa bisa jadi Saptu mah jalma téh palalesir ka luar kota, di jalan
kudu sodakoh heula ambéh salamet tepi ka tujuan. Poé Minggu jalan simpé,
beubeunangan gé tara bisa diandelkeun. Ngan sakapeung mah sok aya
sénggolan. Sénggolan téh pangasih ti darmawan nu kawilang gedé, biasana
ti sapuluh rébu ka luhur, disebutna duit galabag.. Nu rajeun méré duit
galabag téh urang pasisian nu keur pelesir ka kota. Reup Bray, Koneng
deui Koneng deui Ari ti poé Senén tepi ka Kemis mah tong diakukeun wé.
Beuteung gé kapaksa kudu ngilu nyenén-Kemis. Saban nu jajaluk geus pada
nyaho kana éta jadwal. Tukang jajaluk nu geus profésional mah geus bisa
ngimpleng naha poé ieu bakal beubeunangan atawa moal. Di parapatan aya
hiji kabiasaan nu sok dipaké patokan, lamun tepi ka tabuh 09.00 can
meunang duit, tong miharep poé éta bakal beubeunangan gedé. Tapi mun
tepi ka jam 09.00, na pésak geus leuwih ti sabungkuseun nasi rames,
alamat poé hadé. Cenah éta unggal poé di parapatan tara suwung ku nu
jajaluk, nya ku sabab taya deui cabak, sepi-sepi gé dikeureuyeuh.
“Kumpulkeun nu séjén, euy!” kuring maréntah Si Masri. “Aya naon kitu,
Him?” walon Si Masri bari semu nu héran. “Meugeus tong tatanya, sok
kumpulkeun heula, ké dibéjaan!” Jung Si Masri nangtung, kituna téh bari
ngarérét ka kuring, léos muru parapatan. Ti kajauhan katénjo Si Masri
maréntahkeun wadia balad muru base camp. “Aya naon ieu, téh?
Keur ramé yeuh, lebar ditinggalkeun mah,” Si Oon pangheulana nyarita.
Sakuna témbong metet. Teu lila jol opatan deui, nu duaan mah awéwé.
“Kieu euy, meungpeung keur poé dolar, kumaha mun urang ngatur stratégi…”
“Stratégi kumaha ari ilaing, Him?” Si Masri motong caritaan kuring.
“Heueuh, silaing mah aya-aya waé, Him. Burukeun euy lebar keur hadé!” Si
Bana mairan. “Nu matak déngékeun heula, montong waka motong caritaan
déwék! Keun eureun sakeudeung mah da moal matak sangsara.” Nu ngariung
saregep ngadéngékeun kuring. “Ngarah kabéh kabagéan gedé, kumaha mun
babagi waktu. Saurang sajam séwang, tong abring-abringan bisi nu
ngaliwat geuleuheun. Ku cara kitu kabéh kabagéan jatah waktu nu adil.
Sual beubeunangan mah urang kumaha milik wé, nu penting saurang sajam.
Kumaha ceuk ilaing?” Nu ngariung tingrarérét. “Kumaha ceuk ilaing, On?”
Si Masri kalah nanya ka Si Oon. “Alus lah, ngarah teu capé teuing. Ku
cara kitu kuring loba waktu jang héés.” “Nu séjén, panuju teu kana
pamanggih déwék?” “Enya, atuh hadé mending kitu wé,” ceuk nu ngariung.
“Tapi kumaha ngatur saha nu ti heula jeung saha nu pandeuri?” “Dikocok
wé.” “Enya, panuju. Ilaing lain boga pulpén On,” cék Si Masri.
“Keretasna mah tah ku urut bungkus rokok.” Teu lila, gutrut-gutrut Si
Masri nulis genep ngaran dina keretas sagaledé kartu gapléh, tuluy
digulung-gulung. “Asa keur arisan nya, euy?” ceuk Si Masri. “Cing haling
ku déwék ngocokna mah, pan déwék nu boga idéna gé!” ceuk kuring. “Kop
tah, tapi montong licik!” “Na ilaing téh mani cangcaya ka déwék?” Genep
lintingan keretas téh diasupkeun kana dudukuy, tuluy dikocok-kocok.
“Tandéan euy, saha tah nu kahiji?” Si Oon nandéan gulungan keretas
kahiji, tuluy dibuka semu dipirit. “Déwék pisan,” pokna bari teu nolih
deui ka nu lian, jung wé nangtung. Satuluyna nu kaluar téh ngaran Bi
Amih, Jarot, Bana, Néndah, jeung kuring. “Bedul téh, pangpandeurina,
euy! Goréng milik aing mah,” ceuk kuring bari kukulutus. Nu séjén
tingcalakatak. Tapi teu bisa majar kumaha, da éta nu geus jadi
kasapukan. Jadi mun kitu kuring kudu ngadagoan lima jam pikeun bisa
meunang duit téh. Mangkaning beuteung geus kudu dieusian deui. Alah
cilaka! Sajam ti harita Si Oon ngurumuy, diganti ku Bi Amih. Paroman Si
Oon katara béar marahmay, cicirén beubeunangana mucekil. Enya wé
sugih, malah aya duit galabag sagala rupa. Kuring bungangang, enya gé
can kabagéan jadwal. Ceuk kuring gé, mun tepi ka jam 9.00 beubeunangan
leuwih ti sabungkuseun nasi rame, tepi ka soré tara misleuk. Sajam ti
harita giliran Bi Omih diganti ku Si Masri. Bi Omih gé témbong marahmay.
Gék diuk, duit beubeunganana diawurkeun kana lahunanana, tuluy diitung.
Bi Omih témbong sura-seuri. Jam hiji, manjing giliran kuring, sip
kagenep. “Dienyakeun siah,” ceuk gerentes haté. “Mayor aing poé ieu mah.
Geus saminggu beuteung ukur dieusian sangu jeung bala-bala, paling
untung jeung angeun lodéh atawa kurupuk. Laksana sigana perbaikan gizi
téh. Mayor aing mah, pingping hayam tah. Irung gé kudu dipuput ku roko
ménak.” Jung nangtung, calana jeung baju dibebener, kop kana baju
rangkep. Beuteung geus karasa lapar. “Tenang da moal lila deui ge
dieusian dahareun nu raos.” Gura-giru muru parapatan, léngkah mani asa
hampang, panas poé gé teu karasa. Mun nu séjén meunang duit galabag,
lain aku-aku angga, kuring gé bakal meunang. Nyi Néndah mah tepi ka
meunang tilu lambar, can nu rébuan, geus teu kaitung duit kencring mah.
Leungeun katuhu ieu mani geus kekedutan. Reup Bray, Koneng deui Koneng
deui Mobil tingsarebrut sieun kapegat ku lampu beureum. Kuring ngabedega
gigireun tihang lampu setopan. Mangpirang-pirang lila ngajanteng, anéh,
mobil téh bet taya nu eureun. Tuluy kuring tanggah nénjo lampu, haté
asa ngaleketey, awak asa ngoléang. Lampu beureum nu diarep-arep teu jol
baé. Reup bray. Konéng deui, konéng deui.***