Carita bodor ; Sieun ucing
Takdir Illahi Ieu mah carita nu kajadianana mirip dina sinetron-sinetron
religius tapi mistik. Kacaritakeun dina hiji waktu aya bangsat nu
kawilang kahor pisan. Eta bangsat sok sagala papaok ditambah deui babari
tungal-teunggeul ka batur. “Pokona aing teu percaya ceuk dina
sinteron-sinetron! Maenya jelema paeh oge kudu hese!” si bangsat nantang
ke jelema-jelema nu ngingetan manehna yen eta kalakuan goreng teh kudu
dieureunan Bisi hese atawa keuna ku azab pas engke maotna. Dina hiji
waktu, eta bangsat teh maot. Maotna kebeneran pas manehna maling di hiji
imah. Cenah, keur manehna dina lalangit imah, eta kai lalangit geus
bobo. Atuh eta bangsat murag nepi ka maotna. Waktu manehna dikurebkeun,
aya kajadian aheng. Eta layon bangsat hese diasupkeun kana kuburna
kusabab leungeun nu katuhu ngacung wae. Kabeh upaya geus dilakukeun.
Tapi keukeuh eta leungeun katuhuna teh ngacung wae nepi kaluar tina
boeh. Kabeh nu ngurebkeun bingung, kumaha carana. Keur lieur-lieur kitu
teh, teu lila aya budak leutik datang. Eta budak terus nyampeurkeun
layon nu leungeun katuhuna ngacung, bari terus ngomong: “Cang kacang
panjang anu panjang ucing!” ceuk budak jiga nu ngajak ucing-ucingan ka
eta layon. Na atuh eta leungeun katuhu bangsat nu ngacung wae teh jug
buru-buru sidakep: sieun manehna ucing!